Jakarta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti DKI Jakarta)
Luncat ka: pituduh, sungsi
Daerah Khusus Ibukota Jakarta
Lambang Jakarta

Lambang Daerah Khusus Ibukota Jakarta
"Jaya Raya"
("Jaya jeung Agung")
Peta lokasi Jakarta

Peta lokasi Daerah Khusus Ibukota Jakarta
Koordinat 5°19'12" - 6°23'54" LK, 106°22'42" - 106°58'18" BW
Dasar hukum
Tanggal penting 22 Juni 1527 (hari jadi)
Ibu kota Jakarta
Gubernur Ir. H. Joko Widodo
Lega 740,28 km2
Pangeusi 8.792.000 (2004)
Kapadetan 16.667/km2
Kabupatén 1
Kota 5
Kacamatan 44
Kalurahan/Désa 267
Suku Batawi (10%), Suku Jawa, Suku Sunda, Tionghoa (10%)
Ageman Islam (86%), Protéstan (6%), Katolik (4%), Buda (4%), Hindu
Basa Basa Indonesia, basa Batawi, basa Jawa, basa Sunda
Zona waktu WIB (UTC+7)
Lagu Daérah {{{lagu}}}

Ramatloka resmi: www.jakarta.go.id

(?)

Daerah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta nyaéta salasahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonésia. Lantaran Jakarta minangka hiji dayeuh nu dijadikeun puseur dayeuh Indonesia, ku kituna Jakarta boga status nu sarua jeung propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa. Dina taun 2004, legana kurang leuwih 650 km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.

Sajarah[édit | édit sumber]

Jakarta dipikawanoh minangka palabuan di muhara Walungan Ciliwung. Asal-usulna bisa dijujut ti jaman Hindu dina abad ka-5. Urang Éropah nu munggaran datang ka Jakarta nyaéta urang Portugis. Dina abad ka-16, pangéréh ti Portugis dibéré idin ngadegkeun bénténg di Sunda Kalapa.

Asal-usul milangkala Jakarta kaping 22 Juni nyaéta ditalukeunnana Sunda Kalapa ku Fatahillah taun 1527, ogé lantaran kitu ngaran dayeuhna diganti jadi Jayakarta nu hartina "kameunangan".

Urang Walanda datang ka Jayakarta ahir abad ka-16 dina taun 1619, VOC dipingpin ku Jan Pieterszoon Coen nalukkeun Jayakarta sarta saterusna ngarobah ngaran dayeuhna jadi Batavia. Dina jaman Walanda, Batavia tumuwuh jadi kota gedé tur penting.

Éréhan ku Jepang dimimitian taun 1942 sarta ngaganti ngaran Batavia jadi Jakarta keur narik hate pangeusina dina mangsa Perang Dunya II. Kota ieu oge minangka tempat Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia tanggal 17 Agustus 1945 tur ditempatan ku Walanda nepi ka diakuna kadaulatan taun 1949.

Dina Méi 1998, kajadian karusuhan di Jakarta nu sasarannana lolobana urang Tionghoa. Gedong MPR/DPR dicicingan ku mahasiswa nu kahayang réformasi. Ahir tina karusuhan ieu nyaéta turunna Présidén Soeharto tina korsi kaprésidenan.

Basa[édit | édit sumber]

Karajaan Tarumanagara anu puseurna di Sundapur, kungsi diserang sarta ditalukkeun ku karajaan Sriwijaya ti Sumatera. Ku lantaran kitu étnis Sunda di palabuan Sunda Kalapa laér saméméh Sumpah Pemuda. Masarakatna geus ngagunakeun basa Malayu anu umum dipaké di Sumatera saterusna dijadikeun minangka basa nasional. Alatan béda basa anu dipaké, dina awal abad ka-20, Walanda nganggap jelema anu bubuara di sabudeureun Batavia minangka étnis anu béda jeung etnis Sunda sarta disebut etnis Batawi (kecap turunan tina Batavia). Sanajan kitu loba kénéh ngaran wewengkon sarta ngaran walungan anu masih tetep dipertahankeun maké basa Sunda saperti ngaran-ngaran Ancol, Pancoran, Cilandak, Ciliwung, Cideng (anu asalna tina Cihideung sarta saterusna robah jadi Cideung sarta ahirna jadi Cideng), sarta ngaran-ngaran séjénna anu masih luyu jeung ngaran-ngaran tempat anu digambarkan dina naskah buhun Bujangga Manik anu ayeuna ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris.

Sanajan basa formal anu dipaké di Jakarta nyaéta Basa Indonésia, basa informal atawa basa gaul sapopoé nyaéta Basa Indonésia dialek Betawi.

