Kabupatén Simalungun
Kabupatén Simalungun nyaéta kabupatén nu aya di Sumatera Kalér, katelahna kabupatén pangluasna katilu sanggeus Kabupatén Mandailing Natal jeung Kabupatén Langkat.[1] Luas wewengkon Kabupatén Simalungun nyaéta 4.372,5 km2.[1] Kabupatén Simalungun disusun ku 32 kacamatan kalawan Kacamatan Hatonduhan minangka kacamatan pangluasna.[1][2]
Géografi
[édit | édit sumber]Kabupatén Simalungun kawilang wewengkon nu kacida stratégisna sarta aya di kawasan wisata Danau Toba - Parapat.[1] Iwal ti Kacamatan Hatonduhan minangka kacamatan pangluasna, kacamatan pangleutikna nyaéta Haranggaol Horison kalawan rata-rata jarak ka puseur dayeuh kabupatén nyaéta 30 km.[1] Titik pangjauhna nyaéta Kacamatan Silou Kahéan nyaéta 127 km jeung Kacamatan Ujung Pandang 113 km.[1]
Wates Wewengkon[tumbu nonaktif]
[édit | édit sumber]| Kalér | Kabupatén Serdang Bedagai jeung Kabupatén Déli Serdang |
| Wétan | Kabupatén Asahan jeung Kabupatén Batu Bara |
| Kidul | Kabupatén Toba Samosir jeung Kabupatén Samosir |
| Kulon | Kabupatén Karo |
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]
Kabupatén Simalungun kawengku ku 32 kacamatan nyaéta:[tumbu nonaktif][3]
| No | Kacamatan | No | Kacamatan | No | Kacamatan |
|---|---|---|---|---|---|
| 1 | Silimakuta | 12 | Jorlang Hataran | 23 | Gunung Malingas |
| 2 | Pamatang Silimahuta | 13 | Panei | 24 | Huta Bayu Raja |
| 3 | Purba | 14 | Panombeian Panei | 25 | Jawa Maraja Bah Jambi |
| 4 | Haranggaol Horison | 15 | Raya | 26 | Pematang Bandar |
| 5 | Dolok Pardamean | 16 | Dolok Silau | 27 | Bandar Huluan |
| 6 | Sidamanik | 17 | Silau Kahean | 28 | Bandar |
| 7 | Pematang Sidamanik | 18 | Raya Kahean | 29 | Bandar Masilam |
| 8 | Girsang Sipangan Bolon | 19 | Tapian Dolok | 30 | Bosar Maligas |
| 9 | Tanah Jawa | 20 | Dolok Batu Nanggar | 31 | Ujung Pandang |
| 10 | Hatonduhan | 21 | Siantar | 32 | Dolog Masagal[3] |
| 11 | Dolok Panribuan | 22 | Gunung Malela |
Lambang
[édit | édit sumber]Dumasar kana Peraturan Daérah Kabupatén Simalungun Nomor 5 Tahun 1960, lambang Kabupatén Simalungun kawengku ku sababaraha simbol nyaéta:[4]
| No | Lambang |
|---|---|
| 1 | Lambang nu ngawangun taméng kabagi ku lima bagéan kalawan dasar lambang warna héjo |
| 2 | Bagéan ti luhur lambang ngagambarkeun hiou suri-suri kalawan warna hideung nu boga suat bodas. Dina hiou suri-suri bagéan luhur ditulis ngaran wewengkon Simalungun kalawan tulisan bodas. |
| 3 | Bagéan kénca luhur jeung katuhu handap boga dasar warna beureum kolot. |
| 4 | Bagéan kénca handap jeung katuhu luhur boga dasar warna bodas. |
| 5 | Bagéan tengah boga dasar warna emas. |
| 6 | Gambar di bagéan kénca handap nyaéta paré kalawan 17 siki, warna emas. |
| 7 | Gambar di bagéan kénca luhur nyaéta daun entéh kalawan jumlah 8 lambar warna héjo. |
| 8 | Gambar di katuhu luhur nyaéta Bukit Barisan nu boga 4 puncak anu dua puncak di tengah leuwih luhur lamun dibandingkeun jeung dua puncak katuhu kéncana kalawan warna bulao. Dihandapna aya gelombang sétu opat baris warna bulao kayas. |
| 9 | Gambar di katuhu handap nyaéta kembang kapas 5 pucuk warna bodas jeung kuncup kembangna héjo. |
| 10 | Gambar di bagéan tengah nyaéta imah balai adat kawan susun galang 10, tangga 7, jerjak 8 sabeulah, tihang 4, sudut hateup lima jeung dina rabung luhur aya gambar hulu kebo kalawan dasar warna hateup hideung jeung galangna bodas. |
| 11 | Gurat wates - wates ku warna hideung jeung beulah luar taméng bagéan sisi hiou suri-suri ditambahan ku gurat bodas. |
| 12 | Pita di bagéan handap taméng warna bodas sisina warna hideung boga tulisan semboyan lambang. |
| 13 | Semboyan lambang HABONARON DO BONA dina basa Simalungun nyaéta kahadéan téh inti. |
| No | Harti Lambang |
| 1 | Lambang taméng ngagambarkeun kakuatan jeung pertahanan ngabéla wewengkon jeung nagara. |
| 2 | Wilangan - wilangan di bagéan lambang nyaéta simbolik nu ngagambarkeun kasetiaan ka Nagara RI. |
| 3 | Paré jeung Kapas minangka kabutuhan pokok pikeun ngahontal kamakmuran jeung kaadilan. |
| 4 | Daun entéh nyaéta hasil utama ti wewengkon Simalungun. |
| 5 | Gunung jeung Sétu minangka gambaran kaéndahan alam. |
| 6 | Gelombang setu minangka gambaran dinamika masarakat. |
| 7 | Imah Balai nyaéta spesifik wewengkon nu ngagambarkeun adat kabudayaan jeung kasenian. |
Sumber
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 "BPS Kabupaten Simalungun". simalungunkab.bps.go.id. Diaksés tanggal 2021-03-04. Archived 2022-07-14 di Wayback Machine
- ↑ Situmorang, M.A., M.Th., Pdt. Dr. Jonar (2023). Asal-Usul, Silsilah dan Tradisi Budaya BatakSitumorang, M.A., M.Th. Jakarta: Penerbit Andi. hlm. 97. ISBN 9786238806614. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi 27Juli 2024
- 1 2 "Badan Pembinaan Hukum Nasional". jdihn.go.id. Diaksés tanggal 2021-03-04.[tumbu nonaktif]
- ↑ "Arti Lambang". www.simalungunkab.go.id. Diaksés tanggal 2021-03-04. Archived 2021-01-23 di Wayback Machine