Lompat ke isi

Kota Tangerang Kidul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Tangerang Kidul)
Kota Tangerang Kidul

Tangerang Selatan
Gedung Surya Research Education Center, Serpong, Indonesia
Gedung Surya Research Education Center, Serpong, Indonesia
Ségel resmi Kota Tangerang Kidul
Ségel
Ngaran jujuluk: 
Tangsel
Motto: 
Cerdas, Modern, Religius
Lokasi di Banten
Lokasi di Banten
Kota Tangerang Kidul is located in Jawa
Kota Tangerang Kidul
Kota Tangerang Kidul
Lokasi di Jawa jeung Indonésia
Kota Tangerang Kidul is located in Indonésia
Kota Tangerang Kidul
Kota Tangerang Kidul
Kota Tangerang Kidul (Indonésia)
Koordinat: 6°17′20″S 106°43′05″E / 6.28889°S 106.71806°E / -6.28889; 106.71806
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
Propinsi Banten
Pamaréntahan
 • WalikotaBenyamin Davnie
 • Wakil WalikotaPilar Saga Ichsan
Lega
 • Total147,19 km2 (5,683 sq mi)
 • Taneuh123,58 km2 (4,771 sq mi)
 • Cai23,61 km2 (912 sq mi)
Pangeusi
 (2021)
 • Total1.365.688
 • Kapadetan93/km2 (240/sq mi)
Zona wanciUTC+7 (WIB)
Kode pos
15xxx
Kode aréa021
Ramatlokatangerangselatankota.go.id

Kota Tangerang Kidul (basa Indonésia: Kota Tangerang Selatan) nyaéta salah sahiji kota di Propinsi Banten, Indonesia. Tangerang Kidul anu aya di beulah wetan Propinsi Banten ngadeg sacara administratif taun 2008 sanggeus misah ti Kabupaten Tengerang. Sacara astronomis, wewengkonna antara 6º39' - 6º47' lintang kidul jeung 106º14' - 106º22' bujur wétan. Ayeuna aya 7 kacamatan jeung 54 kacamatan.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Kota Tangerang Kidul mangrupakeun kota pangorana, hasil otonomi daérah Kabupatén Tangerang, anu sacara resmi disahkeun ku Mardiyanto salaku Menteri Dalam Negeri dina Sidang Paripurna DPR RI Rebo, 29 Oktober 2008, jeung sasarengan diberlakukanna Undang-Undang Nomor 51 Tahun 2008. Wacana pamekaran daérah di Kabupatén Tengerang dimimitian dina taun 2000 nalika masarakat satempat ngaregepkeun Cipasera jadi wewengkon sorangan. Nepi ka 27 Désémber 2006, Déwan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupatén Tangerang nyatujuan dibentukna Kota Tangerang Selatan. Lajeng dina pasamoan saterusna, 22 Januari 2007, Kacamatan Ciputat dipilih jadi pusatna pamaréntahan kota anyar éta. Usul ieu ahirna ditarima ku Komisi I DPRD Propinsi Banten anu saméméhna diajukeun ka Gubernur Banten Ratu Atut Chosiyah dina tanggal 22 Maret 2007. Dina mimiti pangwangunan kotana, Tangerang Selatan meunang sumbangan dana 20 miliar rupiah ti Pamaréntah Kabupatén Tangerang pikeun biaya operasional sataun ka hareup.[2]

Géografi

[édit | édit sumber]
tetempoan Kota Tangerang Kidul ti isuk keneh

Sacara administratif wewengkon Tangerang Kidul wawatesan jeung sababaraha wewengkon tatanggana, nyaéta: beulah kalér wawatesan ku Kota Tangerang jeung DKI Jakarta, beulah wétan wawatesan ku Kota Dépok (Propinsi Jawa Kulon) jeung DKI Jakarta, beulah kidul wawatesan jeung Propinsi Jawa Kulon (Kota Depok jeung Kabupatén Bogor), ogé beulah kulon wawatesan jeung Kabupatén Tangerang. Dina kaayaanana, Kota Tangerang kidul legana nepi ka 147,19 km² atawa sarua jeung 1,63 persénna wewengkon Propinsi Banten.[1]

Babagian wilayah

[édit | édit sumber]
Situ Sesak, Pamulang, Tangerang Kidul

Kota Tangerang Kidul dibagi kana 7 kacamatan di antarana: Serpong Kalér, Pondok Aren, Serpong, Ciputat, Ciputat Wétan, Setu jeung Pamulang. Unggal kacamatan kabagi deui kana 54 kalurahan, lajeng kabagi deui kana 746 Rukun Warga. Dina hiji rukun warga kabagi deui jadi sababaraha Rukun Tatangga, mun ditotalkeun aya 3.913 jumlahna. Nurutkeun data statistik taun 2022, Pondok Aren mangrupakeun kacamatan panggedéna jeung legana nepi ka 29,88 km². Sajaba ti éta, Setu mangrupakeun kacamatan nu pangleutikna, nyaéta 14,80 km².[3] Didinya aya genep kalurahan: Kranggan, Kademangan, Muncul, Setu, Babakan, jeung Bakti Jaya.[4]

