Batak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Suku Batak
Inohong-inohong ti séké sélér Batak
Amir Sjarifoeddin, Abdul Haris Nasution, Burhanuddin Harahap, Adnan Buyung Nasution, TB Simatupang, Sitor Situmorang
(ti kénca ka katuhu)
Populasi total: 6.076.440 jiwa (Sensus 2000)[1]
Populasi utama di: {{{popplace}}}
Basa: Toba
Angkola
Karo
Simalungun
Pakpak
Mandailing
Ageman: Kristen
Islam
Parmalim
Animismeu
Séké sélér nu patali: Suku Alas
Suku Nias
Suku Malayu
Suku Minangkabau
Suku Bugis
Suku Dayak
Suku Rimba
Suku Gayo
Suku Singkil
Suku Acéh

Batak nyaéta ngaran hiji séké sélér di Indonésia,[2] séké ieu téh lolobana mah ngadumuk di Sumatera Kalér, namung aya sawaréhna mah anu cicing di wawates propinsi Acéh jeung Sumatera Kulon.[3] Lolobana urang Batak mah ngagem agama Kristen jeung Islam, tapi aya ogé nu masih kénéh ngagem kapercayaan buhun (animismeu/Parmalim).[3]

Kiwari urang Batak nyicingan sawatara lobana daérah pagunungan ti mimiti wawates propinsi Acéh di béh kalér nepi ka wawates Riau jeung Sumatera Kulon di béh kidul, ogé nyicingan daérah rata nu aya di antara daérah pagunungan jeung basisir Wétan Sumatera Kalér jeung basisir Barat Sumatera Kalér.[3] Ku kituna, urang Batak ieu nyicingan pasir Karo, Langkat Hulu, Deli Hulu, Serdang Hulu, Simalungun, Dairi, Toba, Humbang, Silindung, Angkola, jeung Mandailing sarta Kabupatén Tapanuli Tengah.[3]

Sarupaning Batak[édit | édit sumber]

Numutkeun dumuk géografisna urang Batak kabagi jadi 5 sub étnis, di antarana[3]:

  1. Batak Karo, séké ieu nyicingan pasir Karo, Langkat Hulu, Deli Hulu, Serdang Hulu jeung sawaréh tina daérah Dairi,[3]
  2. Batak Simalungun, séké ieu nyicingan Kabupatén Simalungun,[3]
  3. Batak Pakpak, séké ieu nyicingan puser daérah Dairi, jeung Acéh Kidul,[3]
  4. Batak Toba, suku ieu nyicingan daérah Kabupatén Toba Samosir, Tapanuli Kalér, sawaréh Tapanuli Tengah,[3]
  5. Batak Mandailing, séké ieu nyicingan daérah Kabupatén Tapanuli Kidul, Mandailing Natal, Kotamadya Padang Sidempuan, sebagian Tapanuli Tengah, sarta sebagian Pasaman di Sumatera Barat.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Asal-muasal Séké Batak[édit | édit sumber]

  1. Mungguh Urang Karo
    Nurutkeun budayawan Karo Darwan Prinst dina sasakala séké Karo dikocapkeun yén hiji karajaan ged nu ngaranna Haru pernah ngadeg di Sumatera, karajaan Haru ieu nu jadi taratas séké Karo.[3] Saurang ahli sajarah Sumatera Kalér Tengku Lukman Sinar dina makalahna mangsa kongrés Kabudayaan Karo taun 1995 di Berastagi midangkeun bukti-bukti yén Deli Tua nyaéta puseur kota karajaan Haru.[3]
    Kitu ogé pangaruh-pangaruh nu datang ti India (Hindu) misalna ngaran Sembiring, Sigombak, anu loba asalna rina klan India misalna Brahma, Colia, Meliala sarta upacara kaagamaan jeung kapercayaan, makna agama kacida patalina jeung Hindu. Jujuluk “Batak” dina Karo nyaéta istilah pikeun ngahijikeun séké-séké anu can ngagem keur harita salian Malayu (Islam).[3] Sohorna jujuluk Batak di masarakat Karo katingal dina GBKP (Gareja Batak Karo Protéstan) minangka paguyuban masarakat Karo.[3]
  2. Mungguh Urang Mandailing
    Dina pupuh XIII kitab Negarakertagama yasana Mpu Prapanca sabudeureun taun 1365 dituliskeun dina wangun wawacan ngaran Mandailing barengan loba ngaran nagari di Sumatera Kalér minangka nagara di handapeun kakawasaan karajaan Majapahit diantawisna ogé disebutkeun ngaran-ngaran nagari Pane, Padang Lawas.[3] Katerangan ngeunaan Mandailing saméméh abad ka-14 minangka hiji karajaan euweuh urut-urutna acan, ngan ukur disebutkeun minangka kakawasaanna karajaan Majapahit.[3]
    Perlu dipikanyaho yén nyangkaruk ruruntuhanna candi Siwa (Hindu) ti abad ka-8 datang ka Mandailing dina raraga néangan emas anu ku maranéhanana disebut Swarna Dwipa.[3] Urang Hindu nu dimaksud datang ka Mandailing nyaéta anu asana ti Karajaan Kalingga di India, ku sabab kitu urang Kalingga éta disebut urang Holing atawa urang Koling.[3] Meureunan jalma-jalma nu dimaksud téh datang jeung asup ti daérah Singkuang nyaéta tempat muarana walungan Batang Gadis anu kasohor minangka palabuan Mandala anu hartina lingkungan atawa wewengkon pikeun urang-urang Holing, meureunan ogé anu dimaksudkeun téh nyaéta ngaran Mandailing.[3]
    Nepika abad ka-13 orang-orang Hindu aya anu dumuk di Mandailing, hal ieu dikanyahokeunna ku ayana tihang batu di gunung Sorik Merapi nu taréhna abad ka-13 di wewengkon Mandailing Godang (Pidoli). Masarakat Mandailing jeung Angkola lolobana mah ngagem agama Islam jeung nolak ngakukeun asal-muasalna Batak téh ti si Raja Batak.[3] Mahkamah Syariah Sultan Déli ngadéklarasikeun yén séké sélér Mandailing kapisah jeung ngadeg sorangan ti séké sélér Batak, ku sabab kitu séké sélér Batak mawa perkara ieu ka Mahkamah Sipil di Batavia, Jawa jeung Mahkamah pangluhurna di Hindia Walanda ngadéklarasikeun yén séké sélér Mandailing téh lain Batak.[3]

