Iket

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna 1 m2[1]. Kaén satengah meter disebut satengah iket(dibeulah sacara diagonal), biasa disebut ''totopong''[1]. Motif anu biasa dipaké pikeun iket nyaéta ''sida mukti'', ''manyingnyong'', ''batik kumeli'', ''batik kangkung'', ''katuncar mawur'', ''kawung écé'', ''kalangkang ayakan'', ''seumat karuhun'', ''porod eurih'', ''giringsing'', jsb[1]. Kaén polos anu dipaké pikeun iket nyaéta kaén bodas anu biasa dipaké Puun di Banten, kaén biru kolot, sarta warna coklat salaku lambang kabasajanan [1]. Ayeuna geus jarang pisan anu maké iket iwal di kampung[1]. Di kota ngan saukur dipaké dina acara-acara anu tangtu jeung dina paméntasan calung, réog atawa ogél[1]. Dina basa Sunda aya babasan caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket[1]. Iket nyaéta ngaran papakéan lalaki dina batik atawa baheula mah wulung atawa bodas warnana pikeun dibudeurkeun kana sirah nutupan buuk[2].

Pungsi Iket[édit | édit sumber]

A. Pungsi Praktis[édit | édit sumber]

Di masarakat, salian miboga pungsi keur nutup rambut iket ogé dipaké keur nutupan mastaka, kitu ogé mibaga pungsi pikeun pakarang pikeun ngajaga diri nalika aya tarajangan ngadadak. Lian ti éta pungsina pikeun pakakas atawa parabot pikeun nyimpen jeung mawa banda.

B. Pungsi Estetis[édit | édit sumber]

Salian pikeun nutupan jeung mayungan bagéan mastaka, iket ogé bisa dipaké pikan méré kaéndahan dina papakéan lalaki jeun jadi bagéan kalengkepan papakéan anu mantes keur lalaki.

C. Pungsi Simbolis[édit | édit sumber]

Aya sababaraha jinis rupa iket anu ukur dipaké ku jalma tangtu/teu samanéa, ilaharna dina hiji kasempetan atawa acara. Kawas iket anu maké ragam hias tritik keur budak sunatan, iket dina motif hias aksara Arab anu dipaké ku santri jeung jinis iket lianna anu dipaké numutkeun status atawa kapentingan tangtu anu makéna. Biasana di lembur adat aya sababaraha rupa iket anu ukur dipaké ku sesepuh dina hiji acara adat.

Jenis Rupa Iket[édit | édit sumber]

1. Rupa iket rékaan bihari / lembur adat[édit | édit sumber]

  • Rupa iket anu ti baheulan nepi kiwari masih dipikawanoh tur dipaké ku masarakat;
  • Ilaharna dipaké ku para sepuh;
  • Lolobana rupa iketna nutup palebah luhurna;
  • Dipiboga ku Lembur Adat / Wewengkon Rumah Adat.

2. Rupa iket rékaan kiwari / masa kini[édit | édit sumber]

  • Rupa iket beunang kamotékaran jalma kiwari anu can kungsi aya ti baheulana;
  • Mindeng dipaké ku barudak ngora;
  • Teu dipimilik ku Lembur Adat / Wewengkon Rumah Adat.

3. Iket praktis[édit | édit sumber]

  • mangrupa rupa iket beunang kamotékaran kiwari anu dijieun tina kaén segi opat atawa segi tilu, dijieun diluyukeun jeung rupa iket anu aya boh anu bihari, ogé anu kiwari;
  • Ngagunakeun sistem kaputan/kécos;
  • Tinggal dipaké kawas kopéah atawa topi;
  • Dipaké ku sepuh jeung budak ngora;
  • Rupa iket diwilah-wilah numutkeun kaputanana :
  1. Iket praktis kaputan utuh;
  2. Iket praktis kaputan misah;
  3. Iket praktis kabula-kabalé.

Wangun Iket Sunda[édit | édit sumber]

  1. WARUGA; disebut ogé awak iket, aya kalana kosong, taya modang, juru jeung pager. Namung aya ogé anu lengkep, dieusi modang, juru jeung pager. ogé aya kalana dieusian ku motif tangtu mangrupa batik, biasana sadaya bagéan kaén pinuh ku motif anu gambarna rupa-rupa jinis, boh simbol jeung kode/siloka filosofi kitu deui ku catetan sajarah.
  2. MODANG; rupa masagi leutik di tengah iket, aya anu diagonal atawa sarupa jeung waruga iket.
  3. JURU; JURU JERO – JURU LUAR; bagéan juru anu tepung dina pager/modang; di sababaraha motif iket dibéré aksen gambar, mangrupa logo, simbol atawa wangun anu pamaknaanana anu nyirikeun hal tangtu; bagéan ieu ukur di sababaraha iket kuno wungkul, kiwari dikembangkeun di sababaraha désain iket keur organisasi.
  4. PAGER; sabudeureun sisi kaén anu dibéré motif tangtu pikeun estetika ogé pamaknaan.

Rupa-rupa Iket[édit | édit sumber]

Rupa-rupa iket di antarana:

  • Perengkos nangka, basajan pisan jeung babari dipakéna ukur dibeulitkeun dina sirah biasana dipaké ku kolot nalika keur rusuh[1]. Wangunna siga bungkus nangka[3]. Di Banten disebut baréngkos tapay bungkus peuyeum[3].
  • Barangbang semplak, biasana dipaké ku para jawara, wangunna mirupa barangbang/watang daun kalapa garing nu ngampléh[1][3], kaén segi tilu disimpen lebah tukang, sarta bagian luhurna muka (nepi ka katémbong buuk)[3].
  • Julang ngapak, dipaké ku kolot wanda iket anu mirupa jangjang manuk julang nu keur ngapak/mébér [1][3].
  • Porténg, biasana dipaké ku pamuda wangunna iket anu culana nangtung dihareup sarta tungtung kaénna digulungkeun ka tukang[1][3].
  • Talingkup biasana dipaké ku aki-aki,iket anu culana dina tarang sarta niungan panon[1][3]. asal kecapna tina linkup (kanékés) nu hartina nutup[3]. Talingkuh hartina bisa nutup[3].
  • Borongsong kéong atawa kékéongan,jang budak ngora wangunna mirupa kéong[3].
  • Udeng pikeun dipaké ku kolot biasana dipaké nalika acara resmi[3].
  • Kuda ngencar, dipaké ku jawara ngora wangunna culana di tukang, ngampléh ka handap tapi tuluy melengkung ka luhur[3].
  • Bungkus peuyeum biasana dipaké ku tukang macul[1].
  • Babalian, dipaké ku budak ngora[1].
  • Mamakasaran, dipaké ku para rumaja[1].
  • Kuda nyicir, dipaké ku budak ngora[1].
  • Iket raja atawa ksatria anu dipaké dina sandiwara[1].
  • Totopong, pikeun kolot anu diangap leuwih kasar ti batan udeng[1].

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r [Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya kaca 285.Jakarta: Pustaka Jaya]
  2. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 266
  3. a b c d e f g h i j k l [Hidayat,Rahmat Taufik, Spk. 2007 .Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama]