Suku Gayo

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Suku Gayo
COLLECTIE TROPENMUSEUM Een Gajo (Aceh) in bruidskleding naar de adat TMnr 10002771.jpg
Potrét Pengantén Lalaki Gayo di Awal Abad ka-20
Populasi total: 85.000 - 100.000
Populasi utama di: Aceh Tengah, Bener Meriah dan GayoLues.
Basa: Gayo
Ageman: Islam
Séké sélér nu patali: Alas, Karo jeung Aceh

Suku Gayo atawa "urang gunung" nyaéta salah sahiji suku bangsa nu nyicingan 3 kabupatén di tengah-tengah Provinsi Aceh, Populasina kurang leuwih 85.000 jiwa. Urang Gayo secara mayoritas aya di kabupatén Aceh Tengah jeung Bener Meriah (kurang leuwih 20%) jeung Gayo Lues (kurang leuwih 70%). Suku Gayo ngageman agama Islam, taat kana agamana jeung maké basa Gayo pikeun basa sapopoé.

Basa[édit | édit sumber]

Basa Gayo nyaéta basa nu dipaké sapopoé ku masyarakat Suku Gayo di Kabupatén Acéh Tengah. Basa ieu kaasup kelompok basa nu disebut Northwest Sumatra-Barrier Islands ti rumpun basa Austronesia.

==Marga== Di handap ieu daptar marga-marga nu aya di suku Gayo : *Ariga *Cibero *Linge *Melala *Munte *Tebe *Alga == Marga == Di handap ieu daptar marga-marga nu aya di suku Gayo: * Ariga * Cibero * Linge * Melala * Munte * Tebe * Alga

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina abad ka-11, Karajaan Linge diadegkeun ku urang Gayo di jaman pamaréntahan Sultan Makhdum Johan Berdaulat Mahmud Syah ti Kasultanan Perlak. Informasi ieu kapanggih dina katerangan Raja Uyem jeung putrana Raja Ranta, nyaéta Raja Cik Bebesen jeung ti Zainuddin, nyaéta ti raja-raja Kejurun Bukit nu kaduana kungsi ngawasa jadi raja dina mangsa kolonial Walanda.

Raja Linge I, kasebutkeun boga opat anak. Nu cikal awéwé nu ngarana Empu Beru atau Datu Beru, nu lian Sebayak Lingga (Ali Syah), Meurah Johan (Johan Syah) jeung Meurah Lingga (Malamsyah).

Sebayak Lingga terus bubuara ka tanah Karo jeung nyieun karajaan anyar nu kasohor ku Raja Lingga Sibayak. Meurah Johan bubuara ka Acéh Besar jeung nyieun kerajaanna nu ngarana Lam Krak atawa Lam Oeii atawa Lamuri atawa Kasultanan Lamuri. Hartina Kasultanan Lamuri di luhur didirikeun ku Meurah Johan sadengkeun Meurah Lingga icing di Linge, Gayo, nu jadi raja Linge turun termurun. Meurah Silu pindah ka wewengkon Pasai jeung jadi jadi pegawé Kasultanan Daya di Pasai. Meurah Mege dikurebkeun di Wih ni Rayang di Lereng Keramil Paluh di wewengkon Linge, Acéh Tengah.

Sabab pindahna teu kanyahoan. Tapi ceuk riwayat dikisahkeunn Raja Linge leuwih sayang ka bungsuna Meurah Mege. Matak anak-anak nu lianna hayang pindah ti nagara éta.[1]

Dinasti Lingga[édit | édit sumber]

  1. Adi Genali Raja Linge I di Gayo
    1. Raja Sebayak Lingga di Tanah Karo. Jadi Raja Karo
    2. Raja Meurah Johan (pendiri Kasultanan Lamuri)
    3. Meurah Silu anak ti Meurah Sinabung (pendiri Kasultanan Samudera Pasai), jeung
  2. Raja Linge II alias Marah Lingga di Gayo
  3. Raja Lingga III-XII di Gayo
  4. Raja Lingga XIII nu jadi Amir al-Harb Kasultanan Aceh. Taun 1533 kabentuk Karajaan Johor baru di Malaysia nu dipingpin ku Sultan Alauddin Mansyur Syah. Raja Lingga XIII diangkat jadi kabinét di karajaan anyar éta. Turunanana ngadegkeun Kasultanan Lingga di kapuloan Riau, pulo Lingga, nu wilayahna nyéta Riau (Indonésia), Temasek (Singapura) jeunh saeutik ti wilayah Malaysia.

Raja-raja di Sebayak Lingga Karo teu kanyahoan. Di éra Walanda diangkat deui raja-rajana :

  1. Raja Sendi Sibayak Lingga (pilihan Walanda)
  2. Raja Kalilong Sibayak Lingga

Kahirupan sosial[édit | édit sumber]

Masarakat Gayo hirup dina kelompok leutik nu disebut kampong. Unggal kampong dipingpin ku gecik. Kumpulan sababaraha kampong disebut kemukiman, nu dipingpin ku mukim. Sistem pamaréntahan tradisional mangrupa unsur kapamingpinan nu disebut sarak opat, nyaéta reje (raja), petue (petua), imem (imam), jeung rayat (rahayat).

Sababaraha kemukiman mangrupa bagian ti kacamatan, unsur-unsur kapamingpinana : gecik, wakil gecik, imem, jeung cerdik pandai nu ngawakilkeun rahayat. Hiji kampong biasana dibagi ku sababaraha belah (klan). Anggota belah ngarasa asalna ti hiji karuhun, silih wawuh, jeung ngembangkeun hubungan nu matuh dina rupa-rupa upacara adat.

Seni jeung Tarian[édit | édit sumber]

| Guel dance.jpg |}

Kadaharan Khas[édit | édit sumber]

Galéri[édit | édit sumber]

Sumber[édit | édit sumber]

  1. M. Junus Djamil. 1959. Gajah Putih. Lembaga Kebudayaan Atjeh. Kutaraja

Bacaan Lanjutan[édit | édit sumber]

  • Bowen, John Richard, 1991,"Sumatran Politics and Poetics : Gayo History, 1900-1989", New Haven : Yale University Press.
  • Bowen, John Richard, 1993,"Return to Sender: A Muslim Discourse of Sorcery in a Relatively Egalitarian Society, the Gayo of Nothern Sumatra", in C. W. Watson and Roy Ellen (Eds.), Understanding Witchcraft and Sorcery in Southéast Asia, Honolulu-Hawaii: University of Hawaii Press.
  • Bowen, John Richard, 1993, "Muslims Through Discourse : Religion and Ritual in Gayo Society", Princeton, N.J. : Princeton University Press.
  • SNOUCK HURGRONJE, C., - Het Gajoland en zijne bewoners.
  • Ibrahim, Mahmud, 2007, "Mujahid Dataran Tinggi Gayo", Yayasan Maqamammahmuda.
  • Wiradyana, Ketut dan Setiawan, Taufiqurrahman, 2011, "Gayo Merangkai Identitas", Gudang Penerbit.

Tumbu Luar[édit | édit sumber]