Ismail Marzuki

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ismail Marzuki

Ismail Marzuki (gumelar di Batavia, Hindia Walanda, 11 Méi 1914 – tilar dunya di Jakarta, Indonésia, 25 Méi 1958 dina umur 44 taun) nyaéta saurang komponis anu aktif tur produktif nyieunan komposisi lagu anu lolobana watek laguna téh nasionalis-romantis.[1] Anjeunna bisa disebut minangka komposer panaratas anu sénior.[1] Minangka tukang nyipta lagu, Ismail Mazuki nyaéta jalma anu neundeun dasar gaya nyanyian "Karesep Indonésia" nu satemenna dina lagu-lagu kasohor Indonésia.[1] Gaya populer jeung irama lagu-laguna anu salsé jadi hiji modél anu diturutan ku para tukang nyipta musik nyanyian Indonésia dina zamanna nika taun 1980-an.[1]

Lalakon hirup[édit | édit sumber]

Ku sakumna dulur jeung sobat dalitna, Ismail Marzuki biasa nelah disebut Mail atawa Maing.[rujukan?] Maing kaasup kana saguliwek masarakat pribumi anu dianggap cukup kadidik dina mangsa harita.[2] Bakat-bakat musikna geus katara ti keur leutik mula.[rujukan?] Sababaraha lagu munggaranna dijieun nalika anjeunna masih kénéh umur 17 taun. Anjeunna mahér maénkeun sarupaning instrumen musik, saperti gitar, akordéon, flute, saxophone, klarinét, jeung piano.[2] Anjeunna ogé kasohor minangka tukang ngawih musik hiburan jeung keroncong.[2]

Orkés Studio PPRK[édit | édit sumber]

Sakumaha umumna para pamusik dina zamanna, anjeunna loba icikibung di dunya hiburan musik liwat studio radio jeung tempat-tempat hajatan musik umum.[2] Anjeunna ngahiji jeung Muziek Verenenging Lief Java ogé Hawaiian Band The Sweet Java Inlanders.[2] Ismail Marzuki kawilang aktif di radio NIROM, BRV, VORO, jeung Perserikatan Perhimpunan Radio Ketimuran (PPRK). Babarengan jeung inohong-inohong musik keroncong, saperti M. Sagi, M. Sardi, Soetodjo, jeung Koesbini, anjeunna ngadegkeun orkés studio PPRK anu utamana mah maénkeun lagu-lagu Indonésia populér jeung musik keroncong.[2]

Panaratas Bintang Radio[édit | édit sumber]

Dina mangsa pangawasaan Jepang, Ismail Marzuki ogé aktif minangka pamusik di Orkés Radio Hosso Kanri Kyeku babarengan jeung para pamusik sazamanna, saperti Koesbini, Binsar Sitompul, Amir Pasaribu, jeung Soedharnoto.[2] Babarengan jeung maranéhanana ogé, Ismail Marzuki jadi salah saurang panaratas kawangunna Orkes Studio Jakarta jeung pasanggiri musik vokal nasional Bintang Radio pasca–Proklamasi Kamerdikaan RI.[2]

Seniman pajuang[édit | édit sumber]

Sakumaha pamusik dina zamanna, sumanget kabangsaan Ismail Marzuki pikeun merjuangkeun kamerdikaan ogé kacida gedéna.[2] Anjeunna ogé kasohor minangka "Seniman Pajoang" anu loba nyiptakeun lagu-lagu pajuangan jeung cinta lemah cai. Lagu-laguna anu geus jadi ikon lagu-lagu pajoangan nyaéta Hallo Hallo Bandung, Kopral Jono, Sepasang Mata Bola, Selendang Sutera, Sapu Tangan dari Bandung Selatan, Melati di Tapal Batas, Selamat Jalan Pahlawan Muda, Juwita Malam, Gugur Bunga di Taman Bhakti, Nyiur Melambai, Tanah Pusaka, jeung Rayuan Pulau Kelapa.[2]

Panaratas musik modérn[édit | édit sumber]

Lagu-lagu Ismail Marzuki geus ngilhaman arah lagu jeung warna panyiptaan lagu-lagu, musik, radio jeung musik pop Indonésia nika taun 1980-an.[2] Ismail Marzuki geus nempatkeun diri manéhna minangka salah saurang panaratas dina ngembangna musik modérn di Indonésia.[2] Saméméh tilar dunya, dina taun 1957 anjeunna nyiptakeun karyana anu pamungkas. Dina taun 1968 pamaréntah DKI Jakarta ngaabadikeun ngaranna pikeun hiji puseur kasenian Jakarta anu dipikawanoh ku ngaran Taman Ismail Mazuki (TIM).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d profil.merdeka.com. 2014. Ismail Marzuki. Merdeka: Index Profil.
  2. a b c d e f g h i j k l m Indrawati, Dewi. dkk. 2008. Aktif Berbahasa Indonesia SMP/SMT kelas 7. Jakarta: Depdiknas.