Meliaceae
Pidangan
| Kulawarga Mahoni | |
|---|---|
| (Meliaceae) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Meliaceae |
Meliacéae (kulawarga mahoni) nyaéta kulawarga tutuwuhan dina ordo Sapindales nu mangrupa anggota kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1] Kulawarga ieu diwangun ku antara 575 spésiés tangkal jeung semak (jarang), jeung mangrupa tutuwuhan asli daérah tropis jeung subtropis.[2] Sabagian gedé anggota kulawarga ieu miboga daun majemuk nu gedé, nu salembarana di atur dina wangun buluan, jeung tangkai kembangna nyabang.[2] Buahna miboga daging jeung miboga warna atawa kapsul kasar.[2] Tangkal tina marga Swietenia, Entandrophragma, jeung Cedrela (utamana cedar spanyol, C. odorata) mangrupa tangkal ékonomis nu penting jeung dihargaan salaku sumber kai mahoni.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |