Kendan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Karajaan Kendan ayana di wewengkon Kampung Kendan, berada di Désa Citaman kacamatan Nagrég Kabupatén Bandung ngadeg ti taun 526 M dugi ka 612 M. Raja nu munggaran nyaéta Resiguru Manikmaya ( 526 – 568 M ).[1] Di patempatan ieu kapanggih patung Durga leutik nu ayeuna aya di Museum Pusat Jakarta. Ogé dina taun 2000 an kapendak aya ruruntuk candi ( candi bojongmenje ) tina batu di sagigireun walungan Cikijing, caket jalan raya Bandung - Garut di wewengkon Rancaékék. Nami Kendan numutkeun élmu kabuhunan téh hartosna puseur sabangsaning alat, ogé mangrupa jenis batu nu loba kapanggih di wewengkon éta.

Pamaréntahan Kendan[édit | édit sumber]

Karajaan ieu ngadeg ti taun 526 M dugi ka 612 M.[2] Raja nu munggaran nyaéta Resiguru Manikmaya ( 526 – 568 M ) maréntah salami 42 taun, kagungan istri ka Tirtakancana, puterina Maharaja Suryawarman Raja Tarumanagara VII. Nya wewengkon ieu téh minangka hadiah pemere ti mertuana. Resiguru Manikmaya ieu téh nyaéta pendeta siwa. Saterasna kalungguhanna digentos ku putrana Sura Liman Sakti atawa Rajaputra nu ti alit dugi ka bujang ngiring linggih di akina di puseur dayeuh Tarumanagara. Di istrénan janten raja di Kendan kala 12 Kresnapaksa bulan Asuji taun 490 Saka (kira-kira tanggal 5 Oktober 568 M). Migarwa ka Mulyasari turunan Kudungga ti Bakulapura, kagungan putra 2 urang nyaéta Kandiawan jeung Kandiawati. Kandiawati tuluy kawin jeung sodagar ti Sumatera nu saterusna bumen-bumen di ditu ngiring ka salakina. Salajéngna kakawasaan dilinggihkeun ti Sura Liman Sakti ka Kandiawan putrana nu maréntah salila 15 taun ( 597 – 612 M ), mung teu salamina di Kendan, anjeunna ngalih padumukan ka Medang Jati atawa Medang Gana kumargi sateuacan diistrenan janten raja di Kendan anjeunna tos janten resi guru di dinya. Saparantosna mangsa 15 taun anjeunna léngsér kaprabon margi janten patapa di Layuwatang, janten katelah Rajaresi Déwaraja atanapi Sang Layuwatang.

Daftar Raja Kendan[édit | édit sumber]

  1. Resiguru Manikmaya ( 526 – 568 M )
  2. Sura Liman Sakti (12 Kresnapaksa bulan Asuji 490 Saka/5 Oktober 568 M - 597 M)
  3. Kandiawan ( 597 – 612 M )
  4. Wretikandayun (612) saterusna ngadegkeun Karajaan Galuh.

Suksési[édit | édit sumber]

Kandiawan kagungan putera 5 urang nyaéta: Mangukuhan, Karungkalah, Katungmaralah, Sandanggréba, jeung Wretikandayun. Lima puterana katelah Pancaputra ieu masing-masing dipasihan kalungguhan mangrupi Rahyangta Kulikuli, Rahyangta Surawalen, Rahyangta Pales Awi, Rahyangta Rawung Langit jeung nu bungsu Wretikandayun dijadikeun Rajaresi di Mandala Menir. Lajéng kalungguhan raja ti saprak janten patapa di pasrahkeun ka Wretikandayun.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. http://www.kompasiana.com/langitmegabirusekali/kerajaan-pajajaran-bermula-di-nagreg_5509d29da33311226a2e3b91
  2. Carita Parahiyangan, Nusantara Parwa IV sarga 1 jeung Jawadwipa Parwa I sarga 2


Arjuna Wayang.jpg