Unggal kacamatan teh sok teu tangtu jumlah kalurahanana kumaha aturan ti Kamentrian Dalam Negeri. Misalna, Kacamatan Ciputat bogaeun tujuh kalurahan (Cipayung, Ciputat, Sawah Baru, Sawah Lama, Jombang, Serua, jeung Serua Indah), di Serpong aya salapan kalurahan (Buaran, Ciater, Cilenggang, Rawa Mekar Jaya, Serpong, Rawa Buntu, Lengkong Gudang, Lengkong Gudang Wétan, jeung Lengkong Wetan), jeung di Pamulang ayana ngan dalapan kalurahan (Kedaung, Bambu Apus, Pondok Benda, Pamulang Kulon, Pamulang Wétan, Benda Baru, Pondok Cabé Ilir, jeung Pondok Cabé Udik).[4]

Sajaba ti éta, kacamatan nu boga kalurahan pang lobana aya di Pondok Aren, nepi ka sabelas (Pondok Jaya, Pondok Betung, Jurangmangu Wétan, Jurangmangu Kulon, Pondok Aren, Pondok Karya, Pondok Kacang Kulon, Pondok Kacang Wétan, Perigi Lama, Perigi Baru, jeung Pondok Pucung). Sésana aya Serpong Kalér nu boga tujuh kalurahan (Lengkong Karya, Pakualam, Jelupang, Paku Jaya, Pakulonan, Pondok Jagung, Pondok Jagung Wétan) jeung Ciputat Wétan ku genep kalurahan (Cempaka Putih, Pondok Ranji, Rempoa, Rengas, Cireundeu, Pisangan).[4]

Taman Kota BSD

Tangerang Kidul dikenal minangka kota modéren anu bogaeun wisata kuliner di wewengkon BSD (Bumi Serpong Damai) - Serpong.[5] Jeung deui Tangerang Kidul boga poténsi dina sektor wisata alam contona Situ Gintung di Ciputat Wétan, Kandang Jurank di Ciputat, Situ Pamulang, Waterpark jeung Taman Kota BSD City di Serpong.[6][7] Tangerang Kidul oge magrupa kota anu nyabeulahan langsung jeung daérah kidul Jakarta, sacara teu langusng bakal mangaruhan tingkat karaméan nu ngaliwat dayeuh ieu.[7]

Dina taun 2021, suhu hawa rata-rata Kota Tangerang kidul aya dina angka 29,77° Celsius, kalawan suhu panghaneutna dina bulan Séptémber nepi ka 30,50° Celsius, sarta hawa pangtirisna lumangsung dina bulan Januari jeung Fébruari nyaéta 28,70° Celsius. Sapanjang taun 2021, kalembaban rata-rata anu ngalewatan Tangerang Selatan nyaéta 71,32% sareng inténsitas panon poé sakitar 39,5% tur laju angin rata-rata 1,69 (m/s).[8]

Numutkeun data ti sumber nu séjén, suhu rata-rata pangpanasna di Tangerang Kidul salila 30 taun ka tukang (1991-2021) mindeng dina sasih Nopémber, jeung hawa panghandapna dina sasih Juli nepi ka Agustus.[9]

Data iklim pikeun Tangerang Kidul
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 30.3
(86.5)
30.5
(86.9)
31.3
(88.3)
32.1
(89.8)
32.4
(90.3)
32.3
(90.1)
32.4
(90.3)
32.9
(91.2)
33.2
(91.8)
33.2
(91.8)
32.5
(90.5)
31.6
(88.9)
32,06
(89,71)
Per poé °C (°F) 26.5
(79.7)
26.6
(79.9)
27.0
(80.6)
27.6
(81.7)
27.7
(81.9)
27.3
(81.1)
27.0
(80.6)
27.3
(81.1)
27.5
(81.5)
27.9
(82.2)
27.7
(81.9)
27.2
(81)
27,28
(81,1)
Rarata panghandapna °C (°F) 22.8
(73)
22.8
(73)
22.8
(73)
23.1
(73.6)
23.0
(73.4)
22.3
(72.1)
21.7
(71.1)
21.7
(71.1)
21.9
(71.4)
22.6
(72.7)
22.9
(73.2)
22.9
(73.2)
22,54
(72,58)
Curah hujan mm (inches) 352
(13.86)
276
(10.87)
254
(10)
226
(8.9)
195
(7.68)
109
(4.29)
90
(3.54)
105
(4.13)
122
(4.8)
167
(6.57)
204
(8.03)
228
(8.98)
2.328
(91,65)
Sumber: Climate-Data.org[9]

Démografi

[édit | édit sumber]

Tangerang Kidul mangrupakeun hiji tempat nu dieusian ku sababaraha suku jeung budaya. Pangeusi aslina nyaéta ku balaréa Betawi, Sunda, jeung sésana masarakat urban nu ti sagala rupa daérah.[7]

