12 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
Tanggal ieu dina sawatara taun terahir
2018 | 2017 | 2016 | 2015
Tempo oge: Kalénder kajadian

12 Nopémber nyaéta poé ka-316 dina sataun (ka-317 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 49 poé.

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1793 – Jean Sylvain Bailly, Walikota Paris nu munggaran, dihukum pati ku gluotin nalika Pamaréntahan Téror.
  • 1912 – Raja George I ti Yunani asup ka Salonika sabada kota éta dibébaskeun ti kakawasaan Turki Ustmani salila 482 taun.
  • 1918Austria jadi nagri républik. Sabada diproklamirken, hiji kudéta gagal dilakukeun ku Pangawal Beureum nu éléh ku sosial démokratis Volkswehr.  
  • 1928 – SS Vestris tilelep kira-kira 200 mil (320 km) ti Hampton Roads, Virginia, nelasan saheunteuna 110 panumpang, lolobana awéwé jeung barudak. nu maraot sabada ninggalkeun kapal.
  • 1936 – Di California, jambatan San Francisco–Oakland Bay dibuka pikeun umum.
  • 1940 – Patempuran Gabon dina Perang Dunia II réngsé nalika Pasukan Perancis Bébas ngarebut Libreville, Gabon sarta sakabéh Afrika Khatulistiwa Perancis ti Perancis Vichy (dukungan Hitler).
  • 1942 – Patempuran Kapal di Guadalkanal antara armada Jepang lawan Amérika dimimitian di deukeut Guadalkanal. Lumangsung tilu poé pikeun kameunangan Amérika.
  • 1944 – Angkatan Udara Karajaan Inggris mesatkeun 29 pasawat pangebom Avro Lancaster nu hasil nilemkeun kapal perang Jérman, Tirpitz, ku 12.000 lbs bom Tallboy di Tromsø, Norwégia.
  • 1948 – Di Tokyo, Pangadilan Militer Intérnasional pikeun Wétan Jauh, ngahukum mati tujuh pajabat militer jeung pamaréntah Jepang, kaasup Jénderal Hideki Tojo pikeun peran-peran maranéhna dina Perang Dunia II.
  • 1956 – Di tengah-tengah Krisis Suéz, para pangungsi Palestina ditarémbak mati di Rafah ku soldadu Israél sabada invasina ka Jalur Gaza.
  • 1969 – Jurnalis invéstigasi bébas Seymour Hersh medarkeun carita Pangbantéan My Lai ku tentara AS dina Perang Viétnam.
  • 1970 – Angin Puyuh Bhola narajang bojong wétan Pakistan, minangka angin puyuh paling maut dina sajarah. Korban palastra leuwih ti ½ juta jalma.
  • 1971 – Dina raraga Viétnamisasi, Présidén AS Richard Nixon nangtukeun tanggal 1 Pébruari 1972 minangka tenggang waktu pikeun ditarikana 45.000 tentara Amérika ti Viétnam, dina Perang Viétnam.
  • 1977Perancis ngajalankeun uji coba nuklir Oreste minangka rangkéan ka-14 tina 29 kali, dina uji coba nuklir Perancis taun 1975-1978.
  • 1979Krisis sandera Iran: Dina raraga ngaréspon kana situasi panyanderaan di Téhéran, Présidén Amérika Jimmy Carter maréntahkeun ngeureunan sakabéh impor minyak ti Iran.
  • 1990Akihito manjing kaésar Jepang ka-125.
  • 1990 – Tim Berners-Lee medalkeun hiji proposal resmi pikeun World Wide Web (WWW).
  • 1991 – Insidén Dili Timor Timur, leuwih ti 250 démonstran perlaya di Santa Cruz.
  • 1995 – Kasapukan Erdut ngahasilkeun résolusi daméy dina Perang Kamerdékaan Kroasia.
  • 1996 – Pasawat Boeing 747 nu Saudi Arabian Airlines diadu jeung pasawat kargo Kazakhstan Ilyushin Il-76 di awang-awang deukeut New Delhi, nelasan 349 jalma. Pangmaut-mautna tabrakan udara nepi ka kiwari.
  • 1997 – Ramzi Yousef divonis salah pikeun jadi pararancang pangeboman WTC taun 1993.
  • 1999 – Lini Düzce 7.2 Mw ngeundeuk-ngeundeuk kulon laut Turki. Sahanteuna 845 jalma palastra sarta ampir 5.000-na cidera.
  • 2001 – Di Kota New York, Pasawat Airbus A300 American Airlines Flight 587, nu rek ka Républik Dominika, murag sababaraha menit sabada leupas landas ti Bandara Intérnasional John. F. Kennedy, nelasan sakabéh 260 jalma na jero kapal sarta limaan di darat.
  • 2003 – Di Nasiriyah, Irak, saheunteuna 23 jalma, di antarana kaasup korban-korban munggaran urang Itali dina invasi ka Irak taun 2003, maraot alatan bom bunuh diri ka hiji markas polisi Itali.
  • 2003 – Karéta Cepet Shanghai nyieun hiji rekor dunia kacepetan sistem jalan karéta komersil (501 km/jam (311mil/jam)), nu nepi kaayeuna tetep jadi pangcepet-cepetna karéta rél komersil nu teu dimodifikasi.  
  • 2011 – Hiji beledugan di markas misil Iran Sahid Modarres ngabalukarkeun palastrana 17 anggota Pangawal Révolusi,  kaasup Hassan Tehrani Moghaddam, hiji tokoh kunci dina program misil Iran.
  • 2015 – Dua pangebom bunuh diri ngabeledugeun manéh di Bourj el-Barajneh, Béirut, maténi 43 urang sarta natuan 200 séjénna.
  • 2017 – Lini Kermanshah 7,3 Mw ngoyag-ngoyag kaléreun batas Iran-Irak ku inténsitas Mercalli maksimum VII. Saheunteuna 410 jalma palastra sarta leuwih ti 7.000 cidera.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

1555Zhang Jing, Jéndral dinasti Ming

1793 – Jean Sylvain Bailly, walikota munggaran Paris (l. 1736)

2018Stan Lee, pangarang buku komik Amérika (l. 1922)

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

  • Poé Pneumonia Sadunya
  • Poé Bapa di Indonésia
  • Poé Kaséhatan Nasional di Indonésia

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Nuvola apps clock.png