Batawi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Pikeun kagunaan séjén tina Betawi (disambiguation), tempo Betawi (disambiguation) (disambiguasi).
Urang Batawi
Betawi wedding.jpg
Pakéan pangantén Batawi, anu lalakina pangaruh ti timur tengah sedengkeun anu awéwé pangaruh ti budaya Cina.
Jumlah populasi
5 million (2000 census)
Wewengkon kalawan populasi signifikan
Jakarta: 2.3 million
Basa

Betawi, Indonesian

Ageman

Sunni Islam (predominantly), Christianity

Grup étnis sadulur

Sunda, Jawa, Bali, Ambon, Malaysia

Batawi nyaéta hiji séké sélér / étnis bangsa Indonesia utamana anu nyicingan dayeuh Jakarta jeung sabudeureuna.[1] Etnis Batawi geus aya ti jaman batu kénéh (Néolitikum) [1] maranéhna mangrupa campuran tina sababaraha etnis urang Indonesia saperti : Jawa, Sunda, jeung Madura [1], kecap Batawi geus kapanggih mangsa abad ka 15 (taun 1400-an Masehi) dina Babad Tanah Jawa [1]. Cenah aya ogé anu nyebutkeun Batawi téh hartina jalma anu nyicingan kota Batavia, ari Batavia téh ngaran anu disebut pikeun dayeuh Jakarta mangsa jaman kolonial taya lian abad ka 17.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Kecap Batawi anu mertelakeun hiji étnis sahenteuna geus dipiwanoh ti taun 1923 kénéh, bareng jeung ngadegna hiji paguyuban dina mangsa Hindia Walanda anu nelah Perkoempoelan Kaoem Betawi anu diluluguan ku Husni Thamrin. Kecap Batawi numutkeun sababaraha ahli sajarah [1] asalna tina kecap

  1. Pitawi (Basa malayu Polynesia Purba) anu hartina "Larangan" ieu dumasarkana hiji situs anu pernahna di "Batu Jaya", Karawang. Ieu wangunan situs baheulana mangrupa kota larangan anu henteu sagawayah jalma bisa asup atawa kumalampreng.[1]
  2. Batawi (Basa Melayu Brunei) anu hartina suweng, ieu dumasar kana ekskavasi di daérah Babelan, Bekasi. Anu mana di ieu daérah loba kapangggih suweng tina emas nepika taun 1990-an titinggal abad ka-11 Masehi.[1]
  3. Guling Betawi (Cassia Glauca), mangrupa tangkal anu ngarungkun mibanda tangkal anu buleud rata tur seseg kawas guguling. Baheula itu tangkal dimangpaatkeun pikeun pohpor bedil, keris, jeung gagang péso,[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

3500 - 3000 SM (Saméméh Maséhi)

Batawi geus aya ti saprak jaman batu kénéh (Neolitikum)[1], Batawi mangrupa hiji kamanunggalan tina sababaraha budaya. Basa, Kasenian, Adat, jeung ageman. Dina lalampahana maranéhna jadi hiji étnis anu mandiri/misah tinu séjén, bisa waé ku alatan sababaraha kaayaan[3]

  • Pangaruh datangna bangsa séjén
  • Pangaruh tina ngaradegna karajaan-karajaan
  • Kamajuan ekonomi ti unggal daérah

Abad ka 2 - 5 Masarakat Batawi mangrupa rahayat karajaan Salakanagara, di mana puseur pamaréntahan aya di suku Gunung Salak, Bogor. Ku kamajuan urusan dagang jeung Cina dina taun 432 kungsi ngirimkeun utusan ka éta nagara dina urusan balantik. Nincak abad ka 5 di palebah sisi susukan Citarum, ngadeg karajaan Hindu taya lian Tarumanagara anu mangrupa kapanjangan ti Karajaan Salakanagara, anu mindahkeun puseur dayeuh karajaanna ka dinya. Rahayat asli Batawi jadi rahayat karajaan Tarumanagara anu mana puseur dayeuna aya di sisi susukan Candrabagha, anu ku Poerbatjaraka diidentifikasi mangrupa susukan Bekasi. Dumasar kana kecap Candra anu hartina Bulan jeung Bhagasasi atawa Bekasi, anu kiwari pernahna aya di wétaneun Jakarta.

Abad ka 7 - 10

Karajaan Tarumanagara diéléhkeun ku karajaan Sriwijaya (Budha), tiwangkid harida mimiti juljol urang malayu Sumatra daratang tur ngadegkeun imah-imah di sisi basisir Jakarta, lalaunan basa Melayu mimiti dipaké dina basa sapopoé ngaganti basa Kawi anu geus dipaké saméméhna, sanajan mimitinamah ngan saukur di sabudeureun basisir tempat urang Melayu nganjrek, tapi lila kaliaan éta basa Melayu nepi ogé ka daérah anu pernahna di suku gunung Gedé. Nincak abad ka 10, dimimitian aya pacéngkadan taya lian urang Melayu (karajaan Sriwijaya) jeung urang Jawa taya lian ti karajaan Kediri, pamustungana nya kakawasaan ngeunaan laut jeung basisir dibagi dua: Beulah kulon ti mimiti walungan Cimanuk jeung Sunda kalapa dikawasa ku Sriwijaya ; Beulah wetanna mimiti kediri dikawasa ku karajaan Kediri. Dumasar ieu kaayaan Sriwijaya minta bantuan ka Syailendra ti Jawa Tengah pingeun mantuan ngaroris lautan beulah kulon anu jadi kakawasaana. Tapi lila kalilaan Syailendra mimiti henteu ka untup, ninggali kitu Sriwijaya kapaksa ngadatangkeun migran urang Melayu ti kalimantan pikeun ngajaga laut beulah kulon (Kalapa), mangsa ieu pisan nyebarna basa Malayu di karajaan Kalapa, rahayatna anu tadina ngagunakeun basa Sunda Kawi dina basa sapopoé kalindih ku basa Melayu.

Inohong Batawi[édit | édit sumber]

Iko Uwais, Saurang artis Batawi anu kasohor.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Batawi baheula

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i Asal muasal Batawi
  2. No Money, No Honey: A study of street traders and prostitutes in Jakarta by Alison Murray. Oxford University Press, 1992. Batavi
  3. No Money, No Honey: A study of street traders and prostitutes in Jakarta by Alison Murray. Oxford University Press, 1992. Batawi
Nulis.jpg