Bisnis
Bisnis, usaha, atawa niaga nyaéta kagiatan ngajual barang atawa jasa kalayan tujuan utama pikeun meunangkeun kauntungan.[1][2] Dina perspektif élmu ékonomi, bisnis dipikaharti minangka hiji organisasi anu nawarkeun produk atawa layanan ka konsumen atawa ka éntitas séjén pakeun meunangkeun laba. Sacara étimologis, istilah business asalna tina basa Inggris, tina kecap busy anu hartina “sibuk,” nujul kana kagiatan individu, kelompok, atawa masarakat anu kalibet dina pagawean produktif anu ngahasilkeun mangpaat ékonomi.
Dina sistem ékonomi kapitalis, sabagian gedé bisnis dipimilik ku pihak swasta sarta museur kana ngahontal kauntungan jeung ningkatkeun kakretaan nu boga jeung para pemangku kapentingan. Boh nu boga boh tanaga kerja meunang kompensasi nurutkeun waktu, usaha, atawa modal anu dipasihkeunana. Sanajan kitu, teu kabéh wangun usaha téh ngan ukur museur kana kauntungan murni; contona koperasi anu tujuanna pakeun nyejahterakeun anggotana, atawa lembaga pamaréntah anu digawé pakeun kapentingan rahayat. Modél bisnis ieu béda jeung ékonomi sosialis, anu mayoritas pausahaan gedé biasana dipimilik ku nagara, masarakat loba, atawa ku serikat pagawé.
Ditilik tina asal-usul kecap, bisnis dipikaharti minangka kaayaan nalika individu atawa kelompok kalibet dina kagiatan anu ngahasilkeun nilai tambah atawa kauntungan. Kecap “bisnis” sorangan miboga tilu cakupan pamakéan: kahiji, nujul kana badan usaha minangka hiji kasatuan hukum, téknis, jeung ékonomis anu ngahaja milarian laba; kadua, nuduhkeun kana widang usaha tangtu, saperti “bisnis média télévisi”; jeung katilu, ngarujuk kana sakabéh kagiatan panyadia barang boh jasa di masarakat. Sanajan kitu, definisi anu pasti ngeunaan “bisnis” masih remen jadi bahan perdebat nepi ka kiwari.
Wangun Organisasi Bisnis
[édit | édit sumber]Pausahaan Pasorangan
Perusahaan perseorangan nyaéta wangun usaha anu dipiboga ku hiji jalma wungkul. Nu boga tanggung jawab pinuh jeung henteu diwatesanan kana sagala kabeungharan pausahaan. Pangelolaan dilakukeun sacara pribadi, kalayan modal anu asalna tina banda milik sorangan. Wangun usaha ieu mibanda kaunggulan sakaligus kakurangan anu perlu diperhatikeun.
Pasekutuan
Pasekutuan nyaéta usaha anu dijalankeun ku dua urang atawa leuwih kalayan tujuan pakeun meunangkeun kauntungan babarengan. Saperti dina perusahaan pasorangan, unggal anggota pasekutuan ogé nanggung jawab henteu diwatesanan kana aset pausahaan. Wangun pasekutuan kabagi jadi dua, nyaéta firma jeung komanditer.
Paseroan
Perseroan nyaéta wangun usaha anu dipimilik ku sababaraha pegenggem saham sarta dikelola dina pangawasan dewan direksi. Lain jeung pasorangan atawa pasekutuan, tanggung jawab para nu boga ngan diwatesanan kana banda anu dipasrahkeun (diinvestasikeun) kana pausahaan.
Koperasi
Koperasi nyaéta organisasi usaha anu anggotana bisa mangrupa individu boh badan hukum koperasi, anu dumasar kana prinsip koperasi jeung asas kakaulawargaan minangka gerakan ékonomi rahayat. Tujuan utama koperasi nyaéta pakeun ningkatkeun kakretaan para anggotana. Ciri has koperasi dibandingkeun jeung badan usaha séjén nyaéta ayana idéntitas ganda, nyaéta anggota sakaligus jadi anu boga jeung anu ngamangpaatkeun layanan koperasi.
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ M.Si, Dr Ir Hj Apiaty Kamaluddin; M.Si, Dr Patta Rapanna, S. E. (2017-07-31). Administrasi Bisnis (Dina basa Indonesia). SAH MEDIA. ISBN 978-602-6928-23-8. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- ↑ Komunikasi Bisnis, edisi 3 (Dina basa Indonesia). Erlangga. ISBN 978-979-781-242-3.