Sato

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Sasatoan)
Kéwan
Temporal range: KriogeniumHolosen, 670–0Ma
Klasifikasi ilmiah
Domain:
Karajaan:
Animalia

Filum
Sinonim

Sato hartina golongan organismeu dina karajaan Animalia atawa Metazoa, sacara umum multisélular, bisa pipindahan sarta résponsif ka sabudeureunana, sarta dahar organismeu séjén salaku asupanana. Dedegan awakna beuki jejeg nalika sawawa, biasana tumuwuh tina émbrio, najan aya ogé nu ngalaman métamorfosis. Manusa ogé kaasup kana karajaan Animalia.[1]

Karajaan Animalia mibanda sababaraha ciri nu ngabédakeun ti mahluk hirup lianna. Nu kahiji, sasatoan téh eukariot, antukna misah ti Karajaan Monera. Kadua, sato téh multisélular, antukna misah ti Karajaan Protista. Katilu, heterotrof, antukna misah ti Karajaan Plantae katut sababaraha protist nu mirip tutuwuhan. Panungtung, Karajaan Animalia ngawengku organisme-organisme nu teu boga pinding sél (dinding sel, cell walls), antukna misah ti Karajaan Plantae, algae, jeung Karajaan Fungi.

Aristotle ngabagi mahluk hirup antara sasatoan jeung tutuwuhan, nu salajengna dituturkeun ku Carolus Linnaeus dina klasifikasi hirarki munggaran. Ti saprak harita para ahli biologi mimiti ngaduga-duga hubungan évolusina, antukna dua kelompok ieu bener-bener misah. Pikeun conto, protozoa mikroskopik asalna mah dianggap sato ku sabab usik, tapi kiwari mah misah. Tina sawangan sababaraha ageman, manusa dianggap misah ti sato (sabab kamampuhna nu béda, nyaéta bisa nyarita jeung mikir), tapi baku taksonomi kiwari mah tetep ngahiji.

Struktur[édit | édit sumber]

Iwal ti pikeun sababaraha organismeu, utamana spons (Filum Porifera), awak sato kabagi kana sababaraha jaringan, di antarana otot, nu ngamungkinkeun kontrol gerak, sarta sistim saraf nu ngirim jeung ngolah sinyal-sinyal ti anggota awak lianna.

Sakabéh sato boga sél eukariotik, nu dikubeng ku sarupaning matriks ékstrasélular nu diwangun ku kolagén jeung glikoprotéin nu élastis. Matriks ieu bisa dikalsifikasi antukna jadi struktur kawas cangkang, tulang, jeung spikula. Sabalikna, organisme multisélular lianna modél tangkal jeung suung, sélna téh dibungkus ku pinding sél (dinding sel, cell wall).

Baranahan jeung tumuwuh[édit | édit sumber]

Ampir sakabéh sasatoan ngalaman sarupaning bentuk réproduksi séksual. Sato nu geus sawawa mibanda sél-sél réproduktif husus, nu ngalaman méiosis nu ngahasilkeun spérma atawa endog. Mun dua sél ieu ngahiji, lajeng bakal jadi zigot, nu tumuwuh jadi individu anyar.

Loba ogé sasatoan nu bisa ngalampahkeun réproduksi aséksual, nyaéta ngaliwatan prosés parténogenesis nu ngahasilkeun endog nu subur tanpa kawin, atawa - dina sababaraha kasus - ngaliwatan prosés fragméntasi.

Zigot mimitina tumuwuh jadi blastula, nu disusun ulang jeung ngalaman diferensiasi. Dina spons, larva blastula ngojay ka tempat séjén nu lajeng tumuwuh jadi spons anyar. Dina lolobana kelompok lianna, blastula ngalaman panyusunan ulang nu leuwih pajeulit.

Asal-usul jeung catetan fosil[édit | édit sumber]

Sacara umum (nurutkeun téori), sato dianggap ngalaman évolusi ti protozoa flagellate. Dulur pangdeukeutna nu masih aya nyaéta choanoflagellate, flagellate nu mibanda struktur nu sarua jeung sababaraha spons. Ulikan molekular nempatkeun ieu organisme dina hiji supergrup nu disebut opisthokont, nu ogé ngawengku suung jeung sababaraha protist parasit leutik. Ngaran ieu asalna tina lokasi posterior flagellum dina sél motil, kawas dina lolobana spérma sasatoan, sagédéngeun eukariot lian nu boga flagel anterior.

Fosil munggaran nu meureun ngawakilan sasatoan datangna ti ahir jaman Precambrian, kira 600 juta taun ka tukang, nu katelah biota Vendian. Tapi ieu téh hésé disambungkeunana jeung papanggihan fosil nu leuwih anyar, nu bisa baé dianggap salaku prékursor fila modérn, tapi bisa ogé ti kelompok anu béda. Malah mah, bisa jadi fosil nu kapanggih téh lain sato sato acan. Di sagigireun ti éta, lolobana fila sasatoan nu geus kanyahoan mah kurang leuwihna datang sacara simultan dina périodeu Cambrian, kira 570 juta taun ka tukang. Nu katelah ledakan Cambrian téh matak hémeng nu puguh mah, naha ieu téh kajadian ngarancabangna kelompok-kelompok kalawan gancang atawa parobahan lingkungan nu ngabalukarkeun bisa lumangsungna fosilisasi.

Golongan sato[édit | édit sumber]

Sajarah klasifikasi[édit | édit sumber]

Dina skéma awal Linnaeus, sasatoan téh mangrupa salah sahiji ti tilu karajaan, nu dibagi deui kana genep kelas: Cacing, Serangga, Lauk, Amfibi, Manuk, jeung Mamalia. Lajeng nu opat panungtungan digabungkeun jadi hiji filum: Chordata, sedengkeun nu séjénna ngarancabang deui.

Conto[édit | édit sumber]

Sababaraha sasatoan nu ilahar dipikawanoh, dibéréndélkeun dumasar ngaran umumna:

anjing - bagong - beruk - hayam - kuda - lutung - manuk - munding - simeut - sireum - turaés - ucing

Baca ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Wikibooks
Wikibooks
Pustaka Wiki mibanda Dichotomous Key nu patali jeung takson ieu:

Biologi SMA]


Cutatan[édit | édit sumber]

  1. Riski, Azzurrino (2018). Riski. Indonesia: Elex Media Komputindo. p. 1. ISBN 9786020454429.  Disungsi16 Januari 2022