Lompat ke isi

Carita Pantun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Pantun)

Carita pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Cdd dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.[1]

Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.[1]

Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".[1]

Juru Pantun

[édit | édit sumber]

Juru pantun nyaéta tukang mantun atawa jalma anu biasa ngalalakonkeun carita pantun dina pagelaran ritual (ngaruat) anu disebut mantun. Umumna mah lalaki anu jadi juru pantun téh, can kungsi kacatur aya juru pantun awéwé. Juru pantun téh lain pagawéan poko sabab anu jaradi juru pantun téh umumna mah baroga pacabakan maneuh, sakurang-kurangna boga pagawéan séjén. Kitu deui, nurutkeun tradisi mah jadi juru pantun téh lain pagawéan sabab buruh atawa upah, tapi mangrupa kawajiban moral, kajurung ku niat nuluykeun amanat. Juru pantun réa anu teu ningali (lolong, tunanétra). Ieu hal téh bisa jadi réa pakuat-pakaitna, hususna jeung pasipatan midangkeun carita pantun anu merlukeun konséntrasi, lantaran (wacana) lalakon téh kudu diapalkeun, apal cangkem, ditalar. Padumukan juru pantun umumna mah di pasisian atawa pakampungan, kaliung ku alam kahirupan tatanén. Sawatara juru pantun guguruna téh ti bapana, akina, atawa barayana. Lalakon anu kapimilik ku juru pantun biasana mah henteu réa da kudu ditalar téa. Lian ti kudu apal kana lalakon, juru pantun téh kudu bisa nyoara, ngalagu, jeung bisa ngacapi sabab lalakon pantun téh dicaritakeunana lain digalantangkeun tapi dihaleuangkeun dipirig (diwirahmaan) ku sora kacapi. Kitu deui, juru pantun téh kudu apal kana tata cara prak-prakan mantun sabab mantun téh kaasup kana pagelaran ritual. [2]

Pamirig

[édit | édit sumber]

Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.[1]

Pintonan

[édit | édit sumber]

Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (2) pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.[1]

Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.[1]

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku "rajah pamungkas".[1]

Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.[1]

Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.[1]

Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

Daftar Carita Pantun

[édit | édit sumber]
  1. Ciung Wanara
  2. Lutung Kasarung
  3. Mundinglaya di Kusumah
  4. Aria Munding Jamparing
  5. Banyakcatra
  6. Badak Pamalang
  7. Badak Sangorah
  8. Badak Singa
  9. Bima Manggala
  10. Bima Wayang
  11. Budak Manjor
  12. Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
  13. Bujang Pangalasan
  14. Sunan Burung Baok
  15. Buyut Orenyeng
  16. Dalima Wayang
  17. Demung Kalagan
  18. Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
  19. Gajah Lumantung
  20. Gantangan Wangi
  21. Hatur Wangi
  22. Jaka Susuru
  23. Jalu Mantang
  24. Jaya Mangkurat
  25. Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
  26. Kidang Panandri
  27. Kidang Pananjung
  28. Kuda Gandar
  29. Kuda Laléan
  30. Kuda Malela
  31. Kuda Wangi
  32. Langga Larang
  33. Langga Sari
  34. Langon Sari
  35. Layung Kumendung
  36. Liman Jaya Mantri
  37. Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
  38. Malang Sari
  39. Manggung Kusuma
  40. Matang Jaya
  41. Munding Jalingan
  42. Munding Kawangi
  43. Munding Kawati
  44. Munding Liman
  45. Munding Mintra
  46. Munding Sari Jaya Mantri
  47. Munding Wangi
  48. Nyi Sumur Bandung
  49. Paksi Keling / Wentang Gading
  50. Panambang Sari
  51. Panggung Karaton
  52. Parenggong Jaya
  53. Raden Mangprang di Kusumah
  54. Raden Tanjung
  55. Raden Tegal
  56. Rangga Sawung Galing
  57. Rangga Gading
  58. Rangga Katimpal
  59. Rangga Malela
  60. Rangga Sena
  61. Ratu Ayu
  62. Ratu Pakuan
  63. Ringgit Sari
  64. Senjaya Guru
  65. Siliwangi[1]

Pantun Baduy

[édit | édit sumber]

Ieu pantun téh nyaéta wanda pantun nu asalna atawa sumebar di wewengkon Baduy (Kanékés Rawayan). Gelarna ieu sesebutan utamana sabada J.J. Meijer (1891) midangkeun tulisanana ngeunaan sawatara lalakon pantun ti daérah Gunung Kancana, Banten Kidul, meunang ngumpulkeun juru tulis Raksaatmadja.[2]

Lalakon Pantun Baduy

[édit | édit sumber]
  1. Bima Wayang
  2. Gajah Lumantung
  3. Kidang Panandri
  4. Kuda Gandar
  5. Kuda Wangi
  6. Langga Sari
  7. Panambang Sari
  8. Paksi Keling
  9. Radén Tegal
  10. Rangga Séna[2]

Saéstuna can kaungkab kalawan tutas kumaha saéstuna pantun baduy téh (ngeunaan jumlah lalakon, basana, adegan caritana, wandana, jeung pungsi pagelaranana). Proyék panalungtikan Pantun & Folklor Sunda pingpinan Ajip Rosidi (1970) kungsi ngarékam dua carita pantun baduy nyaéta Lalakon Lutung Kasarung jeung Buyut Orényéng.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k Kurnia, Ganjar (2003). Deskripsi kesenian Jawa Barat. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan. 
  2. a b c d Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 27.