Singa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Singa

Status konservasi: Rawan

Sapasang singa
Sapasang singa di alam liar Aprika
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mammalia
Ordo: Carnivora
Kulawarga: Felidae
Marga: Panthera
Spésiés: P. leo
Ngaran binomial
Panthera leo
(Linnaeus, 1758)

Singa (Panthera leo) nyaéta hiji mamalia ti kulawarga Felidae. Singa jalu, dicirikeun ku "buuk"-na, beuratna bisa nepi ka 250 kg, sedengkeun nu bikang leuwih leutik, kira kana 180 kg. Di alam liar, umur hirup singa antara 10–14 taun, sedengkeun nu inguan bisa leuwih ti 20. Singa mangrupakeun karnivor nu hirup ngagorombol, nu anggotana para bikang jeung anak-anakna nu dipingpin ku hiji jalu. Nu moro nya nu bikang ieu, sedengkeun nu jalu ngawaskeun jeung ngajaga wates wilayahna. Singa jalu bakal diusir ti gorombolanana mun geus sawawa. Mun nu ngora ieu bisa ngéléhkeun pamingpinna nu jalu, anak-anakna nu aya na éta gorombolan sok dipaéhan.

Pamuka[édit | sunting sumber]

Najan kawentar salaku "raja leuweung", singa téh sato nu hirup di wewengkon nembrak, aya di sakuliah Afrika. Singa kaasup spésiés nu kaancam sabab populasina ukur aya di taman nasional di Tanzania jeung Afrika Kidul.

Singa Asiatik (subspésiés Panthera leo persica), nu baheula aya di wewengkon Yunani nepi ka India ngaliwatan Pérsia, hirup di Leuweung Gir di beulah kulon ngidul India. Kira 300 singa hirup di sangtuari di Gujarat nu legana 1412 km².

Singa mimiti punah di Yunani taun 100 M, tapi di Wétan Tengah jeung Afrika mah aya kénéh nepi ka awal abad ka-20. Singa nu hirup di Afrika Kalér, disebut Singa Barbar, biasana leuwih badag batan singa sub-Sahara, jeung buuk jaluna leuwih kandel, sigana mah kaasup hiji subspésiés singa, najan can kabukti. Subspésiés séjén nu geus punah nyaéta Singa Bojong (Cape Lion) jeung Singa Guha Éropa (subspésiés Pathera leo spelaea) nu hirup babarengan jeung manusa nalika Jaman És.

Singa di alam liar[édit | sunting sumber]

Singa ngahakan mamalia nu leuwih leutik, ku cara nyamur ka sabudeureunana. Mangsana tara sieun mun nempo singa aya dina jarak nu cukup jauh, sabab stamina singa teu pati hadé. Singa ngahakan sato naon baé, ti serangga nepi ka gajah. Musuh alamina nya singa séjén nu keur nyiar wilayah.

Singa aya di sapanjang Afrika Kidul, Zimbabwé, Namibia, Botswana, jeung Mozambik. They are mainly found in woodland type areas but can survive in semi desert or bush areas. Baby or young lions are called cubs. Females give birth to 1-5 youngsters, after a gestation period of three months. The cubs can suckle for as long as 18 months but are normally weaned by 8 weeks. There is a high mortality rate amongst cubs.

Nyerang manusa[édit | sunting sumber]

Singa keur jalangan, Maasai Mara, Kénya

Singa nu kalaparan bisa baé nyerang manusa nu deukeut ka manéhna, malah aya (utamana jalu) nu ngahajakeun nyiar mangsa manusa. Di antara kasuk-kasus nu dipublikasikeun nyaéta Tsavo jeung Mfuwe, nu kajadianana méh sarua. Singa dina dua kajadian éta awakna leuwih badag ti biasa, teu buukan jeung huntuna koropok. Aya nu nyangka yén éta téh sabenerna spésiés singa nu can kaklasifikasi, atawa gering sahingga teu pati bisa newek mangsa.

Silangan jeung maung[édit | sunting sumber]

Singa bisa kawin jeung maung (Siberia), mun di panginguan mah pikeun ngahasilkeun campuran nu lucu. Silangan ieu katelahna liger jeung tigon.

Liger dihasilkeun tina ngawinkeun singa jalu jeung maung bikang (mun disundakeun mah disebut "siung" atawa "singung" meureun), nu ukuranana leuwih badag batan maung atawa singa. Cenah mah liger ieu bakal terus ngabadagan sapanjang hirupna, nepi ka tungtungna awakna teu bisa deui nahan, nu nepi ka satengah ton. Liger mibanda welang jeung tutul kawas kolotna, kelirna kawas singa, tapi resep pisan ngojay. Liger jalu teu bisa anakan (stéril), sedengkeun nu bikang sok bisa.

Tigon nyaéta silangan singa bikang jeung maung jalu (di urang mah "manga" meureun). Sabalikna ti liger, tigon mah awakna leutik kawas ucing, ngan ceulina baé nu buleud jeung awakna nu welang jeung tutul. Kawas liger jalu, tigon jalu gé stéril.

Liger bikang jeung tigon bikang subur, sahingga bisa baranahan mun kawin jeung singa atawa maung.

Patung singa nu ngajaga Sasak Inggris, Wéls

Di masarakat[édit | sunting sumber]

Di Éropah, singa sok midang di tempat-tempat anu tangtu dina rupa patung atawa tugu pikeun ngalambangkeun kapengkuhan jeung kaagungan.

Di Tatar Sunda, singa dipikawanoh dina bentuk kasenian sisingaan.

Fakta ngeunaan singa[édit | sunting sumber]

  • Wilayahna dipimilik ku singa bikang, nu jalu ukur ngajaga kira salila tilu taun.
  • Sakabéh bikang nu sagorombolan aya patali getih - indung, alo, anak, suan, nini, incu, adi, jeung lanceuk.
  • Buuk na singa jalu dipaké pikeun ngabadagkeun awakna jeung pikeun nyalindung ti pangégél jeung pangoét nalika tarung jeung papada jalu.
  • The front paws are larger than the back paws
  • Singa bisa méakkeun waktu nepi ka 20 jam sapoéna pikeun saré.
  • Lions will hunt in the day or in the night and are more active on overcast, cool days
  • Lions will readily scavenge and often do so
  • Males will feed at a kill first or chase off the other lions if they get there after the others have started feeding
  • Tetempoan peutingna alus pisan
  • Singa salawasna sok nginum mun anggeus baranghakan

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca