Saron

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
saron

Saron nyaéta salah sahiji waditra perangkat gamelan boh pélog boh saléndro anu dijieun tina logam, dimaénkeun ku cara ditakol maké panakol.[1] Kecap saron asalna tina kecap soran, hartina sora anu tarik (basa Jawa Tengah Yogyakata), jadi saron nyaéta waditra anu sorana tarik/ méncrong.[2] Aya ogé numutkeun kamus basa Sunda saron nyaéta gambang leutik igana aya genep jeung dijieunna tina perunggu.[3] Di Daérah Banten, saron disebut salukat, asal kecapna tina salu anu hartina panggung, dadampar, jojodog, jeung kat (Dukat), hartina emas.[2] Jadi Salukat (Saron) nyaéta tempat pangagung anu dilapis emas (perunggu anu geus dipulas emas).[2] Waditra séjén anu sajenis jeung saron nyaéta demung/panerus (Saron leutik) jeung salentem.[2]

Bahan jeung Rancang Wangun[édit | édit sumber]

Saron dijieun tina bahan beusi, perunggu atawa kuningan pikeun bagian wilah-wilah nadana.[1] Dina saron aya 6-7 wilah nada.[1][1] Saron saléndro miboga 6 wilah nada, sedengkeun saron pélog miboga 7 wilah nada.[1] Ancak saron dijieun tina bahan kai. Dina unggal tungtungna ditancepkeun paku-paku pikeun nyimpen wilah-wilahna sangkan henteu oyag-oyagan.[1] di antara wilah jeung ancak aya babantal anu dijieun tina kaén, tali, atawa karét sangkan sora saron henteu ngabelentrang (hipu).

Wilah Saron[édit | édit sumber]

Ilaharna wilah saron boga dua bentuk, nyaéta Geger sapi jeung Babalingbingan.[1] Geger sapi nyaéta wilah saron anu bentukna siga tonggong sapi sedengkeun babalingbingan, wilah saron anu wujudna kawas balingbing.[1] Beuteung saron nyaéta bagian tukang atawa handap saron, diwatesan dua liang dina ujungna.[1] Simpul nyaéta wates dina saron, nyaéta liang-liang anu aya dina puhu wilah saron, pungsina pikeun nancepkeun paku-paku dina saron.[1]

Ancak Saron[édit | édit sumber]

Ancak saron dijieun ku kai, diwangun ku kai, tali, jeung paku-paku.[1] Papasinganna di antarana: 1)Ceuli nyaéta dua lambar papan anu dipasang di bagian luhur. 2)Pongpok nyaéta bagian ujung-puhu saron. 3)Papalayu nyaéta bagian hareup jeung tukang saron. 4) Lalambé nyaéta bagian anu digunakeun pikeun némpélkeun atawa nyimpen wilah-wilah nada saron. 5)Lelemah nyaéta bagian dasar ancak saron. 6)Tali ampar nyaéta tali anu dijieun kaé, atawa tali anu disimpen di antara wilah jeung ancak.[1]

Téhnik nakol[édit | édit sumber]

Saron disorakeun maké panakol saron, dijieun tina bahan kai anu bentukna nyaruakeun palu.[1] Panakol saron dicekel ku leungeun katuhu.[1] Téhnik maén saron anu kudu dikawasaan nyaéta néngkép.[1] Téhnik néngkép nyaéta neken wilah-wilah saron sangkan wilah nada anu ditakol teu lila teuing nyorana.[1] Wilah saron diténgkép ku leungeun kénca.[1] Ieu cara nabeuh atawa ngamaénkeun saron. Ieu cara nabeuh atawa ngamaénkeun saron laras pélog jeung laras saléndro.


Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.Bandung:Beringin Sakti
  2. a b c d Rosidi, Ajip, Spk.2000.Énsiklopédi Sunda: Alam, manusia, dan budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi.Jakarta:Pustaka Jaya
  3. R.A Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. Bandung: Kiblat. Halaman 163



Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]