Mahoni
| Mahoni | |
|---|---|
| Mahoni sebagai tanaman pelindung. | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | S. macrophylla
|
| Ngaran binomial | |
| Swietenia macrophylla | |
Mahoni nyaéta ngaran tangkal kai anu bisa kapanggih tumuwuh liar di leuweung jati sarta tempat-ternpat séjén anu deukeut jeung basisir, atawa dipelak di sisi jalan.[1] Pepelakan anu asalna ti Hindia Barat ieu, bisa tumuwuh subur saupama tumuwuh dina keusik nu deukeut jeung basisir.[1] Tangkalna jangkung, ti 5 méter nepi ka 25 méter, akarna tunggang, watangna buleud, loba régangna, kaina geutahan.[1] Daunna daun majemuk, wangun daunna lonjong, tungtung jeung pangkal daunna seukeut, sisina rata, panjangna ti 3 nepi ka 15 sénti.[1] Daun ngora warnana beureum, sanggeus kolot warnana héjo.[1] Mahoni kembangan nalika umurna geus 7 taun.[1] Buahna warna coklat.[1] Sikina gepéng, warnana hideung atawa coklat.[1]
Tangkal mahoni anu jangkung tur roba régangna dimangpaatkeun minangka tangkal pikeun ngiuhan, ku kituna loba dipelak di sisi jalan.[2] Salian ti éta ogé dimangpaatkeun pikeun dijadikeun ubar.[2] Anu biasa dimangpaatkeun nyaéta sikina.[2] Mahoni ngandung saponin jeung planovoida.[1] Kasakit anu biasa diubaran ku mahoni nyaéta tekanan darah tinggi (Hipertensi), kurang napsu dahar, panas; kencing manis (Diabetes mellitus), asup angin, Ekzema, Rematik.[1]