Monumén Nasional

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Monumen Nasional

Monumen Nasional atawa nu leuwih populer disingget ku Monas atawa Tugu Monas nyaéta monumén peringatan saluhur 132 meter (433 kaki) nu diadegkeun keur nineung pahlawan jeung pajoangan rahayat Indonésia keur ngarebut kamerdikaan ti pamaréntahan kolonial Hindia-Walanda. Pangwangunan monumen ieu dimimitian tanggal 17 Agustus 1961 di handap paréntah présidén Sukarno, jeung dibuka keur umum ti tanggal 12 Juli 1975. Tugi ieu dimahkotaan seuneu nu dilapis lambaran emas nu ngalambangkeun sumanget pajoang nu ngagedur. Monumen Nasional aya di tengah Lapangan Medan Merdeka, Jakarta Pusat. Monumen jeung muséum ieu dibuka unggal poé ti jam 08.00-15.00 WIB. Di poé senén minggu pamungkas unggal bulanna ditutup keur umum.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Sanggeus puseur pamaréntahan Républik Indonésia balik deui ka Jakarta sanggeus sateuacanna di Yogyakarta di taun 1950 nyusul pangakuan kadaulatan Indonésia ku pamaréntah Walanda di taun 1949, présidén geus mikiran pangwangunan hiji monumen satara jeung Menara Eiffel di lapangan hareupeun Istana Merdeka. Pangwangunan tugu Monas tujuanna ngemutan jeung ngamumulé pajoangan bangsa Indonésia di mangsa revolusi kamerdikaan 1945, sangkan terus ngabangkitkeun inspirasi jeung sumanget patriotisme generasi kiwari jeung engké.
Di tanggal 17 Agustus 1954 hiji komite nasional diwentuk jeung sayembara rarancang monumen nasional digelar di taun 1955. Aya 51 karya nu asup, ngan ukur hiji nu dijieun ku Frederich Silaban nu minuhan kritéria nu ditangtukeun ku komite, antarana ngagambarkeun karakter bangsa Indonésia jeung bisa tahan mangabad-abad. Sayembara kadua di taun 1960 ngan sakali deui euweuh nu lolos ti 136 pamilon. Pupuhu juri salajengna ménta Silaban pikeun nunjukkeun rarancangna ka Sukarno. Namung Sukarno teu nyatujuan rarancang éta jeung anjeunna ménta monumenna ngawentuk lingga jeung yoni. Silaban tuluy diménta ngarancang monumen ku karya éta, ngan rancangan Silaban kacida badagna nepi ka biayana kacida gedéna jeung teu mampu ditanggung ku anggaran nagara, jeung deui kaayaan ekonomi nagara nu buruk. Silaban nolak ngarancang wangunan nu leuwih leutik, jeung nyarankeun pangwangunan ditunda nepi ka ekonomi Indonésia langkung hadé. Sukarno salajengna ménta arsitek R.M. Soedarsono pikeun ngalanjutkeun rancangan éta. Soedarsono ngasupkeun 17, 8, jeung 45, ngalambangkeun 17 Agustus 1945 Proklamasi Kemerdekaan Indonésia,ka rarancang monumen éta.[2][3] luhur cawan ti halaman nya étta 17 meter, lebar dasar monumen nyaéta 8 meter, sarta lebar halaman cawan nyaéta 45 meter.
Tugu Peringatan Nasional ieu salajengna diwangun di aréal saluas 80 héktar. Tugu ieu diarsitek ku Friedrich Silaban jeung R. M. Soedarsono, mimiti diwangun 17 Agustus 1961.

Pangwangunan[édit | édit sumber]

Sukarno ngainspeksi pangwangunan monas. Foto ieu dijieun taun 1963-1964.

