Karajaan Kalingga
| Karajaan Kalingga Karajaan Ho-Ling | ||||
| ||||
| Ibu kota | Keling (Jepara) | |||
| Basa | Basa Jawa Kuna, Basa Melayu Kuna (nalika kakawasaan Sriwijaya), Basa Sanskerta | |||
| Agama | Hindu, Budha, Kajawén | |||
| Pamaréntahan | Monarki | |||
| Raja atanapi Ratu | ||||
| - sakitar taun 674–732¹ | Ratu Shima | |||
| - 732 | Sanjaya | |||
| Sajarah | ||||
| - Ngadeg | Abad ka-6 | |||
| - Bubar | Abad ka-7 | |||
| ¹Dumasar kana naskah-naskah Karajaan Jawa, catetan padagangan, jsté. | ||||
| Warning: Value specified for "continent" does not comply | ||||
Karajaan Kalingga atanapi Karajaan Ho-ling (dumasar kana warta Dinasti Tang) nyaéta karajaan corak Hindu-Budha anu kungsi aya di Jawa Tengah sakitar abad ka-6. Perenah puseur dayeuhna can bisa dipastikeun sacara écés, nanging diperkirakeun aya di antara Pekalongan jeung Jepara ayeuna. Sumber sajarah ieu karajaan dicandak tina warta Dinasti Tang, tradisi lisan lokal, sarta naskah Carita Parahiyangan anu disusun dina abad ka-16, anu nyaritakeun ngeunaan Ratu Shima sarta hubunganana jeung Karajaan Galuh. Kalingga dipikawanoh kungsi diparéntah ku Ratu Shima, nu kasohor ku aturanana anu kacida tegasna dina negakkeun hukum.[1]
Historiografi
[édit | édit sumber]Catetan sajarah ngeunaan ayana Karajaan Kalingga dicandak tina dua sumber utama, nyaéta naskah-naskah karajaan di Jawa sarta catetan sajarah ti Dinasti Tang. Salian ti éta, sumber séjénna asalna tina tradisi lisan lokal anu nyaritakeun ngeunaan sosok ratu légendaris anu jenenganana Ratu Shima.
Sumber Lokal
[édit | édit sumber]Carita Parahyangan
[édit | édit sumber]Dumasar kana naskah Carita Parahiyangan anu asalna ti abad ka-16, putri Maharani Shima anu jenenganana Parwati, nikah ka putra makuta Karajaan Galuh anu jenenganana Mandiminyak, anu satuluyna janten raja kadua di Karajaan Galuh. Maharani Shima miboga incu anu jenenganana Sanaha, anu nikah ka raja katilu Karajaan Galuh, nyaéta Bratasena. Ti Sanaha sareng Bratasena, lahir putra anu jenenganana Sanjaya, anu engkéna janten raja di Karajaan Sunda sarta Karajaan Galuh (723–732 Maséhi).[2]
Saantos Maharani Shima pupus dina taun 732 Maséhi, Sanjaya ngagentos kalungguhanana sarta janten raja di Kalingga Kalér anu saterusna katelah Bumi Mataram. Sanjaya engkéna ngadegkeun Wangsa Sanjaya di Karajaan Mataram Kuna.
Kakuatan di Jawa Kulon dipasrahkeun ka putrana ti Tejakancana, nyaéta Tamperan Barmawijaya (Rakeyan Panaraban). Lajeng, Sanjaya nikah ka Sudiwara, putri ti Déwasinga anu mangrupa Raja Kalingga Kidul atanapi Bumi Sambara, sarta miboga putra nyaéta Rakai Panangkaran.
Unak-anik lokal
[édit | édit sumber]Aya carita anu tumuwuh di Jawa Tengah bagian kalér ngeunaan hiji Ratu légendaris anu negakkeun kaadilan sarta bebeneran kalawan teu pandang bulu. Ieu dongéng nyaritakeun ngeunaan Ratu Shima anu ngadidik rahayatna supados salawasna jujur sarta nindak tegas sagala rupa kajahatan, utamana maling. Anjeunna nerapkeun hukuman anu kacida beuratna, nyaéta sapat suku atanapi leungeun pikeun saha waé anu maok.