Sajarah silsilah “Batak”[édit | édit sumber]

Ngaran Batak teu dipikanyaho satemenna, tapi nurutkeun carita-cerita suci urang Batak utamana ti Batak Toba mertélakeun yén sakabéh sub séké Batak mibanda uyut bao anu hiji nyaéta si Raja Batak.[3] Jujuluk “Raja” dina Raja Batak lain anu mibanda kakawasaan (pangawasa) tapi minangka ajrihan hungkul.[3]

Sistim Sosial[édit | édit sumber]

Kabupatén-kabupatén di Sumatera Kalér anu diwarnaan, miboga mayoritas pangeusi Batak.

Undakan Sosial[édit | édit sumber]

Sistim undakan sosial masarakat Batak kabagi dina[3]:

  • Bébédaan umur[3]
  • Bébédaan pangkat jeung jabatan[3]
  • Bébédaan watek aslina, status kawin.[3]

Kapamingpinan[édit | édit sumber]

Kapamingpinan dina masrakat Batak Karo kapisah nurutkeun tilu widang nyaéta widang adat, widang pamaréntahan, jeung di widang kaagamaan.[3]

Perkawinan[édit | édit sumber]

Perkawinan dina séké Batak mangrupa hiji pranata anu meungkeut hiji lalaki jeung hiji awéwé tapina ogé meungkeut hiji patalian nu ditangtukeun, sangkan hiji lalaki séké sélér Batak henteu bébas dina pulah-pilih jodo.[3]

Perkawinan nu sakuduna[édit | édit sumber]

Perkawinan yang dianggép alus téh nyaéta perkawinan antara hiji awéwé rimpal (marpariban basa Batak Toba) nyaéta perkawinan antara lalaki Batak jeung budak awéwé dulur lalaki indungna.[3] Ogé perkawinan anu pantrang dilakonan nyaéta jeung awéwé anu ti margana sorangan. (namung kiwari geus loba jajaka anu teu maliré adat kuna éta)[3]

Perkawinan Mabur[édit | édit sumber]

Perkawinan anu di luar pituduh nyaéta perkawinan mabur (mangalua), perkara ieu kajadian ku sabab teu luyuna antarwis salah sawios pihak atawa dua beulah pihak sadudulurna.[3] Dina kawin mabur ieu dina wanci kurang ti sapoé sadudulur pihak lalaki kudu ngirimkeun wawakil ka imah koltna si wanoja pikeun ngabéwarakeun yén budak awéwé manéhanana geus dibawa nu maksudna dikawin (diparaja, basa Batak Toba).[3]

Marga jeung Tarombo[édit | édit sumber]

Marga[édit | édit sumber]

Marga nyaéta saguliwek duduluran nurutkeun teureuhan ti bapa (patrilinial). Sistim patrilinial nangtuukeun yén teureuh katurunan osok disambungkeun jeung lalaki.[3] Saurang Batak ngarasa hirupna lengkep upama manéhanana geus mibanda budak lalaki anu bakal neruskeun margana. Sakabéh samarga teu meunang silih ngawin (henteu kaci pikeun urang Batak Mandailing jeung Batak Angkola) jeung sasama marga disebut dina Dalihan Natolu disebut Dongan Tubu.

