Adnan Buyung Nasution

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Adnan Buyung Nasution atawa Adnan Bahrum Nasution (gumelar di Batavia, Hindia Walanda, 20 Juli 1934; umur 85 taun) nyaéta saurang pangacara sénior, ogé mangrupa panggagas sakaligus pangadeg Lembaga Bantuan Hukum, sarta pernah ngajabat minangka anggota DPR/MPR.[1]

Kahirupan Leutik[édit | édit sumber]

Ti leuleutik, ti keur umur 12 taun, anjeunna jeung adina Samsi Nasution geus disina dagang barang loakan di Pasar Kranggan, Yogyakarta.[1] Di pasar éta ogé, indungna, Ramlah Dougur Lubis dagang céndol.[1] Sedengkeun, bapana, R. Rachmat Nasution, ngagerilya ngalawan Walanda dina Agrési Militer II.[1]

Atikan[édit | édit sumber]

Nalika SMP di Yogyakarta, anjeunna milu dina tarékah Mopel (Mobilisasi Pelajar) jeung ngalakukeun aksi protés pangadegan sakola NICA di Yogyakarta.[1] Anjeunna milu ngaruksak sakola jeung ngabalédogan guru-guru sakola éta.[1] Mémang, ti keur leutik, anjeunnana téh geus katémbong boga bakat jadi Aktivis. Keur sakola di SMA Negeri 1 Jakarta, anjeunna ogé geus jadi Pupuhu Cabang Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia (IPPI).[1] Saterusna mah anjeunna ngundurkeun diri jeung ngabubarkeun organisasi éta ku sabab geus katara keuna pangaruh PKI jeung mamawa ngaran International Union of Student (IUS).[1]

Lulus SMA, Adnan Buyunh hijrah ka Bandung terus daftar wéh di Institut Teknologi Bandung (ITB), jurusan Téknik Sipil.[1] di dinya anjeunna aktif di Perhimpunan Mahasiswa Bandung.[1] Tapi anjeunna ngan ukur tahan sataun di ITB, terus pindah ka Fakultas Gabungan Hukum, Ékonomi, jeung Sosial Pulitik, Universitas Gadjah Mada, Yogyakarta.[1] Teu selang lila, dina taun 1957 anjeunna pindah deui ka Fakultas Hukum jeung élmu Pangaweruh Kemasarakatan, Universitas Indonesia, Jakarta.[1]

Karir[édit | édit sumber]

Lulus sarjana muda, bari neruskeun kuliah, anjeunna digawé minangka jaksa di Kajaksaan Negeri Istiméwa Jakarta.[1] Anjeunna sempet ngadegekeun sakaligus jadi Pupuhu Gerakan Pelaksana Ampéra.[1] Lian kitu, anjeunna ogé jadi anggahota Komando Aksi Penggayangan Géstapu.[1] Bareng jeung Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonésia (KAMI) anjeunna milu turun ka jalan sangkan diinterogasi ku dununganna. Malah sempet diimahkeun salila sataun satengah alias diskorsing tina pagawéanna minangka jaksa.[1] Anjeunna henteu dibéré pagawéan jeung teu dibéré méja di kantor.[1] Anjeunna dituduh antirévolusi, anti Manipol Usdek.[1]

Saterusna anjeunna meunang surat pindah tugas ka Manado.[1] Tapina, anjeunna ditempatkeun di Médan.[1] Teuing kumaha mah, Adnan Buyung henteu sapukeun ku pamindahan éta.[1] Antukna, dina 1968, anjeunna ninggalkeun pagawéanana.[1] Lian kitu, anjeunna ogé di-recall ti DPR/MPR. Kurang leuwih sataun anjeunna nganggur terus ngawangun Lembaga Bantuan Hukum, Jakarta.[1] Pikeun ngadukung gawéna LBH, Adnan Buyung muka kantor pangacara (advokat).[1] ti dinya, LBH saterusnana mah jadi YLBHI jeung ngajeujeuran LBH-LBH lianna, ogé jadi gedé tur dipikawanoh minangka lokomotif démokrasi.[1]

Naratas LBH[édit | édit sumber]

