Lompat ke isi

Karajaan Galuh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, dipisahkeun ku walungan Citarum.

Galuh mangrupa hiji karajaan Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara walungan Citarum di beulah kulon sarta Cipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupa panerus Kendan, bawahan Tarumanagara.[1]

Carita ngeunaan Galuh aya dina Carita Parahiyangan, naskah Sunda nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan Galuh téh dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi salila lima welas taun. Salajéngna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang Wretikandayun.[2]

Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M pupus (669), kakawasaan Tarumanagara ragrag ka Tarusbawa, minantuna ti Sundapura, salasahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku sabab Tarubawa mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak Galuh, dipingpin ku Wretikandayun (ngawasa ti taun 612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri. Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun walungan Citarum salaku watesna.

Karajaan kembar

[édit | édit sumber]

Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja (jadi resiguru di Galunggung), Rahiyang Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh salila salapan puluh taun (612-702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.

Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra: Demunawan jeung Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak nepi ka kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah). Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha. Sannaha jeung Séna ieu lajéng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan Rakryan Jambri (atawa katelah Sanjaya).

Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709), lajéng diteruskeun ku Séna. ku sabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja, Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716). Alatan kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di beulah wétan, lajéng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi Padmahariwangsa, raja Indraprahasta.

Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman Kangjeng Prebu.

[édit | édit sumber]

Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu téh komarana mancur, jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)

Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagedérkeun Tanam Paksa téa. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 ogé geus dilaksanakeun anu disebut Préangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Préangerstelsel, di lembur-lembur séjén saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tetela di Kabupatén Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi ogé nila. Proyek nila ieu pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana teh.

Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu baé Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max Salhuteru anu gedé kamelang kana kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis dengkleung Dengdek ku Administraturna.

Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagedérkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya kénéh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.

Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.

Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila ogé Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan wetan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe yén jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin ogé kantun ngaran, sumawonna nu séjénna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goreng séjénna .

Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat karaton ngadeg legana sahéktar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu arendah. Di bagian séjén karaton, aya kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks karaton ogé aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajéng kuning."

Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh Kinanti téh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu ogé ngagedér ngawangun gedong-gedong pamarentahan jeung sarana séjénna. Antara taun 1859 tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupatén anu agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong nagara atawa gedong kabupatén, sakaligus tempat lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan séjénna, tangsi militer, panjara, masjid agung, gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.

Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa ogé sarana kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan dinomer hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda, J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka kabupatén, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu téh sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan. Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian masarakat anu masih kénéh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.

Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da kaula ogé boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka pangawulaan teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya arca. Atuh teu kungsi lila ogé di imah-imah rayat téh geus euweuh deui arca anu disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu kendat muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi karimbunan. éta sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di Selagangga téa.

Kangeng Prebu téh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk saujaring carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu ogé ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861 jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna patalimarga, ti Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka Jogjakarta. Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya jalan kareta api téh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh kabupatén, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna memang jadi gedé sabab eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong jeung Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda téh ayeuna narikolot, tapi Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun 1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.

Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih kénéh teras bebenah jeung ngawangun Galuh Ciamis. Dina jamanna kénéh, Undang-undang Agraria mimiti dipake, peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi ngaluarkeun modal gedé keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna. ku lantaran kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung Sindangrasa. Taun 1915 Kabupatén Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan Priangan, sacara resmi disebutna jadi Kabupatén Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupatén jeung genep kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur. Saenyana di lokasi karaton Selagangga ogé Kangjeng Prebu téh ngadamel masigit agreng anu dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul Karim. Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh, marentahkeun ka para Kapala Désa suaya di tiap désa aya masigit, sajaba ti keur ibadah sacara umum, ogé keur tempat barudak jeung nonoman diajar ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual masarakat. Masdjid Selagangga téh kacida kaimpunganana ku para nonoman.

Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu perenahna béh kulon mah geus taya tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah kulon téh kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad. Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah dioméan dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan anjeunna téh putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu. Jadi, ngaraos ngiring tanggel waler pikeun mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di dieu téh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna. Bupati anyar dipentes gawe mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu ogé kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu panemu, boh lahir boh batin, turta pinter méakeun batur teh. Dipendemna ogé di pamakaman Sirnayasa (Jambansari) Selagangga. Asa euweuh alesan nu bisa ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti

Kasultanan BantenKasultanan CirebonSumedanglarangKarajaan SundaKendanTarumanagaraSalakanagara


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Hendarsyah, Amir (2010). Cerita Kerajaan Nusantara. Jakarta: Great Publisher. p. 21. ISBN 9786028696142. Diakses tanggal 2 Januari 2020. 
  2. Gardjito, Heni Pridia Rukmini Sari, Marosimy Millaty, Murdijati (2024). Kuliner Sunda Nikmat Sedap MelegendaGardjito, Heni Pridia Rukmini Sari, Marosimy Millaty. Jakarta: UGM PRESS. p. 7. ISBN 9786023863556.  Disungsi 27 Juli 2024
  • Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
  • Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
  • Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.