Lobana sakabéh marga Batak aya 416 kaasup marga séké Nias (sabenerna séké Nias lain Batak).[3] Tiap-tiap urang Batak mibanda ngaran marga, pamakéan ngaran marga biasana digantungkeun di tukang atawa ditungtung ngaranna. Ngaran marga ieu meunang tina teureuh bapa téa (patrilinéal) anu saterusna bakal diteruskeun ka katurunanna sangkan tuluy-tinuluy.[3]

Tarombo[édit | édit sumber]

Tarombo nyaéta silsilah, muasalna nurutkeun teureuh bapa.[3]

Kabudayaan Waragad[édit | édit sumber]

Basa jeung Aksara[édit | édit sumber]

Basa Batak bisa dibagi jadi tilu guliwek[3]:

  1. Basa Batak Kalér[3]
  2. Basa Batak Simalungun[3]
  3. Basa Batak Kidul[3]

Sérat Batak nyaéta hiji jinis aksara anu disebut Abugida.[3] Aksara Batak biasana ditulis dina kalakay awi atawa kayu, tutulisanna ti mimiti handap nika luhur jeung garisna ti kénca ka katuhu.[3] Sérat Batak jaman baheula dipaké pikeun nulis naskah Batak.[3] Dina basa Batak buku nu dimaksud téh disebut Pustaha.[3] Pustaha ieu ditulis ku datu (dukun) eusina pananggalan jeung élmu nujum (perkara-perkara goib).[3]

Sistim Orhanisasi Sosial[édit | édit sumber]

Pola Pilemburan[édit | édit sumber]

Imah urang Batak

Lolobana masarakat Batak masih kénéh hirup di jero pilemburan, pilemburan éta disebut Huta, Kuta, Lumban, Sosor, Bius, Pertahian, Urung dan Pertumpukan.[3] Huta (basa Batak Toba) biasana mangrupa jabungan territorial anu didumuk asal ti hiji klén.[3] pikeun urang Karo, jabungan nu dimaksud téh disebut Kuta biasana leuwih gedé batan huta, pangeusina bisa ti mangrupa-rupa klén. Baheula huta téh dikurilingan ku hiji parit, temok taneuh anu luhur jeungn rungkun awi anu rapet. Ieu téh dimaksudkeun pikeun ngajaga diri tina serangan musuh.

Di bagéan jero tina huta aya jéjéran imah di antarana aya tepas anu bisa dipaké pesta pertikahan, upacara kamaotan jll. Kitu ogé di tepas téh aya leuit-leuit pikeun neundeun paré jeung lisung pikeun nutuan paré. Di urang Karo mah Simalungun jeung Mandailing[1] téa di unggal désa na téh mibanda balé désa anu dipaké pikeun sidang pangadilan jeung sidang séjénna. Mun di urang Toba mah balé désa ieu digentikeun ku nu disebut partunghoan.[3]

Imah urang Batak[édit | édit sumber]

Imah urang Batak Karo disebut Siwaluh Jabu sedengkeun pikeun imah Batak Toba disebut Ruma Bolon. Dina imah Batak Toba wagunna opat juru panjang, talupuhna biasana mah 1,75 méter di handapeun taneuh, bagéan handap dipaké pikeun kandang bagong, hayam jeung sajabana.[3] Upama hiji jalma rék asup ka imah Batak Toba kudu tungkul sangkan henteu tijedug kana balok anu malang, perkara ieu dimaksudkeun supaya tamu kudu hormat ka si nu boga imah, sarta hihias pamantes saperti batok kelapa ngalambangkeun pinareup (susu awéwé) anu disebut adep adep, pamantes ieu téh ngalambangkeun sumber kasuburan dan kasatuan.[3]

Sakabéh imah dijieun tina kayu, dina juru imahna nyangked hihias gajah dompak motipna beungeut sasatoan miboga maksud panolak bala, kitu ogé hihias motipna cakcak, sirah singa dimaksudkeun pikeun nolak santét, hihias éta téh aya anu mangrupa ukiran jeung diwarnaan ku warna hideung, konéng dan beureum anu ngalambangkeun tilu dunya kapercayaan masarakat Batak. Imah anu panglobana hihiasanana mah disebutna gé Gorga. Imah Batak Toba disebut Ruma Bolon, imah Mandailing disebut Bagas Godang. Pikeun abus ka imah éta téh kudu nincak tarajé anu ngadeg di tengah imah anu itungan panincakanna téh ganjil.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Indonesia's Population: Ethnicity and Religion in a Changing Political Landscape. Institute of Southeast Asian Studies. 2003. ISBN 9812302123. 
  2. Alwi, Hasan. 2007. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az Woro Aryandini dan Tim. 2011. Bahan Ajar Budaya Nusantara: Program Diploma III Keuangan Spesialisasi Kebendaharaan Negara. Jakarta: STAN.