Pangwangunan kawengku ku tilu tahap. Tahap mimiti, kurun 1961/1962 - 1964/1965 dimimitian kalawan dimimitianna sacara resmi pangawangunan di tanggal 17 Agustus 1961 kalawan Sukarno sacara seremonial nacebkeun pasak beton munggaran. Total 284 pasak beton digunakeun salaku fondasi wangunan. Saloba 360 pasak bumi dipelak keur fondasi muséum sajarah nasional. Sakabéhna fondasi bérés di bulan Maret 1962. Tembok muséum di dasar rengsé di bulan Oktober. Pangwangunan obelisk salajengna dimimitain jeung rengsé bulan Agustus 1963. Pangwangunan kadua lumangsung ti kurun 1966 nepi ka 1968 sabab ayana Gerakan 30 September 1965 (G-30-S/PKI) jeung upaya kudeta, tahap ieu sempet katunda. Tahap ahir lumangsu ti taun 1969-1976 kalawan nambahkeun diorama di muséum sajarah. Sanajan pangwangunan geus rengsé, masalah masih sok kajadian, nyaéta bocorna cai nu ngeueum muséum. Monumen sacara resmi dibuka keur umum jeung diresmikeun tanggal 12 Juli 1975 ku présidén Républik Indonésia Soeharto.[4][5] Lokasi pangwangunan monumen ieu dipikawanoh ku ngaran Medan Merdeka. Lapangan Monas ngalaman lima kali ganti ngaran nyaéta Lapangan Gambir, Lapangan Ikada, Lapangan Merdeka, Lapangan Monas, jeung Taman Monas. Di sakuriling tugu aya taman, dua kolam jeung sababaraha lapangan kabuka tempat olahraga. Di poé libur Medan Merdeka dipinuhan ku pangunjung nu rekréasi nempo Tugu Monas jeung ngalakukeun sababaraha aktivitas dina taman.

Rancang Wangun Monumen[édit | édit sumber]

Rekonstruksi Monas

Rancang wangun Tugu Monas dumasar kana konsep pasangan universak nu abadi; Lingga jeung Yoni. Tugu obelisk nu ngajulang nyaéta lingga nu ngalambangkeun lalaki, elemen maskulin nu sifatna aktif jeung positif, sarta ngalambangkeun siang. Cawan ngalambangkeun Yoni nu ngalambangkeun awéwé, elemen feminin nu pasif jeung negatif sarta ngalambangkeun peuting.[6] Lingga jeung yoni mangrupa lambang kasuburan jeung hiji harmonis nu silih lengkepan ti mangsa prasejarang Indonésia. Iwal éta wentuk Monas disawang saperti sapasang "halu" jeung "lisung", alat nutu paré anu dimeunangkeun di unggal imah patani tradisional Indonésia. Ku kituna wangun Monas pinuh ku dimensi has budaya Indonésia. Monumen kawengku ku 117,7 meter obelisk diluhur landasan pasagi saluhur 17 meter. Palataran cawan. Monumen ieu dilapis ku marmer Italia.
Kolam di Taman Medan Merdeka Utara ukuranna 25 x 25 meter dirancang salaku bagéan ti sistem paniis hawa sakaligus nambah kaéndahan tampilan Taman Monas. Di deukeutna aya kolam air mancur jeung patung Patung Diponegor nu keur numpak kudana, dijieun ti perunggu beuratna 8 ton. Patung ieu dijieun ku pamatung Italia, Prof. Coberlato salaku sumbangan ti Konsulat Jendral Honores, Dr Mario Bross di Indonésia. Pintu asup Monas aya di taman Medan Merdeka kalér deukeut patung Pangeran Diponegoro. Panto asup ngaliwatan terowongan 3 meter di handap taman jeung jalan silang monas ieu nu jadi pintu asup pangunjung tugu Monas. Loket tiket aya di tungtung terowongan. Nalika pangunjung naék balik, ka sisi kalér Monas, pangunjung bisa ngalanjutkeun kukurilingan nempo relief sajarah pajoangan Indonésia; asup ka jero muséum nasional ngaliwatan sisi timur laut, atawa langsung naék ka tengan ka ruang kamerdikaan atawa lift ka puncak monumen.

