Lompat ke isi

Pancakaki

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pancakaki nyaéta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga. Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé mibanda pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda.

Pancakaki urang Sunda

[édit | édit sumber]

Urang Sunda boga kabiasaan pikeun néangan hubungan kakulawargaan jeung jalma nu kakara dipikawanoh ngaliwatan pancakaki. Lamun euweuh hubungan kulawarga, masih ditéangan kénéh hubungan nu séjén, misalna lantaran aya kenalan anu kungsi babarengan di sakola atawa di tempat gawé.[1] Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh mibanda dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan.

  • Ka handap:
  1. Anak: turunan ka hiji
  2. Incu: turunan ka dua, anak ti Anak
  3. Umpi: turunan ka tilu, anak ti Incu
  4. Cicip: turunan ka opat, anak ti Umpi
  5. Muning : turunan ka lima,anak ti Cicip
  6. Angga Santana : turunan ka genep, anak ti Muning
  7. Kula Santana : turunan ka tujuh, ti anak ti Angga Santana
  8. Preti Santana : turunan ka dalapan, anak ti Kula Santana
  9. Wit Wekas : turunan ka salapan, anak Preti Santana
  • Ka luhur:
  1. Bapa: kolot lalaki
  2. Indung: kolot awéwé
  3. Aki: kolot lalaki ti Bapa atawa Indung
  4. Nini: kolot awéwé ti Bapa atawa Indung
  5. Uyut/Buyut : Bapa atawa Indung ti Aki atawa Nini
  6. Bao: Bapa atawa Indung ti Uyut/ Buyut
  7. Canggah : Bapa atawa Indung ti Bao
  8. Janggawaréng: Bapa atawa Indung ti Canggah
  9. Udeg-udeg: Bapa atawa Indung ti Janggawaréng
  10. Kakait Siwur: Bapa atawa Indung ti Udeg-udeg
  11. Gerpak : Bapa atawa Indung ti Kakait Siwur
  12. Tambak Galeng : Bapa atawa Indung ti Gerpak
  13. Karuhun: jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya
  14. Sesepuh: jujutan kanu leuwih luhur nu masih hirup kénéh

[2] [3]

  • Ka gigir:
  1. lanceuk: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot
  2. adi: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih ngora
  3. uwa: lanceukna bapa atawa indung
  4. paman/emang: adi lalaki ti bapa atawa indung
  5. bibi: adi awéwé ti bapa atawa indung
  6. alo: anakna lanceuk
  7. suan: anakna adi
  8. aki ti gigir: lanceuk lalaki ti aki atawa nini
  9. nini ti gigir: lanceuk awéwé ti aki atawa nini
  10. misan:kapilanceuk atawa kapiadi, anak sanini saaki atawa anak uwa atawa bibi
  11. kapilanceuk: dulur misan, anak uwa
  12. kapiadi: dulur misan anak paman/bibi
  13. incu ti gigir: incuna adi
  14. emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
  15. bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
  • Perkawinan:
  1. salaki: carogé, lalaki anu ngawin pamajikan
  2. pamajikan: istri, awéwé anu dikawin ku salaki
  3. mitoha: indung atawa bapa ti pamajikan atawa salaki
  4. minantu: lalaki atawa awéwé anu dikawin ku anak
  5. besan: indung atawa bapana minantu atawa mitoha anak urang
  6. dahuan: lanceuk ti salaki atawa pamajikan
  7. adi beuteung: adi ti salaki atawa pamajikan
  • Anak:
  1. tunggal: anak hiji-hijina
  2. cikal: anak anu munggaran
  3. panengah: anak tengah, anak anu gumelar di tengah-tengah (biasana mah pikeun jumlah anak anu ganjil)
  4. pangais bungsu: lanceuk deukeut ti anak bungsu, kadua ti handap
  5. bungsu: anak bungsu, anak anu gumelar panungtung
  • Istilah Séjén:
  1. lanceuk sabrayna: lanceuk misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
  2. adi sabrayna: adi misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
  3. dulur pet ku hinis: dulur kandung, dulur saibu sarama
  4. dulur sabaraya:dulur misan, anakna mamang atawa bibi ogé ua
  5. dulur teges: dulur pituin saindung sabapa
  6. indung téré: pamajikan bapa tapi lain indung pituin/biologis
  7. bapa téré: salaki indung tapi lain bapa pituin/biologis
  8. anak téré : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
  9. dulur patétéréan: anak indung atawa bapa téré
  10. baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
  11. teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
  12. bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
  13. baraya: sakur anu aya pancakakina




Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Ajip Rosidi.2000.Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Bandung: Pustaka Jaya
  2. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. Yayasan Pangeran Sumedang.1996.Silsilah Wargi Pangeran Sumedang.

hau