Wretikandayun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sang Wretikandayun nyaéta raja kahiji Kerajaan Galuh  anu maréntah di Kerajaan Galuh gumelar Maharaja Suradarma Jayaprakosa  ti mimiti taun 612 Masehi dugi ka 702 Masehi minangka panerus Karajaan Kendan (bawahan Karajaan Tarumanagara).[1]

Maharaja Suradarma Wretikandayun ngamerdékakeun Karajaan Galuh  mangsa Sri Maharaja Tarusbawa taun 670 ngaganti ngaran Tarumanagara jadi Karajaan Sunda sebada narima tahta Karajaan Tarumanagara taun 669 M,  ti mitohana, raja Tarumanagara pangahirna, Maharaja Linggawarman (666-669) M.

Biografi[édit | édit sumber]

Peta Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.

Ngaran Wretikandayun putra Raja Kandiawan putra Raja Putra Suraliman putra Raja Maha Guru Manikmaya. Wretikandayun (ngaran keur leutik sang Amara), Radén Daniswara (dani = munding) lahir 0513 Caka (0619 Maséhi), umur  21 – 111 taun. Dari indungna, Buyutnya raja Maharesiguru Manikmaya adalah menantu Maharaja Suryawarman, penguasa ke-7 Tarumanagara (535-561 M), menikahi Dewi Tirtakancana, putrinya.

Istrina, Dewi Manawati (ngaran keur leutik) atawa Manakasih atawa Pwahaci Bungatak Mangalé‑ngaleé (ngaran rumaja) jeung gelar Praméswari Déwi Candrarasmi putri Resi Makandria. Gaduh 3 Putra, nyaéta:

  • Sang Jatmika, Rahyang Sempakwaja, Resiguru di Galunggung, lahir 542 C (639 M)2.
  • Sang Jantaka, Rahyang Kidul, Rahyang Wanayasa, Resiguru di Denuh [2] (sekarang masuk wilayah Kampung Daracana, Desa Cikuya, kecamatan Culaméga, Tasikmalaya Tasikmalaya, Kidul), lahir 544 C (641 M)3.
  • Sang Jalantara, Rahyang Mandiminyak, putra mahkota Galuh, lahir 546 C (643 M).[3]

Pamaréntahan Galuh[édit | édit sumber]

Sang Kandiawan, rama Sang Wretikandayun, jumeneng raja Kendan ngan 15 taun (597-612 M). Sang kandiawan nyebut dirina Rahiyangta Déwaraja, salaku rajaresi gumelar Rahiyangta di Medang jati atawa kasohor Sang Layu Watang nu nganggit Sanghiyang Watang Ageung.

Wretikandayun janten raja Kendan ngaganti ramana dina 23 Maret 612 M, yuswa 21 taun. Jenenng raja Wretikandayun teu dumuk di di Kendan atawa di Medang Jati, teu ogé di Menir. Tapi ngadegkeun pusat pamaréntahan (ibukota) anyar, anu katelah Galuh (permata).

Nalika tahta Karajaan Tarumanagara ragrag ka Maharaja Tarusbawa urang Karajaan Sundasambawa (bawahan Tarumanagara), taun 669 M, minantu Maharaja Linggawarman, raja pamungkas Tarumanagara, ngadegkeun Kerajaan Sunda, Maharaja Wretikandayun dina umur 78 taun ngamerdékakeun Galuh.Tarumanagara di bagi 2, watesna Citarum. Maharaja Tarusbawa Citarum ka kulon, sedengkeun Maharaja Suradarma Sang Wretikandayun Citarum ka wétan.[4]

Taun 669 M, dianggap awal Galuh anu merdéka. Sang Wretikandayun kumawasa di Galuh taun 534-­592 Saka (612/3-670/1 Masehi), 58 taun, ratu Galuh bawahan Karajaan Tarumanagara. Taun 592-624 Saka (670/1-702/3 Maséhi), 32 taun jadi Ratu Galuh merdéka.

Dina Carita Parahiyangan diandeskeun Kerajaan Galuh diadegkeun ku Sang Wretikandayun, kumawasa 90 taun.[5]

Suksési Galuh[édit | édit sumber]

Taun 695 M, Rahyang Mandiminyak, Putra Mahkota Galuh jatukrami jeung Dewi Parwati, putri Ratu Sima jeung Prabu Kartikeyasinga, raja Kalingga di Jawa Tengah.

Taun 702 M Rahyang Mandiminyak naék tahta Galuh ngaganti ramana, Wretikandayun kumawasa di dua nagara, nyaéta Karajaan Kalingga (Jawa Tengah jeung Jawa Timur) tur Galuh (Jawa Barat|Jawa Kulon). Karajaan Galuh mangsa Mandiminyak lega pisan, nyaéta ti wétan walungan Citarum tepi ka Hujung Galuh (Surabaya ayeuna).

Pupus Ratu Galuh[édit | édit sumber]

Maharaja Suradarma Jayaprakosa Sang Wretikandayun pupus salaku rajaresi (pamingpin nagara tur agama) di Menir (Rahyang Ta di Menir)[6] dina yuswa 111 taun dina taun 0624 Caka (727) Maséhi.

Rujukan[édit | édit sumber]

Jabatan pulitik
Saméméhna
Sang Kandiawan (Raja Kendan)
Raja Galuh
612-702 M
Sanggeusna
Sang Jalantara Prabu Suraghana