Relief Sejarah Indonesia[édit | édit sumber]

Relief timbul sejarah Indonesia nembongkeun Gajah Mada jeung sajarah Majapahit

Di luar ngurilingan monumen, unggal juruna aya relief timbul nu ngagambarkeun sajarah Indonésia. Relief ieu mimitina ti beulah kalér laut nu ngabadikeun jakayaan Nusantara di mangsa bihari; nampilkeun sajarah Singhasari jeung Majapahit. Relief ieu lanjutanna sacara kronologis saarah jarum jam ka juru beulah tenggara, barat daya, jeung barat laut. Sacara kronologis ngagambarkeun masa pangjajahan Walanda, palawanan rahayat Indonésia jeung pahlawan-pahlawan nasional Indonésia, kawentuk organisasi modérn nu diperjoangkeun Indonésia Merdika ti awal abad ka-20, Sumpah Pemuda, mangsa Jepang jeung Perang Dunia II, proklamasi kamerdikaan Indonésia disusul Revolusi jeung Perang kamerdikaan Républik Indonésia, nepi ka mangsa pangwangunan Indonésia modérn.
Relief jeung patung-patung ieu dijieun ti semen sarta rangka pipa atawa logam, ayeuna patung jeung arcana rontok jeung ruksak sabab hujan jeung panas.

Museum Sejarah Nasional[édit | édit sumber]

Pelajar merhatikeun diorama sajarah Indonesia

Di bagéan dasar monumen di handap tilu meter taneuh, aya muséum Sejarah Nasional Indonésia. Rohangan badag muséum sajarah perjuangan nasional nu ukuranna 80 x 80 meter, bisa nampung 500 jalma. Rohangan bdag lapis marmer ieu aya 48 diorama di opat sisina jeung 3 diorama di tengah, nepi ka totalna 51 diorama. Diorama ieu nampilkeun sajarah Indonésia ti mangsa pra sejarah nepi ka Orde Baru. Diorama ieu dimimitian ti timur laut saarah jarum jam nyusur sajarah Indonésia.

Rohangan Kamerdikaan[édit | édit sumber]

Rohang kamerdikaan

Di bagéan jero cawan monumen aya rohang kamerdikaan ngawangun amphithéatre. Rohangan ieu bisa ditingali sanggeus ngaliwatan tangga muter ti panto sisi kalér jeung kidul. Rohangan ieu nyimpen simbol kanagaraan jeung kamerdikaan Républik Indonésia. di antarana naskah asli Proklamasi Kamerdikaan Républik Indonésia nu disimpen dina kotak kaca di jero gerbang lapis emas, lambang negara Indonésia, peta kapuloan NKRI lapis emas, jeung bandéra beureum bodas, sarta tembok nu aya tulisan naskah Proklamasi Kemerdekaan Républik Indonésia.[2]. Di jero rohangan kamerdikaan Monumen Nasional ieu digunakeun salaku rohang tenang keur mengheningkan cipta jeung meditasi nineung hakékat kamerdikaan jeung pajoangan bangsa Indonésia. Naskah asli proklamasi, gerbang emasna dijieun jadi panto mekanis nu dijieun ti perunggu sabeurat 4 ton lapis emas dihias ku ukiran kembang Wijaya Kusuma nu ngalambangkeun kaabadian, sarta kembang taraté nu ngalambangkeun kasucian. Panto ieu ayana di sisi tembok bagéan barat di tengah rohangan jeung lapis marmer hideung. Panto ieu dipikawanoh ku ngaran Gerbang Kemerdekaan nu sacara mekanis bakal kabuka tuluy musik "Padamu Negeri" kakuping tuluy rekaman sora Sukarno nu keur macakeun naskah proklamasi tanggal 17 Agustus 1945. Di sisi bagéan kidul aya patung Garuda Pancasila, lambang nagara Indonésia nu dijiaeun ti perunggu beuratna 3,5 ton jeung lapis emas. Di sisi bagéan wétan aya tulisan naskah proklamasi hurufna perunggu, kuduna di sisi ieu nampilkeun bandéra nu pang sucina jeung dimuliakeun Sang Saka Merah Putih nu asli dikibarkeun tanggal 17 Agustus 1945. Namung sabab kondisina nu geus kolot jeung rapuh, bandéra suci ieu teu dipamerkeun. Sisi kalér tembok marmer hideung ieu nampilkeun kapuloan Nusantara lapis emas, ngalambangkeun lokasi Negara Kesatuan Républik Indonésia.