Dina hiji waktu, aya saurang raja ti peuntas lautan anu ngadéngé béja ngeunaan kajujuran rahayat Karajaan Kalingga. Pikeun nguji éta hal, anjeunna neundeun pundi anu eusina koin emas di simpang jalan deukeut pasar. Taya saurang ogé rahayat Kalingga anu wani nyabak, sumawona nyandak éta barang anu sanés hakna. Nepi ka tilu taun ti harita, éta pundi teu kahaja kacekel ku suku putra makuta. Ratu Shima, demi negakkeun hukum, méré paréntah pikeun ngahukum mati putrana sorangan. Déwan menteri ménta sangkan Ratu ngahampura putrana. Lantaran suku pangeran anu nyabak éta barang, tungtungna pangeran dihukum ku cara diteukteuk sukuna.[3]
Warta ti Nagri Cina
[édit | édit sumber]Salian ti prasasti-prasasti anu aya di wewengkon Jawa Tengah, katerangan ngeunaan Karajaan Kalingga ogé kapendak dina catetan Dinasti Tang (618–906 Maséhi). Sababaraha informasi penting tina éta catetan nyaéta:
- Kalingga atanapi disebut ogé Ho-ling (Dhawa) perenahna di Samudra Kidul. Di beulah kalér wawatesan sareng Ta-hen-la (Kamboja), di beulah wétan sareng Po-li (Bali), sarta di beulah kulon sareng Pulo Sumatra.
- Puseur dayeuh Kalingga dikurilingan ku témbok anu dijieun tina pager kai.
- Raja linggih di wangunan ageung tingkat anu hateupna tina injuk atanapi daun palem, sarta korsi karajaanana dijieun tina gading.
- Rahayat Karajaan Kalingga parantos mahér ngadamel inuman keras tina sari kembang kalapa.
- Wewengkon Kalingga ngahasilkeun kulit kuya, emas, pérak, tanduk badak, sarta gading gajah.[4]
Catetan ngeunaan warta Dinasti Tang urang ogé disebutkeun yén ti taun 674 , nu urang tina Kalinga maréntah ku Ratu Hsi-ma ( shima ). Biasana ieu mangrupa ratu pohara adil jeung wijaksana. Salila kakuasaan na Karajaan Kalinga pisan aman tur aman.
Catetan I-Tsing
[édit | édit sumber]Catetan I-Tsing (dina taun 664/665 Maséhi) nyebutkeun yén dina abad ka-7, tanah Jawa parantos janten salah saiiji puseur pangaweruh kaagamaan Budha Hinayana. Di Kalingga, aya saurang pandita anu jenenganana Hwining, anu narjamahkeun salah sahiji kitab suci Agama Budha kana basa Cina. Anjeunna gawé bareng sareng pandita asal Jawa anu jenenganana Janabadra. Salah sahiji kitab anu ditarjamahkeun téh nyaéta kitab anu nyaritakeun ngeunaan Nirwana.[5][4]
Warisan
[édit | édit sumber]Titilar ti Karajaan Kalingga nyaéta:
Prasasti Tukmas
[édit | édit sumber]Prasasti Tukmas kapanggih dina lamping kulon Gunung Merapi, persis di Dukuh Dakawu, Désa Lebak, Kacamatan Grabag, Magelang, Jawa Tengah. Ieu prasasti ditulis ngagunakeun Aksara Pallawa sarta Basa Sanskerta. Eusi prasastina nyaritakeun ngeunaan cinyusu anu bersih sarta herang. Walungan anu ngalir tina éta sumber cai diibaratkeun janten Walungan Gangga di India. Dina ieu prasasti, aya gambar-gambar sapertos trisula, kendi, kampak, siput (sangkha), cakra, sarta taraté (lotus) anu mangrupa simbol hubungan manusa sareng déwa-déwa Hindu.[6]
Prasasti Sojomerto
[édit | édit sumber]Prasasti Sojomerto kapanggih di Désa Sojomerto, Kacamatan Reban, Batang, Jawa Tengah. Ieu prasasti ditalis nganggo Aksara Kawi sarta Basa Melayu Kuna, asalna tina sakitar abad ka-7 Maséhi. Eusi prasasti ieu miboga corak agama Siwa (Siwais).
Dina ieu prasasti, disebutkeun silsilah kulawarga tokoh utamana, nyaéta Dapunta Selendra. Bapana jenenganana Santanu, ibuna jenenganana Bhadrawati, sarta pamajikanana jenenganana Sampula. Prof. Drs. Boechari boga pamanggih yén tokoh Dapunta Selendra téh mangrupa cikal bakal turunan raja-raja ti Wangsa Sailendra anu engkéna maréntah di Karajaan Mataram Kuna. Kapanggihna ieu prasasti nembongkeun yén wewengkon basisir kalér Jawa Tengah mangrupa tempat awal mekarna karajaan-karajaan Hindu-Siwa, sarta miboga hubungan sajarah sareng Wangsa Sailendra anu satuluyna mekar di bagian kidul Jawa Tengah.
Candi sarta Situs Bersejarah
[édit | édit sumber]- Candi Angin: Candi Angin kapanggih di Désa Tempur, Kacamatan Keling, Kabupatén Jepara, Jawa Tengah.
- Candi Bubrah: Candi Bubrah ogé perenahna di Désa Tempur, Kacamatan Keling, Kabupatén Jepara, Jawa Tengah. (Catetan: Candi Bubrah di dieu béda sareng Candi Bubrah anu aya di kompleks Prambanan).
- Situs Puncak Sanga Likur: Perenahna di Puncak Rahtawu, Gunung Muria, deukeut wilayah Kacamatan Keling. Di luhur puncak ieu aya opat arca batu, nyaéta arca Batara Guru, Narada, Togog, sarta Wisnu. Dugi ka ayeuna, taya saurang ogé anu bisa mastikeun kumaha carana éta arca-arca dibawa ka luhur puncak, tempo rupa bumi anu kacida beuratna (mipit). Dina taun 1990, di sabudeureun ieu puncak, Prof. Gunadi sarta staf ti Balai Arkeologi Yogyakarta manggihan Prasasti Rahtawun.[7] Salian ti éta opat arca, di wilayah ieu ogé aya genep tempat ibadah anu sumebar ti mimiti bagian handap dugi ka luhur, anu dingaranan dumasar kana tokoh wayang: Bambang Sakri, Abiyoso, Jonggring Saloko, Sekutrem, Pandu Dewonoto, sarta Kamunoyoso.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Hendarsah, Amir (2013). "Cerita Kerajaan Nusantara". Yogyakarta: Great! Publisher.
- ↑ Ayatrohaédi (2005). "Sundakala: Cuplikan Sejarah Sunda Berdasar Naskah-naskah Panitia Wangsakerta". Jakarta: Pustaka Jaya.
- ↑ Soekmono, R. (1988). "Pengantar Sejarah Kebudayaan Indonesia 2". Yogyakarta: Penerbit Kanisius. kaca 37.
- 1 2 Groeneveldt, W.P. (2009). "Historical Notes on Indonesia from Chinese Sources". Jakarta: Komunitas Bambu.
- ↑ Takakusu, Junjiro (1896). "A Record of the Buddhist Religion as Practised in India and the Malay Archipelago (AD 671-695) by I-Tsing". Oxford: Clarendon Press.
- ↑ Tim IPS SMP/MTs. "IPS Terpadu Kelas VII". Jakarta: Galaxy Puspa Mega.
- ↑ Kompas.com. "Puncak Sanga Likur, Tempat Ritual 1 Sura". Disungsi 2026.