Basa daerah ogé dipaké ku anu asalna ti wewengkon séjén, saperti basa Sunda, basa Jawa, basa Minang, basa Batak, basa Madura, basa Bugis, ogé basa Tionghoa. Hal ieu lumangsung alatan Jakarta minangka tempat rupa-rupa séké sélér panggih. Pikeun komunikasi di antara rupa-rupa séké sélér, dipaké Basa Indonésia.

Iwal ti éta, mucunghul ogé basa gaul anu tumuwuh di golongan nonoman kalawan kecap-kecap anu sakapeung dicampur jeung basa deungeun. Sababaraha conto pamakéan basa ieu téh Please dong ah!, Cape deh!, sarta So what gitu loh!.

Basa Inggris mangrupa basa deungeun anu panglobana dipaké, utamana pikeun kapentingan diplomatik, atikan, sarta bisnis.

Budaya[édit | édit sumber]

Minangka puseur dayeuh Indonésia, Jakarta ngirut pendatang ti sakumna Indonésia, alatan kurang ratana kamekaran di puseur sarta wewengkon ngabalukarkeun arus urbanisasi anu gedé. Urbanisasi ieu pisan anu mawa sagala rupa budaya asup ka Jakarta. Suku-suku anu nyicingan Jakarta diantarana Urang Batawi, Jawa, Sunda, Minang, Batak, jeung Tionghoa.

Budaya Batawi minangka padumuk asli rada kasilih ku budaya séjén boh ti Indonésia boh budaya deungeun. Pikeun ngamumulé budaya Batawi, diadegkeun cagar budaya di Dinya Babakan.

Budaya séjén anu ogé has di Jakarta nyaéta basa gaul anu diomongkeun ku para rumaja. Sawatara conto pamakéan basa ieu téh Please deh ah! sarta So what gitu loh!.

Musik[édit | édit sumber]

Musik tradisional atawa modérn di Jakarta ngagambarkeun ngahijina antarbudaya sarta étnis. Pangaruh ti luar Indonésia asalna ti Walanda, Tiongkok, Portugis, Arab sarta India. Komo nepi ka ayeuna, Jakarta masih dianggap kiblat pikeun kamekaran musik di Indonésia.

Pikeun musik tradisional di Jakarta, kawas tanjidor sarta gambang kromong, aya pangaruh etnis ti luar Jakarta Sunda kawas pamakéan rebab sarta tarompet tradisional. Saterusna pangaruh deungeun kawas Trombone sarta Gitar ti Éropa sarta sawatara wirahma musik tradisional Tionghoa.

Tari[édit | édit sumber]

Seni ibing di Jakarta mangrupa ngahijina antar unsur-unsur budaya anu aya di jerona. Mimitina seni tari di Jakarta ngabogaan pangaruh ti Sunda sarta Tionghoa kawas ibing anu ngabogaan corak tari Jaipong kalawan kostum penari has pamaén Opera Beijing. Tapi Jakarta bisa dingaranan wewengkon anu pangdinamisna. Sajaba ti seni tari heubeul ogé mecenghul seni tari jeung gaya sarta koreografi anu dinamis.

Gedong pencakar langit di Jakarta

Carita Rahayat[édit | édit sumber]

Carita rahayat anu mekar di Jakarta, sajaba ti carita rahayat anu geus dipikawanoh kawas Si Pitung, ogé dipikawanoh carita rahayat séjén kawas serial Jagoan Tulen anu ngalalakonkeun jawara-jawara Batawi boh dina pajoangan boh kahirupana anu katelah "heuras". Sajaba ti ngadongéngkeun jawara atawa jawara dunya pasilatan, ogé dipikawanoh carita Nyai Dasima anu ngagambarkeun kahirupan jaman kolonial.

Sajaba ti budaya musik, tari-tarian sarta carita rahayat, balaréa Batawi ogé mikawanoh seni lenong sarta topeng batawi Si Janthuk anu kiwari geus dianggap langka.

Démografi[édit | édit sumber]

Taun Jumlah pangeusi
1870 65.000
1875 99.100
1880 102.900
1883 97.000
1886 100.500
1890 105.100
1895 114.600
1901 115.900
1905 138.600
1918 234.700
1920 253.800
1925 290.400
1928 311.000
Taun/Tanggal Jumlah pangeusi
1930 435.184
1940 533.000
1945 600.000
1950 1.733.600
1959 2.814.000
31 Oktober 1961 2.906.533
24 September 1971 4.546.492
31 Oktober 1980 6.503.449
31 Oktober 1990 8.259.639
30 Juni 2000 8.384.853
1 Januari 2005 8.540.306
1 Januari 2006 7.512.323*

* (id) data 1 Januari 2006 sumberna ti Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta

Jumlah pangeusi di Jakarta kira-kira 7.512.323 (2006) tapi lamun beurang, angka ieu nambah marengan datangna para pagawé ti kota satelit saperti Bekasi jeung Dépok. Kota/kabupatén nu pangpadetna nyaéta Jakarta Timur kalayan jumlah pangeusi 2.131.341 jiwa, sedengkeun Kapuloan Seribu mangrupa kabupatén nu pangeusina pangsaeutikna, nyaéta 19.545 jiwa.

