Platyhelminthes

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Platyhelminthes
Rupa jeung jenis Platyhelmintes numutkeun Kunstformen der Natur (1904)
Klasifikasi ilmiah
Domain:
Karajaan:
Filum:
Platyhelminthes
Kelas

Platyhelminthes (asal kecap ti basa Yunani, platy hartina pipih atawa ipis, helminthes hartina cacing) nyaéta filum ti karajaan Animalia (sato) nu struktur awakna geus leuwih sampurna ti batan Porifera jeung Coelenterata.[1][2][3]

Ciri Awak[édit | édit sumber]

Platyhelminthes boga tilu lapisan sél (triplobastik) nyaéta éktoderm, mésoderm jeung éndoderm. Ahli biasana mikawanoh platyhelminthes dumasar kana ukuran, bentuk, struktur jeung pungsi awak.[2]

Ukuran jeung Bentuk[édit | édit sumber]

Platyhelminthes boga ukuran anu rupa-rupa, ti mimiti nu ukurana mikroskopis nepi ka nu panjangna 20 m. Awak platyhelminthes simétri bilateral kalawan wangunna nu ipis. Di sakabéh sato simétri bilateral, platyhelminthes boga awak nu pangsederhanana.[2]

Struktur jeung Pungsi Awak[édit | édit sumber]

Platyhelminthes teu boga lolongkrang atawa rangka awak (selom) nepi ka disebut sato aselomata. Sistem pencernaan ngawengku sungut, faring jeung usus (teu boga anus). Usus nu boga cabang ka sakabéh awakna. Platyhemilnthes teu boga sistem sirkulasi getih. Platyhelminthes ogé teu boga sistem réspirasi jeung ékskrési. Sistem napasna ngaliwatan cara difusi ka sakabéh sél awakna. Prosés ieu bisa dilakukeun sabab dilantarankeun awakna anu pipih. Sistem ékskrési di kelompok platyhelmintes séjén boga pungsi pikeun ngajaga kadar cai dina awakna.[2]

Sistem Réproduksi[édit | édit sumber]

Sistem réproduksi platyhelminthes dilakukeun sacara aséksual jeung séksual. Filum ieu kaasup sato hérmaprodit, hartina dina hiji individu boga organ séksual jalu sarta organ séksual bikang. Réproduksi sacara aséksual biasana dilakukeun ngaliwatan cara fragméntasi. Sedengkeun réproduksi sacara séksual dilakukeun ngaliwatan ngahijina spérma jeung ovum.[2]

Klasifikasi Platyhelminthes[édit | édit sumber]

Platyhelminthes kawengku ku tilu klasifikasi nyaéta Turbellaria, Trematoda jeung Cestoda. Sakabéh klasifikasi baris ditataan saperti ieu di handap:

Turbellaria[édit | édit sumber]

Dugesia subtentaculata conto kelas Turbellaria

Turbellaria nyaéta kelas ti filum platyhelminthes anu hirup nonparasit sarta lolobana hirup di laut. Turbellaria mibanda struktur awak silia (rambut getar). Silia dipaké pikeun alat gerak. Iwal maké silia, sato ieu gerak maké otot awakna anu sarupa siga gelombang. Conto sato turbellaria nyaéta Dugesia sp. atawa sakapeung disebut ogé planaria. Planaria boga struktur awak wangunna segitilu jeung boga bintik panon di bagéan hareup (anterior). Bintik panon ieu anu boga pungsi ngabédakeun kaayaan poék jeung caang.[2]

Pikeun sistem réproduksina, sacara aséksual jeung séksual. Sacara aséksual ngaliwatan cara fragméntasi (unggal sésa pameulahan awakna bakal jadi individu anyar nu utuh). Réproduksi séksualna ngaliwatan fértilisasi sacara silang antara dua individu. Sistem pencernaan ngawengku sungut, faring anu tuluy lanjut ka usus mangcabang-cabang nu disebut gastrovaskulér, sarta teu boga anus. Faring nongtot di sisi véntral jeung tungtungna balik deui ka sungut. Sistem ékskrési ngawengku sapasang saluran manjang sarta boga loba cabang nu disebut protonefridia nu tungtungna aya di liang/pori awakna anu disebut sél seuneu/flame sél.[2]

Trématoda (cacing isap)[édit | édit sumber]

Fasciola hepatica anu geus gedé bagéan ti kelas Trématoda

Trématoda disebut ogé cacing isap (bs. Sunda, sedot) sabab cacing ieu ngaboga alat penghisap. Alat éta aya di sungut bagéan anterior awakna. Alat éta digunakeun pikeun napel ka awak indung inang. Ku kituna bisa disebut yén trématoda minangka sato parasit.[3]

Trématoda nu geus gedé biasana hirup di jero haté, usus, paru-paru, ginjal jeung pembuluh getih vertebrata. Trématoda aya sarta ngajaga hirupna di jero awak inangna ku cara ngalapisan awakna ku kutikula. Awakna teu boga silia. salah sahiji conto trématoda nyaéta cacing haté (Fasciola hepatica). Cacing ieu boga siklus hirup nu kompléks sabab kudu boga dua rupa inang, nyaéta inang utama jeung inang perantara. Siklus hirup cacing ieu ngawengku dua faseu nyaéta aséksual jeung séksual. Aséksual ku cara meulah awakna nalika masih jadi larva di jero awak inang perantara. Séksual nalika cacing geus gedé di jero awak inang utama.[3]

Céstoda (cacing pita)[édit | édit sumber]

Diphyl proglottide nyaéta ségmén-ségmén di cacing pita.

Céstoda disebut ogé cacing pita sabab wangunna pipih tuluy manjang siga pita. Awakna nu diwangun ku sababaraha ségmén, unggal ségmén disebut prolotid. Proglotid saliwat bisa katempo siga individu mandiri sabab boga kalengkepan organ sakumaha organismeu biasana. Ku kituna sistem ségméntasi di céstoda dingaranan ségméntasi strobilasi. Di bagéan anterior aya skoleks (hulu) anu dilengkepan ku pangait (rostelum) jeung alat penghisap (sucker). Cacing pita sipatna hérmaprodit.[4]

Proglotid nu geus leuwih kolot biasana aya di pangtukangna jauh ti hulu. Cara daharna ngaliwatan nyokot ka inang ku cara absorbsi ngaliwatan sakabéh awakna.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Untara, Wahyu. 2014. Kamus Sains. Yogyakarta: IndonesiaTera
  2. a b c d e f g Aryulina, Dian. 2006. Biologi SMA dan MA untuk Kelas X. Jakarta: Penerbit Erlangga
  3. a b c Firmansyah, Rikky. 2007. Mudah dan Aktif Belajar Biologi. Bandung:PT. Setia Purna Inves
  4. a b Subadri. 2009. Biologi 1 Untuk SMA X. Jakarta: CV. Usaha Makmur