Musik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Lukisan hiji vas Yunani kuna anu ngagambarkeun pangajaran musik (510 SM)

Musik asal kecap tina basa Yunani, “mousike” sedengkeun basa latinna ,nyaéta “mousica”.[1] Kecap “mousike” asalna tina kecap “mousa” (jama’na mousas), dina basa latin “musa”, basa Yunanina mah “mouskos”, Inggrisna “muse”.[1] Jadi, tina kecap “musica” bijil wéh kecap “musik”.[1] Musik nyaéta sora anu miboga unsur-unsur husus, anu bisa ditarima ku hiji jalma, kalompok, ogé golongan masarakat anu bararéda dumasar kana sajarah, lokasi, budaya jeung karesepna.[1] Aristoteles ngahartikeun musik minangka ébréhan kakuatan tanaga batin jeung kakuatan tanaga panglandian anu asalna tina oyagan rarasa dina hiji réntétan sora (melodi) anu mibanda .[1] Aya ogé nu ngahartikeun yén musik téh nyaéta sora anu dipikaresep ku jalma ogé ngawengku ritmik jeung melodi anu kaatur sangkan genaheun didangukeunna.[2]

Pungsi Musik[édit | édit sumber]

Pungsi Iiringan Upacara[édit | édit sumber]

Ti jaman baheula musik geus dipaké pikin ngairingan upacara-upacara [[budaya atawa ritual. Para arkéoloh ngedalkeun mangrupa-rupa pakakas musik anu kacitak dina prasasti-prasasti dina taun 5000 SM di Mesir, saperti harpa, lira, gitar, mandolin jeung suling. Dina mangsa harita, musik ngabogaan pungsi penting pikeun ngairingan upacara, kamaotan, pésta, jsb.[1] Nika kiwari, musik masih kénéh dipaké pikeun acara-acara saperti pertikahan, gumelaran, kamaotan, sarta upacara ngeunaan agama atawa nagara.[1]

Pungsi Panghibur[édit | édit sumber]

Minangka salasahiji régang seni, musik ogé ngabogaan pungsi pikeun ngabubungah haté, ngadatangkeun rasa puas kana irama, basa melodi, atawa kaaturna harmoni.[1] Pikeun miceun kabosen, loba jalma anu milih musik pikeun ngahibur manéh, misalna ku ngadéngékeun atawa nonton acara musik.[1]

Pungsi Komunikasi[édit | édit sumber]

Ti jaman baheula, musik geus ngabogaan pungsi minangka pakakas komunikasi, dina sagala rupa kaayaan.[1] Misalna sangkakala dipaké ku masarakat di basisir pantéy, kohkol jadi pakakas komunikasi masarakat di tutugan gunung jeung leuweung, aya ogé kendang nu sok dipaké minangka pakakas komunikasi dina kaayaan perang.[1]

Pungsi Pangedalan Ébréhan Diri[édit | édit sumber]

Musik mangrupakeun salasahiji media pangébréhan hiji jalma pikeun ngedalkeun parasaan, pipikir, ideu ogé pangharepan ngeunaan dirina, masarakat, Nu maha Kawasa, jeung dunya.[1]

Pungsi Atikan[édit | édit sumber]

Musik ngabogaan pungsi atikan, nyaéta minangka media atawa sarana pikeun ngajarkeun aturan anu dipaké di masarakat, meusing teu katulis.[1] Misalna kawih anu dihaleuangkeun ku jang Kustian anu judulna ema, éta lagu nyaritakeun ngeunaan pentingna nurut kanu jadi kolotna hususna ka indung.

Pungsi Ngamumulé Kabudayaan[édit | édit sumber]

Teu saeutik kawih-kawih nu ngedalkeun ngeunaan budaya, misalna kawih papatong anu dihaleuangkeun ku Bah Dadéng, éta kawih jadi siloka yén budaya sunda nu diibaratkeun minangka papatong téh leungit teu pamit.

Pungsi Panggero Sosial[édit | édit sumber]

Pungsi panggero sosial bijil ti para nu nyieun kawih anu paduli kana kaayaan sosial, ronjat kasejahteraan rahayat, jeung kamelang masarakat.[1] Nu nyarieun kawih anu milihan téma-téma sosial diantarana nyaéta Iwan Fals, Ebiet G. Ade, Doel Sumbang, jrd.[1]

Pungsi Ngahijikeun Bangsa[édit | édit sumber]

Sakabéh bangsa ngabogaan lagu kabangsaan (national anthem) anu ngawakilan sumanget kabangsaan, ogé watek tina budaya tiap nagara.[1] Lagu kabangsaan Indonésia Raya, jieunan Wage Rudolf Supratman, nyaéta lagu anu dijieunkeun pikeun ngahijikeun rahayat Indonésia anu cicing di sabudeureun Nusantara.[1]

Pungsi Promosi Dagang[édit | édit sumber]

Kiwari nu modern, musik loba dikréasikeun minangka sarana promosi, utamana liwat iklan-iklan di tipi atawa radio. Liwat musik konsumén dipiharep leuwih gancang nginget produk anu diiklankeun.[1]