Numutkeun proyeksi populasi taun 2021, Tangerang Kidul dieusian ku 1.365.688 jelema, anu kabagi kana 683.474 lalaki jeung 682.214 awewe. Jumlah ieu ngajadikeun Kota Tangerang Kidul boga kapadetan penduduk nepi ka 8.284 jelema per km². Salah sahijina, Kacamatan Pamulang mangrupakeun kacamatan nu pangpadetna, nyaéta saukuran jeung 23% tina sakabeh jumlah penduduk Tangerang Kidul. Data nu sejen nunjukeun yen wewengkon nu kapadetan populasi pangleutikna aya di Kacamatan Setu, nyaéta 5.196 jelema per km².[8]

Dina taun 2021, angka pangangguran di ieu kota naék jadi 8,6 persén dibandingkeun taun saméméhna, nyaéta kira-kira 8,48 dina taun 2020. Tingkat pangangguran panggedéna numutkeun réngséna atikan di Tangerang Selatan taun 2021 nyaéta lulusan SMA 58,88 persén. Saterusna di handapna aya lulusan universitas 28,15 persén, lulusan SMP 8,12 persén jeung lulusan SD 4,84 persén.[8]

Ékonomi

[édit | édit sumber]

Ngembangkeun PDRB

[édit | édit sumber]

Produk Domestik Regional Bruto (PDRB) dina harga kiwari Kota Tangerang Kidul taun 2007 nya éta Rp.5.256.882, sedengkeun PDRB kalawan harga konstan Rp.2.768.764. Kalayan jumlah penduduk pertengahan 2007 1.042.682 jiwa, PDRB per kapita Rp 5.042.000.

Pangwangunan PDRB Kota Tangerang Kidul condong némbongkeun paningkatan ti taun ka taun ogé PDRB per kapita. Taun 2007, Laju Pertumbuhan Ékonomi (LPE) nyaéta 6,51%. Taun 2003, PDRB per kapita dina harga konstan nyaéta Rp 863.517. Kacamatan anu nyumbangkeun panglobana nya éta Kacamatan Ciputat Wétan, anu gedéna Rp 167 triliun atawa 31,93% tina total PDRB. Sedengkeun anu pangleutikna nyaéta Kacamatan Setu Rp 71 triliun atawa 1,35%.

Struktur Ékonomi

Dumasar kana data PDRB taun 2007, struktur ékonomi Tangerang Kidul didominasi ku sektor Usaha Perhubungan dan Komunikasi (30,29%) jeung Perdagangan Hotel jeung Rumah Makan (26,81%). Séktor séjén anu ogé nyumbang sacara signifikan nyaéta Bank, Leasing sareng Jasa Perusahaan (15,40%).

Struktur ékonomi némbongkeun yén ékonomi Tangerang Kidul didominasi ku séktor tersiér, nya éta Perhubungan jeung Komunikasi, Hotel jeung Réstoran Dagang jeung Bank, Leasing jeung Corporate Services, anu nyumbang ampir 90%.

Sektor sekundér nyaéta Industri Pangolahan; Listrik, Gas, Pasokan Cai sareng Konstruksi nyumbang 8,76%, sareng séktor primér sapertos Tatanén, Pertambangan sareng Penggalian ngan ukur nyumbang kirang ti 2%. Lamun urang nempo trend ti 2004 nepi ka 2007, kontribusi ti séktor primér jeung sékundér turun sacara signifikan sedengkeun kontribusi ti séktor tersiér ngaronjat.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b BPS Kota Tangerang Selatan (2022). Kurniawan, Adam, ed. Kota Tangerang Selatan Dalam Angka 2022 (dalam Indonesia). BPS Kota Tangerang Selatan. pp. 3–4. ISSN 2089-4627.  Archived 2023-02-09 di Wayback Machine
  2. "Kota Tangerang Selatan". BPK Perwakilan Provinsi Banten. Diakses tanggal 10-2-2023.  Archived 2022-08-16 di Wayback Machine
  3. "Badan Pusat Statistik Kota Tangerang Selatan". tangselkota.bps.go.id. Diakses tanggal 2023-02-09.  Archived 2023-02-09 di Wayback Machine
  4. a b c Oktaviani, Tari. "Daftar Kecamatan, Kelurahan dan Kode Pos di Tangerang Selatan". KOMPAS (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  5. Nispi, Fajrian. "6 Rekomendasi Tempat Kuliner di BSD, Ada yang sedang Viral". IDN Times (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  6. Abdi, Husnul. "12 Tempat Wisata di Tangerang Selatan, dari Destinasi Alam, Modern, Hingga Edukasi". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-02-17 di Wayback Machine
  7. a b c "Profil Kota Tangerang Selatan". Biro Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-17.  Archived 2023-01-09 di Wayback Machine
  8. a b c BPS Kota Tangerang Selatan (2022). Statistik Daerah Kota Tengerang Selatan 2022 (dalam Indonesia). BPS Kota Tangerang Selatan. pp. 1–2. ISSN 2089-4600.  Archived 2023-02-09 di Wayback Machine
  9. a b "Tangerang Selatan climate: Temperature Tangerang Selatan & Weather By Month - Climate-Data.org". en.climate-data.org. Diakses tanggal 2023-02-09.  Archived 2023-02-09 di Wayback Machine