Lompat ke isi

Cakcak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cakcak
Cakcak imah
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo:
Kulawarga:
Gekkonidae

Gray, 1825
Subfamilia

Aeluroscalabotinae
Eublepharinae
Gekkoninae
Teratoscincinae
Diplodactylinae

Cakcak nyaéta kadal anggota tina kulawarga Gekkonidae, ukuranna kawilang leutik dugi ka sedeng, hirup di wewengkon iklim haneut di sakuliah dunya. Teu ilahar sareng bangsa kadal lianna, cakcak mah sok disada nalika aya interaksi sareng cakcak lianna. Kaistiméwaan sanésna nyaéta kamampuhna pikeun napak dina widang vértikal anu lemes. Di wewengkon iklim haneut mah cakcak téh dalit pisan dina kahirupan manusa sapoé-poé, sabab sering aya di lingkungan jero paimahan, komo ku sipatna anu sok ngahakan gegeremet (serangga) anu sok ngaganggu (misalna reungit).

Kalolobaan cakcak kelirna coklat semu kulawu kolot, pola dina kulitna lemes, sarta katingalna geunyal. Sababaraha spésiés tiasa ngarobah kelir awakna sangkan luyu sareng sakurilingna atanapi ku ayana béntenna suhu. Nanging, anu sanésna malah tiasa robah janten langkung moronyoy.

Aya sababaraha spésiés cakcak anu mibanda sipat parténogenik, nyaéta bikangna tiasa ngendog tanpa kedah jalangan sareng jalu.

Dina kaélmuan, anu janten "béntangna" téh nyaéta dampal sukuna, jalaran tiasa napel kana rupa-rupa bahan tanpa kedah nganggo cairan atanapi tegangan beungeut cai. Panalungtikan panganyarna ngeunaan setae (bulu-bulu lemes) dina dampal suku cakcak nuduhkeun yén gaya tarik anu nyepeng cakcak kana hiji widang téh mangrupa interaksi van der Waals antara bagean-bagean setae anu kacida lembutna sareng éta widang sorangan.

Kanyataan yén ieu interaksi téh henteu merlukeun cairan (atanapi gas) mangrupa hal anu kacida pentingna; sacara téori, sapatu bot anu dijieun tina setae sintétis bakal tiasa napel kalayan gampang dina beungeut Stasion Luar Angkasa Internasional sakumaha gampangna napel dina témbok rohang tamu.

Kulawarga Gekkonidae dipasing-pasing janten lima sub-kulawarga, anu di jerona ngawengku rupa-rupa génus sarta spésiés cakcak. Seueur cakcak anu dipiara (dikukut) jalaran sipatna anu tiasa ngahakan rupa-rupa gegeremet (serangga), malah sakali-kali mah sok katingal neda bungbuahan.

Spésiés cakcak anu ilahar

[édit | édit sumber]
  • Cakcak emas, Gekko ulikovski
  • Cakcak imah, Hemidactylus frenatus—spésiés anu paling ilahar pinanggih di lingkungan paimahan, sumebar di wewengkon tropis sarta subtropis.
  • Cakcak Indo-Pasifik, Hemidactylus garnoti—ogé katelah cakcak careuh (fox gecko) jalaran babangusna (sungut) panjang mirupa careuh. Ieu spésiés seueur aya di paimahan di wewengkon tropis.
  • Cakcak Méditerania, Hemidactylus turcicus—aya anu hirup di paimahan, aya ogé anu hirup liar di alam bébas.
  • Cakcak leopard, Eublepharis macularius—spésiés anu panglobana dipiara ku manusa, katingalna mah jalaran ieu sato téh teu mampuh naék kana widang kaca anu lemes.
  • Toké, Gekko gecko—ieu pisan kadal anu janten dadasar tina nami "gecko" (cakcak). Kaasup salah sahiji kadal anu tiasa ngaluarkeun sora, sarta sora nalika mangsa jalanganana téh unina ték-ké-ték-ké. Toké mangrupa spésiés anu éndah nanging kacida galakna, asalna ti Asia Tenggara. Di sawatara tempat, ieu sato téh dilepaskeun di jero paimahan pikeun ngabasmi cakécur (cungunguk).

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  • Gecko, Wikipédia édisi basa Inggris per 23 Pébruari 2006.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]

Citakan:Reglist