Basa nu digunakeun di Jakarta nyaéta basa Indonésia. Basa daérah ogé digunakeun ku para pangeusi nu sasélér, tur kusabab di Jakarta loba pisan séké sélérna, basa Indonésia nu dipaké. Iwal ti éta, mucunghul ogé basa gaul nu tuwuh jeung mekar di kalangan barudak ngora, tur kecap-kecapna sakapeung dicokot tina basa deungeun.

Ageman nu dianut ku masarakat DKI Jakarta kacida rupa-rupana kaasup diantarana kalima ageman nu diaku ku pamaréntah Indonésia (Islam, Kristen, Katolik, Hindu, jeung Budha) Tempat ibadah ageman-ageman éta ogé aya di Jakarta contona:

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

DKI Jakarta mibanda status husus minangka Daerah Khusus Ibukota. DKI Jakarta ieu dibagi jadi lima kota jeung sakabupatén, nyaéta:

Transportasi[édit | édit sumber]

Jakarta Pusat

Jero Kota[édit | édit sumber]

Di DKI Jakarta, aya jaringan jalan raya jeung jalan tol nu ngalayanan sakuliah kota sanajan dina kanyataanaana jumlah mobil henteu sabanding jeung jumlah jalan ogé (5-10% jeung 4-5%).

Numutkeun data ti Dinas Perhubungan DKI, kacatet aya 46 kawasan nu kalayan 100 titik simpang rawan macét di Jakarta. Définisi rawan macét nyaéta arus henteu stabil, kecepatan handap sarta antrian panjang. Kawasan nu miboga leuwih ti opat titik simpang rawan macét nyaéta:

Pariwisata[édit | édit sumber]

DKI Jakarta miboga sababaraha tujuan pariwisata saperti:

Tempo Ogé: Musium-musium di Jakarta

Permasalahan[édit | édit sumber]

Permasalahan sosial[édit | édit sumber]

Budak nangtung di wewengkon kotor di Jakarta.

Posisi DKI Jakarta minangka puseur paekonomian geus ngarojong pandatang ti luar Jakarta jeung luar Jawa daratang pikeun neangan rejeki di Jakarta. Loba diantara nu daratang ka Jakarta teu dibekelan ku kaahlian jeung katerampilan husus, nepi ka dampak sosial nu sok mucunghul nyaéta masalah pangangguran nu patali jeung masalah kamiskinan sarta kriminalitas.

Jumlah pendatang di Jakarta (2002-2005)[édit | édit sumber]

Taun Éksodus Influks Perbédaan
2002 2.643.273 2.874.801 231.528
2003 2.816.384 3.021.214 204.830
2004 2.213.812 2.404.168 190.356
2005  ? 200.000-250.000*

Catetan: * perkiraan
(id) Sumber: Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta

Permasalahan lingkungan[édit | édit sumber]

Polusi udara jeung runtah mangrupa masalah nu disanghareupan di Jakarta. Iwal ti eta, Jakarta biasana jadi langganan banjir nalika usum hujan sabab mangpetna saluran cai jeung beuki kurangna leuweung di daerah Bogor jeung Dépok.

Imah Adat[édit | édit sumber]


Pakarang tradisional[édit | édit sumber]


Kadaharan[édit | édit sumber]

Salasahiji kadaharan tradisional Jakarta nyaéta Kerak Telor jeung Soto Betawi.


Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Tumbu Luar[édit | édit sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Jakarta di Wikivoyage


 
DKI Jakarta
Kota

Jakarta Utara: Cilincing | Koja | Kelapa Gading | Tanjung Priok | Pademangan | Penjaringan
Jakarta Barat: Taman Sari | Tambora | Grogol | Palmérah | Kebon Jeruk | Kembangan | Cengkaréng | Kalideres
Jakarta Pusat: Gambir | Tanah Abang | Ménténg | Senén | Cempaka Putih | Johar Baru | Kemayoran | Sawah Besar
Jakarta Timur: Matraman | Pulo Gadung | Jatinegara | Durén Sawit | Kramat Jati | Makassar | Pasar Rebo | Ciracas | Cipayung | Cakung
Jakarta Selatan: Kebayoran Baru | Kebayoran Lama | Pesanggrahan | Cilandak | Pasar Minggu | Jagakarsa | Mampang Prapatan | Pancoran | Tebet | Setiabudi

Kabupatén

Kepulauan Seribu: Kepulauan Seribu Selatan | Kepulauan Seribu Utara

Tempo ogé: Daptar kabupatén jeung kota di Indonésia