Lompat ke isi

Kabupatén Bekasi

Alfabét Latin
     
Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Bekasi.
Kabupatén Bekasi

Lambang Kabupatén Bekasi

Stasion Keréta Cikarang
Kabupatén Bekasi is located in Jawa
Kabupatén Bekasi
Kabupatén Bekasi
Kabupatén Bekasi (Jawa)
Kabupatén Bekasi is located in Indonésia
Kabupatén Bekasi
Kabupatén Bekasi
Kabupatén Bekasi (Indonésia)

Peta lokasi Kabupatén Bekasi
MottoSWATANTRA WIBAWA MUKTI
(daérah nu rumah tanggana sorangan, pamaréntahan nu berwibawa nuju kana masarakat nu subur jeung makmur)
PropinsiJawa Kulon
IbukotaCikarang Pusat
Lega Wilayah1.484,37 km²
Kordinat6°21′57″S 107°10′23″E / 6.3659°S 107.1730°E / -6.3659; 107.1730
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.917.000 (2003)
1.292 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
23
187 désa
Dasar hukumUU No. 14 (8 Agustus 1950)
PP No. 32 (14 Agustus 1950)
Tanggal15 Agustus 1950
BupatiAde Kuswara Kunang
Wakil BupatiAde Surya Atmaja
Kode aréa021
DAURp. -

Ramatloka: bekasikab.go.id

Kabupatén Bekasi (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮨᮊᮞᮤ; basa Batawi Ora: بكاسى كبوفاتين, "Bekasih Kabupatèn") mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina catetan sajarah, ngaran "Bekasi" boga harti jeung nilai anu has. Nurutkeun Poerbatjaraka-, ahli Basa Sansakerta jeung Jawa Kuna - Asal kecap Bekasi, sacara filosofis asalna tina kecap Chandrabhaga. Chandra hartina "bulan" (dina basa jawa kuna, sarua jeung kecap "sasi") jeung bhaga nu hartina "bagian". Jadi, sacara étimologis kecap Chandrabaga hartina bagian tina bulan. Kecap Chandrabhaga robah jadi Bhagasasi nu pangucapana sok disingket jadi bhagasi. Kecap Bhagasi ieu dina palafalan basa Walanda osok ditulis "Bacassie" terus robah jadi Bekasi nepi ka ayeuna.

Bekasi dipikawanoh salaku "Bumi Patriot", nyaéta hiji wewengkon nu dijaga ku para pahlawan. Maranéhna berjuang di dinya nepi ka titik paméakana pikeun mertahankeun nagarana jeung ngarebut kamerdékaan ti nu ngajajah.

Géografis

[édit | édit sumber]

Kabupatén Bekasi mangrupa salah sahiji kabupatén di Jawa Kulon, nu boga wates antarana :

  1. Koordinat : 1060 58’ 5” – 1070 17’ 45” BT jeung 05054’ 50” – 060 29’ 15” LS.
  2. Suhu rata-rata  : 28-32C
  3. Curah Hujan  : 86,37mm (Taun 2006)
  4. Rata-rata poé hujan : 60,48mm (Taun 2006)
  5. Luhur lokasi  : 0 – 115m
  6. Kamiringan  : 0 – 250.

Transportasi

[édit | édit sumber]

Bekasi mangrupa bagian ti kawasan Jabotabek (kiwari jadi Jabodétabek). Bekasi diliwatan ku jalan tol Jakarta-Cikampék.

Perékonomian

[édit | édit sumber]

Loba industri manufaktur ayana di Bekasi, di antarana kawasan Jababéka Cikarang, MM2100, jeung sajabana.

Sumber Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. (id)Situs Resmi Provinsi Jawa Barat Archived 2015-03-23 di Wayback Machine diakses 4 Agustus 2015

Tumbu luar

[édit | édit sumber]