Lompat ke isi

Balingbing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Balingbing
Buah balimbing
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. carambola
Ngaran binomial
Averrhoa carambola

Balingbing nyaéta tutuwuhan penghasil buah, anu wangunna has anu asalna ti Indonésia, India, sarta Sri Langka.[1] Ayeuna, balimbing geus sumebar ka penjuru Asia Tenggara, Republik Dominika, Brasil, Peru, Ghana, Guyana, Tonga, sarta Polinésia. Usaha penanaman sacara komérsial dipigawé di Amérika Sarikat, nyaéta di Florida Kidul sarta Hawaii. Di Indonésia, buah ieu jadi ikon dayeuh Dépok, Jawa Kulon, saprak taun 2007.[2]

Déskripsi tangkal sarta sumebarna

[édit | édit sumber]

Tangkal ieu mibanda daun majemuk anu panjangna bisa ngahontal 50 cm, kembang boga warna beureum ngora anu umumna mecenghul di tungtung dahan. Tangkal ieu mibanda cabang loba sarta bisa tumuwuh nepi ka ngahontal 5 m. Henteu saperti pepelakan tropis séjénna, tangkal balingbing henteu merlukeun loba sinar panonpoé. Sumebarna tangkal balingbing pohara lega, alatan binihna disebarkeun ku lebah.

Déskripsi buah

[édit | édit sumber]
Balingbing

Buah balingbing boga warna konéng kahéjoan. Waktu kakara tumuwuh, buahna boga warna héjo. Lamun seug balingbing diteukteuk, ieu panampang buahna ngawangun wujud béntang. Siki leutik sarta boga warna coklat. Buah ieu rangu pas didahar, rasana amis sarta saeutik haseum. Buah ieu ngandung loba vitamin C. Wangun buahna anu unik jeung rasa amis sarta bisa dikokolakeun jadi rupa-rupa sajian, balingbing bisa dibédakeun jadi 2 macem. Anu rasana amis jeung wangun béntang dipikawanoh minangka balingbing amis (Averrhoa Carambola) sedengkeun jenis kadua nyaéta balingbing sayur atawa balingbing wuluh (Averrhoa bilim) anu rasana haseum, mindeng dipaké pikeun samara masakan, utamana pikeun méré rasa haseum dina masakan.

Salah sahiji wewengkon anu kaceluk baris produksi balingbing nyaéta DépokJawa Kulon, Demak, Jawa Tengah sarta Blitar Jawa Wétan. Balingbing geus ditetepkeun ku pamaréntah wewengkon Dépok minangka simbol has Dayeuh Dépok.[3]

Mangpaat Balingbing

[édit | édit sumber]

Balingbing miboga loba sari (cai), nepi ka bisa dijieun wine buah. Di Myanmar, balingbing digunakeun pikeun acar téh. Salian ti éta, pamakéan balingbing minangka ubar getih luhur pohara populér di masarakat. Henteu saeutik urang anu langsung ngonsumsi balingbing boh daun boh buahna mangsa nyaho tekenan getihna luhur. Sacara émpiris, balingbing ogé dipaké pikeun nurunkeun kolésterol, ngalancarkeun pencernaan, anti kanker, ubar sariawan, nyeri beuteung, panas, batuk rejan sarta éncok.[4]

Kandungan Gizi

[édit | édit sumber]

Buah balingbing miboga kandungan gizi cukup luhur anu méré mangpaat pikeun awak. Dina 100 gram buah balingbing anu asak ngandung[3]:

  • énérgi: 35 kal
  • Protein: 50 gram
  • Lemak: 70 gram
  • Karbohidrat: 7,70 gram
  • Kalsium: 8 mg
  • Serat: 0,90 gram
  • Vitamin A: 18 RE
  • Vitamin C: 33 Mg
  • Niacin: 0,40 gram

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 28. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020. 
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. a b (id)[1][tumbu nonaktif](Diakses tanggal 19 oktober 2011)
  4. (id)[2](Diakses tanggal 19 oktober 2011)