Kacapi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kacapi mangrupa waditra kasenian Sunda anu biasa dipaké minangka pakakas utama dina kasenian Tembang Sunda atawa Mamaos Cianjuran, ieu pakakas téh biasana sok dikolaborasikeun jeung waditra nu ngaranna suling, antukna biasa disebut kacapi suling. Salian ti éta, kacapi ogé biasa dipaké dina mirig kawih anu saterusna dimekarkeun ku Mang Koko. Salian ti éta, kacapi ogé biasana dipaké dina hiji pagelaran anu disebut mantun. Ieu pagelaran téh dilaksanakeun ku Juru Pantun dina pidangan Carita Pantun. Dina pagelaran mantun biasana kacapi anu digunakeun téh ngagunakeun laras saléndro.[1]

Kecap kacapi dina basa Sunda ogé biasa dihartikeun kana sebutan hiji tangkal, nyaéta tangkal sentul. Éta tangkal téh anu biasa dipaké pikeun nyieun pakakas kasenian anu disebut kacapi téa.

Wangun[édit | édit sumber]

Wincikan unsur nada dina hiji Kacapi Parahu

Nurutkeun wangunna, aya dua rupa kacapi, nyaéta:

  1. Kacapi Parahu atawa Kacapi Gelung; jeung
  2. Kacapi Siter

Kacapi Parahu nyaéta hiji kotak résonansi anu bagéan handapna henteu ditutupan, ieu hal téh sangkan jadi tempat kaluarna sora. Sisi-sisina ieu wangun kacapi téh dijieun sarupa jeung parahu. Dina mangsa ka tukang, ieu kacapi téh dijieun langsung tina kai, ku cara dipahat.

Kacapi Siter mangrupa kotak résonansi kalayan widangna anu rata tur sajajar. Sarupa jeung kacapi parahu, liangna ditempatkeun dina bagéan handap. Sisi bagéan luhur sarta handapna ngawangun trapésium.

Dua rupa kacapi di luhur téh, unggal senarna ditalikeun kana hiji sekrup leutik nu aya dina sisi luhur beulah katuhuna. Saterusna nada atawa sora dina éta kacapi téh bisa disaluyukeun dina sistem sora/nada anu biasa disebut laras, ngawengku laras: pélog, sorog/madénda, atawa saléndro.

Kiwari, kotak résonansi kacapi dijieun ku cara dielém sisi-sisina dirapetkeun antara genep widang papan.

Conto gambar Kacapi Parahu

Kagunaan[édit | édit sumber]

Kacapi Indung jeung Kacapi Rincik

Nurutkeun kagunaannana dina marengan juru tembang, kacapi anu digunakeun téh biasana ngawengku

  1. Kacapi indung; jeung
  2. Kacapi Anak atawa Kacapi Rincik

Kacapi Indung ngaluluguan lagu ku cara méré intro, bridges, sarta interlude, ogé nangtukeun témpo. Ieu wangun kacapi téh biasana ngawengku 18 atawa 20 senar. (Déngékeun jentréngan tina hiji kacapi indung. )

Kacapi Rincik biasana marengan Kacapi Indung ku cara ngeusian rohang antara nada/sora ku frékuénsi-frékuénsi anu luhur, hususna dina lagu-lagu anu boga métrum tetep kawas dina kacapi suling atawa sekar panambih, ieu wangun kacapi téh biasana miboga senar anu jumlahna nepi ka 15. (Déngékeun jentréngan tina hiji kacapi indung jeung hiji kacapi rincik. )

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. 
Nulis.jpg