Réog

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
réog

Réog nyaéta salah sahiji kasenian budaya anu asalna ti Jawa Wétan sarta Ponorogo dianggap minangka dayeuh asal Réog anu sabenerna.[1] Réog mangrupa salah sahiji budaya wewengkon di Indonésia anu masih kentel kana hal-hal anu mistik sarta élmu kebatinan anu kuat.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina sajarahna aya lima vérsi carita populér anu ngembang di masarakat ngeunaan asal-usul Réog sarta Warok, tapi salah sahiji carita anu pangkacelukna nyaéta carita ngeunaan ka wani Ki Ageng Kutu, saurang abdi karajaan dina mangsa Bhre Kertabhumi, Raja Majapahit pamungkas anu ngawasa dina abad ke-15.[1] Ki Ageng Kutu ambek alatan ayana pangaruh kuat ti pihak Cina ka rajana dina pamaréntahan sarta paripolah raja anu korup, manéhna ogé nempo yén kakawasaan Karajaan Majapahit baris lekasan.[1] Manéhna tuluy ninggalkeun raja sarta ngadegkeun paguron, manéhna mengajar barudak ngora seni bela diri, élmu kekebalan diri, sarta élmu kasampurnaan jeung harepan yén barudak ngora ieu baris jadi bibit pikeun bangkitna deui karajaan Majapahit.[1] Sadar yén pasukanana saeutik teuing pikeun ngalawan pasukan karajaan, mangka Ki Ageng Kutu nepikeun maksudna ngaliwatan pintonan seni Réog, anu mangrupa "sindiran" ka Raja Bra Kertabumi sarta karajaanana.[1] Pagelaran Réog jadi cara Ki Ageng Kutu ngawangun lalawanan masarakat lokal ngaliwatan katénaran Réog.[1] Dina pintonanna Réog aya topéng ngawangun hulu singa anu dipikawanoh minangka Singa Barong, raja leuweung, anu jadi simbol pikeun Kertabumi, sarta diluhurna maké bulu-bulu meraknyarupaan kipas buta anu ngagambarkeun pangaruh kuat batur Cinanya anu ngatur sagala paripolahna.[1] Jatilan, anu dipaénkeun ku nu ngibing gemblak anu naék kuda-kudaan jadi simbol kakuatan pasukan Karajaan Majapahit anu jadi babanding kakuatan warok, anu aya di tukangeun topéng badut beureum anu jadi simbol pikeun Ki Ageng Kutu, pamaén sorangan sarta ngangkut beurat topéng singa barong anu beuratna leuwih ti 50 kg ngan ukur ku ngagunakeun huntuna.[1] kawentarna Réog Ki Ageng Kutu pamustunganana ngabalukarkeun Kertabumi nyokot tindakan pikeun nyerang ka paguronna, sarta paguron dicaram pikeun ngajarkeun élmu warok .[1] Tapi murid-murid Ki Ageng Kutu tetep nuluykeunana sacara reureunceupan.[1] Sanajan kitu, Kasenian Réog sorangan sok dipintonkeun pikeun jadi pintonan populér disabudeureun masarakat.[1] Tapi kiwari, jalan caritana ditambahan saluyu jeung carita rahayat Ponorogo nyaéta Kelono Sewondono, Dewi Songgolangit, and Sri Genthayu.[1]

Pintonanna[édit | édit sumber]

Kasenian réog biasana dipaénkeun ku opat urang nyaéta ; saurang Dalang anu ngadalikeun réog, saurang wawakil Dalang, sarta dua batur deui nu ngabantuan.[2] Dalang nyekel Kendang atawa Dogdog anu ukuranana 20 cm anu disebut Dogdog Tilingtingtit, wawakil Dalang nyekel Kendang anu ukuranana 25 cm atawa anu disebut Panempas sarta pamaén katilu ngagunakeun Dogdog ukuran 30–35 cm sarta disebut Bangbrang sarta pamaén kaopat nyekel Dogdog ukuran 45 cm anu disebut ogé Badublag.[2] Pamaén katilu sarta kaopat biasana jadi tukang bodor sedengkeun pamaén kahiji sarta kadua ngadalikeun jalan carita.[2] Lila pintonan réog antara sajam nepi ka sajam satengah sarta pikeun mirig lagu-laguna minangka selingan atawa panglengkep aya Nayaga kalayan waditrana saperti; dua Saron, Kendang, Rebab, Goong, Gambang.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m (id)Reog dan sejarahnya (diaksés tanggal 14 Maret 2012)
  2. a b c d (id)Seni dan Budaya : Reog (diaksés tanggal 16 Maret 2012)
Nulis.jpg