Pas anjeunna kuliah di Universitas Melbourne, Australia, anjeunna ngilik yén di nagara éta aya Lembaga Bantuan Hukum.[1] Hal éta nyadarkeun yén bantuan hukum téh aya polana, henteu sagawayah, ogé aya modél jeung wangunna.[1] Dina 1969, Buyung balik ka Indonésia. Terus anjeunna nepikeun gagasan éta ka Soeprapto.[1] Soeprapto panuju, tapi anjeunna nganggap can waktuna diwujudkeun. Adnan Buyung sadar harita mah mémang can pati ngadukung kana gagasan éta.[1]

Anjeunna karék bisa marengkeun gagasanna ngabentuk LBH téh sanggeus anjeunna kaluar ti Kajaksaan.[1] Mimitina mah gagasan éta téh disodorkeun ka Sumitro jeung Mochtar Lubis. Sumitro nyarankeun supaya muka kantor advokat.[1] Terus Adnan Buyung ogé nepurangn Oemar Séno Adjie pikeun mundut piwuruk ngeunaan gagasan éta.[1] Oemat Séno Adji ogé nyarankeun supaya Adnan Buyung téh jadi advokat heula da dikumahakeun ogé supaya boga légalitas.[1] Teu talangké, Adnan Buyung téh meunang izin advokat, jeung muka kantor law firm.[1] Teu kaliwat, anjeunna ogé ngajak sababaraha urang sobatna jadi staf, saperti Nono Anwar Makarim jeung Mari'e Muhammad.[1]

Terus, mimiti anjeunna nyiapkeun pangadegan LBH. Anjeunna mimiti ngadeukeutan ka sababarha advokat pikeun nyosialisasikeun gagasan éta.[1] Anjeunna miharep ulah aya panghalang pikeun marengkeun gagasanna.[1] ku sabab di sawatara nagara LBH téh dimusuhan ku para advokat.[1] Peserta Kongres Peradin (Persatuan Advokat Indonésia), komona Yap Thiam Hien jeung Lukman Wiryadinata, ngadukung pisan gagasan éta.[1]

Adnan Buyung ogé ngadeukeutan pihak pamaréntah.[1] Anjeunna nepungan Ali Moertopo tur ngajéntrékeun ngeunaan gagasan éta ogé nalatah supaya gagasan éta ditepikeun ka Présidén.[1] Teu kungsi lila, anjeunna digero yén Suharto panuju kana gagasan éta.[1] Adnan Buyung ogé nepungan pamaréntah daérah DKI Jakarta. Anjeunna nepungan Ali Sadikin anu harita Ali ogé sapukeun siga nu lain.[1] Malahan dukungan téh lain bijil ti pribadi wungkul tapi pamaréntah daérah DKI Jakarta. ku sabab dukungan-dukungan éta, ngadeg wéh LBH dina 28 Oktober 1970, Adnan Buyung minangka pamingpin LBH munggaranna.[1]

Jujuluk “Buyung”[édit | édit sumber]

Ari ngaran Adnan Buyung téh sabenerna mah Adnan Bahrum Nasution. Basa keur kuliah malah mah keur nikah ogé ngaranna téh masih katulis Adnan Bahrum Nasution. Ngan mémang anjeunna teu nulis lengkep ngaranna tapi Adnan B. Nasution.[1] Sobat-sobatna sok ngagerona téh Buyung. Ruketna ngaran Buyung di tengah ngaranna éta téh kajadian nalika ngabereskeun kuliahna di Fakultas Hukum Universitas Indonesia dina taun 1964. Harita patugas administrasi di dinya anu sok ngadéngé téh sebutan Buyung ka anjeunna téh, langsung baé nulis lengkep ngaran Adnan B. Nasution téh jadi Adnan Buyung Nasution. Ngaran éta anu kadieunakeun dipikawanoh ku jalma réa mah.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at http://www.tokohindonesia.com. 2013. Si Abang Advokat Lokomotif Demokrasi. Indonesia: Tokoh Indonesia.
  2. a b c d e f g h i j k l profil.merdeka.com. 2014. Adnan Buyung Nasution. Merdeka: Index Profil.