Basa Batak
Pidangan
| Basa Batak (') | |
|---|---|
| Dipaké di: | Indonésia |
| Wewengkon: | Sumatra Kalér |
| Jumlah pamaké: | |
| Urutan ka: | |
| Klasifikasi rungkun basa: | Austronesian |
| Status resmi | |
| Basa resmi di: | Sumatra Kalér |
| Diatur ku: | |
| Sandi basa | |
| ISO 639-1 | 639-2 |
| ISO 639-2 | 639-5 |
| ISO 639-3 | |
| SIL | btk |
| Tempo ogé: Basa - Daptar basa | |

Basa Batak nyaéta basa nu dipaké ku masarakat sélér Batak di Sumatra Kalér. Ieu basa kaasup kana dapuran Northwest Sumatra-Barrier Islands dina dapuran basa Melayu-Polinesia. [1] Sacara gurat badag, para ahli ngabédakeun basa Batak jadi dua rungkun basa batak anu béda nepi ka éta dua basa téh teu bisa komunikasi, nyaéta rungkun kidul jeung kalér. [2] Rungkun kalér ngawengku basa Karo jeung Papak-Dairi, sedeng rungkun kalér ngawengku basa Angkola, Mandailing, jeung Toba.[2] Sawatara ahli ngagolongkeun basa Simalungun kana basa antara rungkun kalér jeung kidul.[2] Tapi, panalungtikan kabéhdieunakeun bisa ngabuktikeun yén basa Simalungun téh mangrupa cabang ti rungkun basa Kidul saméméh basa Toba jeung Angkola-Mandailing kawangun. [2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ http://www.ethnologue.com/show_family.asp?subid=1485-16 disalin tanggal 12 Nopémber 2011
- ↑ a b c d Kozok, Uli.1999. Warisan leluhur: sastra lama dan aksara Batak. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia.
| Artikel ngeunaan basa ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |