Kendi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
kendi

Kendi nyaéta wadah paranti nendeun cai nginum, asalna tina taneuh liat anu wangunna buleud, beuheungna panjang.[1] [2] Kendi téh mangrupa barang gagarabahan pikeun wadah cai, biasana lamun cai ditendeun dina kendi osok jadi tiis.[3] Biasana kendi osok ditendeun dina luhureun méja paranti dahar.[2]

Étimologi[édit | édit sumber]

Sebutan kendi ilaharna dipikawanoh di Asia Tenggara. Kecap kendi asalna tina basa Sanskrit India nyaéta kundika anu hartina wadah cai nginum.[4] Dina ikonografi Hindu kundika mangrupa rarangkén ti Dewa Brahma jeung Dewa Siwa.[4] Sedengkeun dina agama Budha kundika kendi téh mangrupa Awalokisteswara jeung peziarah Bhuda anu mawa kendi, dianggap salah sahiji tina dalapan welas wadah cai anu dianggap jadi Rahib Suci Bhuda dina lalampahan néangan Kitab Suci.[4]

Pungsi Kendi[édit | édit sumber]

Pungsi utamana kendi nyaéta pikeun wadah cai nginum, sangkan cai téh jadi tiis jeung seger.[4] Kendi ogé bisa jadi wadah pikeun ubar saperti ramuan (obat-obatan tradisional).[4] Salain ti éta kendi ogé dipaké pikeun acara-acara nu tangtu, saperti dina kawinan di mana kendi téh jadi lambang kawin, cai anu aya dina éta kendi dianggap suci, murni jeung tiis, anu ngagambarkeun simbol kawin (nikah) anu sampurna.[4] Di Jawa Barat aya upacara kawin, anu dina prakprakanana pangantén awéwé ngumbah suku pangantén lalaki ku cai kendi.[4] Kendi ogé dipaké dina acara sakral nalika upacara saméméh ngurebkeun mayit, saencan dikurebkeun osok aya tradisi meupeuskeun kendi anu eusina cai.[4] Kendi dipaké pikeun penobatan atawa pengukuhan, saperti acara ékspor perdana, kontainer dibanjur ku cai kendi anu geus dipeupeuskeun, atawa nalika méré ngaran hiji pausahaan.[4]

Kendi di Unggal Wewengkon[édit | édit sumber]

Di Jawa Barat kendi dipaké pikeun upacara adat ngawinkeun, Di Jawa Tengah kendi dipaké nalika upacara ngurebkeun mayit.[4] Di Bali kendi dipaké dina acara-acara kaagamaan, jeung dipaké barang kaulinan budak.[4]

catetan[édit | édit sumber]

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. a b Tim Peneliti Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak Jawa Barat. Bandung: CV. MANFADA UTAMA kaca 111
  3. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 342
  4. a b c d e f g h i j k Kendi (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)