Pungsi Ékonomi[édit | édit sumber]

Pikeun para musisi jeung artis propésional, musik mangrupakeun pakasaban.[1] Maranéhanana dihargaan liwat karya (kawih) anu kumaranéhanana dijieunkeun ogé dipaénkeun.[1] Mingkin alus jeung kasohor maranéhanana nyieun jeung maénkeun lagu, mingkin gedé ogé panghargaan anu katarima.[1]

Mangpaat Musik[édit | édit sumber]

Musik jeung Atikan[édit | édit sumber]

Musik henteu ngan saukur ngasah pangabisa ngamusikna hiji jalma, tapi ogé miboga peran dina bidang atikan atawa bidang élmu séjén, misalna ngaronjatkeun kacerdasan di widang matématika, sosial, jeung basa.[1] Kanyataan yén musik bisa ngaronjatkeun pangabisa di widang élmu séjén bisa ditingal dina tabél dihandap.[1]

No. Musik[1] Widang Séjén[1]
1 Watek tina unsur-unsur musik, saperti nada, heuras/hipuna nada (dinamik), pitch, lilana, timbre (warna sora), jsb. Sains
Watek tina renyulan sora, sora, geteran/vibrasi (frékuénsi), amplitudo.
2 Hubungan antawis nada jeung ritmik, saperti gancang-laun, pulse/metre. Matematika
Angka tina niléi not: satengah, saparapat, interval.
3 Muasal jeung kaguyuban rupa-rupa musik, saperti alam, ciri has, jeung budaya. Élmu sosial
Budaya, cara hirup masarakat ti sagala rupa kabiasaan jeung béda nagara.
4 Ngébréhkeun ideu liwat kombinasi timbre (warna sora), nada, jeung lilana. Seni rupa
Ngébréhkeun ideu liwat kombinasi garis, rupa, jeung warna.
5 Ngaronjatkeun pangabisa pikeun ngagerakkeun bagéan awak kalayan éksak, saperti kaseimbangan (balance), ritmik, jeung téhnik ramo. Olahraga
Ngembangkeun gerak awak dadasar (fundamental), saperti leumpang, lumpat, luncat jeung skipping.
6 Ngalatih dédéngéan jeung pangabisa maca simbol, saperti ngabédakeun sagala rupa jinis, jeung luhur handap, timbre (warna sora), sarta ritmik jeung patémbongan dina maca simbol notasi balok. Maca
Ngembangkeun pangabisa pikeun ngabédakeun hurup pokal jeung konsonan, sagala rupa engang jeung pangabisa patémbongan dina maca jeung ngawih.

Musik jeung Kacerdasan Émosional[édit | édit sumber]

Ti baheula, musik geus jadi sarana ébréhan jeung komunikasi, ogé ku ngahaja sok ngagunakeun musik pikeun mangaruhan parasaan.[1] Musik bisa méré sumanget dina nyanghareupan kajadian penting, musik bisa nyieun jalma ceurik, ngahibur jalma séjén, nenangkeun hiji jalma, ngararamékeun pertikahan, ogé pikeun méré tanda hiji jalma tilar dunya.[1] Para ahli mibanda kayakinan yén musik klasik nyaéta musik anu paling pas dina ngaronjatkeun kacerdasan émosi jalma.[1] Henteu ngan saukur émosi hungkul, tapi ogé bisa ngabantu ngembangna otak kénca jeung otak katuhu.[1] Tabél di handap ieu nyaéta ngeunaan babaraha conto antawis musik jeung kacerdasan émosional, nyaéta jinis tarékah musikal anu bisa ngaronjatkeun kacerdasan émosional.[1]

Tarékah Musikal Kacerdasan Émosional
Ngadéngékeun musik ku ditengetan Ngébréhkeun jeun nyangkem parasaan, ngendalikeun kaambek.
Maén musik dina kukumpulan Kapedulian, pangabisa pikeun ngaluyukeun diri, asih ka batur.
Ngalatih Musik Katekunan.
Nyieun karya, nyiptakeun musik. Dipikaresep, sikep hormat, mandiri.

Musik jeung Kaséhatan[édit | édit sumber]

Térapi musik nyaéta kagiatan térapi kaséhatan ku ngagunakeun musik.[1] Jinis térapi anu dimaksud di antarana mulihkeun, nyageurkeun, jeung ngaringenkeun, utamina pikeun tujuan kaséhatan méntal-psikologis. Térapi musik bisa dilakukeun ku cara ngadéngékeun musik atawa maén musik.[1] Misalna nalika hiji jalma hésé konséntrasi, bisa ngajalanan kagiatan térapi musik pikeun nyageurkeun deui susunan sarap di otak sangkan bisa konséntrasi deui.[1] Hiji jalma anu leungit sumangetna ku sabab keur kadatangan masalah jeung kapusing bisa ngadatangkeun sumangetna deui liwat térapi musik.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah Sugiyanto dkk. 2011. Seni Budaya untuk SMK dan MAK Kelas X. Jakarta: Erlangga.
  2. Kemendikbud. 2014. Seni Budaya Kelas X SMA/MA/SMK/MAK. Jakarta: Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan.