Rarakitan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi.[1] Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit).[1] Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas).[1] Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok.[1] Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang.[1] Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi.[1] Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.[1] Contohnya:

Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.

Jenis rarakitan dumasar eusi[édit | édit sumber]

Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta:[1]

  • Rarakitan silihasih
  • Rarakitan piwuruk jeung
  • Rarakitan sésébréd.

Rarakitan silihasih[édit | édit sumber]

Nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:[1]

Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

Rarakitan piwuruk[édit | édit sumber]

Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:[1]

Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

Rarakitan sésébréd[édit | édit sumber]

Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:[1]

Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

  1. Sisindiran
  2. Paparikan
  3. Wawangsalan

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Nulis.jpg


  1. a b c d e f g h i j k Tamsyah, Spk, Drs. Budi Rahayu (1997). Tata Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. p. 25.