Sentul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kecapi
Kecapi, pelat botani dari Blanco
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Sapindales
Kulawarga: Meliaceae
Génus: Sandoricum
Spésiés: S. koetjape
Ngaran binomial
Sandoricum koetjape
Merr.
Sinonim

S. indicum dan S. nervosum

Sentul atawa kacapi nyaéta ngaran sarupaning buah jeung tangkal anu ngahasilkeunana. Ngaran-ngaran séjénna nyaéta kechapi (Malaysia), sentol, santol atawa wild mangosteen (basa Inggris), santor (Fil.) sarta lian-lianna. Ngaran ilmiahna nyaéta Sandoricum koetjape (Burm.f.) Merr.

Buah sentul
Ngumpulkeun buah sentul di handapeun tangkalna (Zamboanga del Sur, Mindanao, Filipina). Poto: Riza.

Gambaran[édit | édit sumber]

Tangkal sentul mangrupa tangkal anu leubeut sarta badag, bisa ngahontal luhur 30 m, sanajan ilaharna di pakarangan ngan ngahontal kira-kira 20-an méter. Tangkalna bisa ngahontal diaméter 90 cm, geutahan kawas susu.

Daun majemuk sulang-seling, gagangan nepi ka 18 cm, mirupa sirip, boga anak daun tilu, bentukna jorong nepi ka bunder endog, 6-26 × 3-16 cm; ngabuleud atawa rada seukeut dina puhu, nyeukeutan dina tungtung; héjo ngagurilap di palebah luhur, héjo kusem di handapna. Anak daun tungtung gagangna panjang, jauh leuwih panjang batan gagang anak daun gigireun / sabeulahna.

Kembang dina malai dina kélék daun, rambutan, ngagantung, nepi ka 25 cm. Kembangna boga bagapurusa dua, miboga gagang nu pondok; makuta 5 lambar, konéng héjo, lanset sungsang, 6-8 mm; samar-samar kaangseu seungit.

Buahna buleud rada gepéng, 5-6 cm, konéng atawa semu beureum lamun masak, aya buluan lemes kawas buludru. Daging buah bagian luar kandel sarta teuas, ngahiji jeung kulit, semu beureum, rada haseum; daging buah bagian jero beyé sarta caian, némpél dina siki, bodas, haseum nepi ka amis. Siki 2-5 jumlahna, badag, buleud endog rada gepéng, coklat semu beureum hérang; siki boga warna beureum.

Sumebarna sarta hasilna[édit | édit sumber]

Sentul dianggap asalna ti Indocina sarta Semenanjung Malaya. Mangabad-abad katukang, tuwuhan ieu dibawa sarta diasupkeun ka India, Indonésia (Bornéo, Maluku), Mauritius, sarta Filipina, di mana pepelakan buah ieu saterusna jadi populér, dipelak dimana-mana sarta ngalaman budidaya.

Tangkal ieu dipelak utamana alatan diharepkeun buahna, anu rasana amis atawa rada haseum. Kulit buahna anu dagingan kandel mindeng didahar dina kaayaan atah atawa diasakan leuwih tiheula, dijadikeun manisan atawa marmalade.

Kai sentul boga kualitas jadi bahan konstruksi imah, bahan pakakas, karajinan, gampang dipigawé sarta gampang dipulas.

Sagala bagian tina tangkal sentul ngabogaan hasiat ubar. Kuluban daunna dipaké minangka panurun panastiris. Bubuk kulit tangkalna pikeun ngubaran panyakit cacing geulang. Akarna pikeun ubar kembung, nyeri beuteung sarta diaré; sarta pikeun nguatkeun awak wanoja sanggeus ngababarkeun.

Sentul aya dua macem, nyaéta sentul kalawan daun kolot saméméh gugur boga warna konéng sarta sentul anu boga warna beureum. Baheula, dua variétas ieu dianggap spésiés anu béda (Sandoricum indicum daunna konéng sarta S. nervosum daunna beureum).

Bahan Bacaan[édit | édit sumber]

  • Rasadah, M. A. et al (2004). Anti-inflammatory agents from Sandoricum koetjape Merr. Phytomedicine. 11:2 261-3.
  • Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, pikeun sakola di Indonésia. Pradnya Paramita, Jakarta.
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tumbu ka luar[édit | édit sumber]