Pelataran Puncak jeung Api Kemerdekaan[édit | édit sumber]

Pelataran saluhur 115 meter tempat pangunjung bisa nempo Jakarta ti kaluhuran

Hiji elevator (lift) di panto sisi kidul bakal mawa pangunjung ka palataran puncak nu ukuranna 11 x 11 meter di kaluhuran 115 meter ti taneuh. Lift ieu kapasitasna 11 jalmi sakali angkut. Palataran puncak ieu bisa nampung 50 jalma, sarta aya teropong keur nempo panorama Jakarta leuwih deukeut. dina sakuriling elevator aya tangga darurat nu dijieun tina beusi. Ti palataran puncak tugu Monas, pangunjung bisa nempo kaayaan kota Jakarta. Lamun kondisi keur cerah tampa halimun, di beulah kidul katempo Gunung Salak di Kabupatén Bogor, Jawa Barat, di beulah kaler aya laut jeung pulo-pulo leutik.


Di puncak Monumen Nasional aya cawan anu nyangga seuneu perungu nu beuratna nepi ka 14,5 ton jeung dilapis emas 35 kg. Létah seuneu atawa obor ieu luhurna 14 meter jeung diameter 6 meter kawengku ku 77 bagéan anu dihijikeun. Seuneu ieu simbol sumanget pahoangan rahayat Indonésia nu hayang merdika. Mimitina seuneu ieu dilapis lambaran emas sabeurat 35 kg[2], ngan keur miéling satengah abad kamerdikaan Indonésia taun 1995, lambaran emas ieu dilapis ulang nepi ka beuratna 50 kg.[7] Puncak tugu mangrupa "Seuneu Nu Abadi" nu mibanda makna supaya Bangsa Indonésia mibanda sumanget nu ngagedur dina bajoang jeung teu leungit sapanjang masa. Palataran cawan méré pamandangan ti palataran puncak, atawa ngaliwatan tangga nepi ka dasar cawan. Luhur palataran cawan ti dasar 17 meter, sedengkeun rentang luhur antara ruang muséum sajarah ka dasar cawan nyaéta 8 meter. Luas palataran nu ngawangun pasagi, ukuranna 45 x 45 meter, sakabéhna mangrupa ngamumule angka keramat Proklamasi Kemerdekaan RI (17-8-1945).


Saloba 38 kg emas di obor Monas mangrupa sumbangan ti Teuku Markam, urang Aceh anu kungsi jadi salah sahiji jalma pangbeungharna di Indonésia.[8]

Galeri[édit | édit sumber]

Puncak Monas

Catatan kaki[édit | édit sumber]

  1. Heuken, A.2008. Medan Merdeka - Jantung Ibukota RI. Jakarta: Yayasan Cipta Loka Caraka.
  2. a b c Heuken (2008) p25
  3. National monument Office, Jakarta (1996) pp. 3-9
  4. National monument Office, Jakarta (1996) pp. 12-23
  5. Jakarta Administration website
  6. Monument Nasional brochure; Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi DKI Jakarta, Unit Pengelola Monumen Nasional
  7. National monument Office, Jakarta (1996) p28
  8. Teuku Markam

Tumbu Luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Coordinates: 6°10′28″S 106°49′44″E / 6.17444°S 106.829°E / -6.17444; 106.829

Nulis.jpg