Teureup

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Daun jeung buah teureup

Teureup (Artocarpus elasticus) nyaéta tangkal leuweung ti kulawarga moraceae, kaina alus naker pikeun bahan nyieun parahu, bahan bangunan, jeung kabutuhan séjén.[1][2] Teureup mibanda ngaran daérah anu béda-béda kayaning: bakil (Malaysia), torop (Batak), tarok (Minangkabau), kalam (Mentawai), kokap (Madura), erap (Kalimantan).[3] Tangkal teureup mikaresep daérah anu panas tur beueus (lembab), tangkalna ngan bisa hirup dina taneuh anu déngdék, urut urug atawa rempag, sisi susukan jeung gawir.[3] Jangkung tangkalna bisa nepi ka 40-65 méter, régangna kandel, daunna rarubak kelirna héjo, pendul buahna konéng semu coklat, mangsa geus jadi buah méh sarimbag jeung buah kelewih, usum kembangan bulan juni - Agustus.[3]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Kulit luar tangkalna semu coklat katempo rada karadak, upama diturih baris ngaluarkeun geutah/leugeut kelirna bodas, baheula mah geutah teureup anu ilahar disebut "leugeut teureup", dimangpaatkeun pikeun néwak manuk.[3] Siki buah teureup bisa dimangpaatkeun pikeun minyak rambut, kulit tangkalna bisa ogé dipaké pikeun ngubaran nyeri beuteung kitu deui rami atawa rambatna diala pikeun nyieun tali anu engkéna dijujutan, tur dijieun rupa-rupa kamonésan: kantong koja, geulang2, tali, tambang, jeung sajabana.[3] Malahan bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit miceun waé.[3] Daunna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ubar cacingeun.[1][3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b Pringgodigdo, Prof. Mr. A.G (1973). Ensiklopedi Umum. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 9789794135228. (id) Diakses ping 14 September 2017
  2. Pringgodigdo, Prof. Mr. A.G (2011). Identifikasi permasalahan kebudayaan Sunda: masa lalu, masa kini, dan masa yang akan datang. Jakarta: Kerjasama Pusat Kajian Lintas Budaya, Fakultas Sastra, Universitas Padjadjaran dengan Kementerian Kebudayaan dan Pariwisata. ISBN 9786028795333. (id) Diakses ping 14 September 2017
  3. a b c d e f g "Pohon Teureup dan Kearifan Lokal Suku Baduy". PT NAWALA SAKRA ASIA. -. Diakses tanggal 2017-09-14. 
Nulis.jpg