Karajaan Sriwijaya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Peta Karajaan Sriwijaya

Sriwijaya (atawa disebut ogé Srivijaya; Thai: ศรีวิชัย atawa "Ṣ̄rī wichạy") nya éta salah sahiji kamaharakaan maritim anu kungsi ngadeg di pulo Sumatera jeung loba méré pangaruh di Nusantara kalawan wewengkon kakawasaanna ti Kamboja, Thailand Kidul, Semenanjung Malaya, Sumatera, Jawa, jeung basisir Kalimantan.[1][2] Dina basa Sansekerta, sri artina "gurilap" atawa "burinyay", jeung wijaya artina "menang" atawa "kajayaan",[2] ku kituna ngaran Sriwijaya boga makna "kajayaan anu gumilang". Bukti munggaran ngeunaan ayana karajaan ieu asalna ti abad ka-7; saurang pandita ti Tiongkok I Tsing, nuliskeun yén anjeunna datang ka Sriwijaya taun 671 jeung dumuk salila 6 bulan.[3][4] Salajengna prasasti nu pangkolotna ngeunaan Sriwijaya oge dina abad ka-7, nya éta Prasasti Kedukan Bukit di Palembang, taun 682.[5] Mundurna pangaruh Sriwijaya ka wewengkon handapna dimimitian kusabab sababaraha perang [2] di antarana serangan ti raja Dharmawangsa Teguh ti Jawa di taun 990, jeung taun 1025 serangan Rajendra Chola I ti Koromandel, salajengna taun 1183 kakawasaan Sriwijaya di handap pangaruh karajaan Dharmasraya.[6]

Sanggeus runtag, karajaan ieu dipohokeun jeung éksisténsina dipikanyaho liwat publikasi taun 1918 ti ahli sajarah Perancis George Cœdès ti École française d'Extrême-Orient.[7]

Catetan sajarah[édit | sunting sumber]

Teu aya catetan leuwih jero ngeunaan Sriwijaya dina sajarah Indonesia; Memori nu kapohokeun diwangun deui ku sarjana asing. Teu aya urang Indonesia modern anu nguping ngeunaan Sriwijaya nepi taun 1920-an, nalika sarjana Perancis George Cœdès ngawanohkeun pamanggihna dina koran basa Walanda jeung basa Indonesia.[8] Coedès ngebrehkeun yén referensi Tiongkok ka "San-fo-ts'i", sateuacanna dibaca "Sribhoja", sarta sababaraha prasasti dina basa Malayu Kuna ngarujuk ka kaisar nu sarua.[9]

Sriwijaya jadi simbol kaagungan Sumatera awal, jeung karajaan badag Nusantara iwal Majapahit di Jawa Wetan. Dina abad ka-20, dua karajaan éta jadi referensi ku kaom nasionalis pikeun nunjukkeun yén Indonesia mangrupa hiji nagara sateuacan Hindia Walanda.[8]

Sriwijaya disebut ku sababaraha ngaran. Urang Tionghoa nyebutna Shih-li-fo-shih atawa San-fo-ts'i atawa San Fo Qi. Dina basa Sansekerta jeung Pali, karajaan Sriwijaya disebut Yavadesh jeung Javadeh. Bangsa Arab nyebutna Zabaj jeung Khmer nyebutna Malayu. Loba ngaran mangrupa alesan séjén kunaon Sriwijaya hésé kapanggih.[2] Iwal ti peta Claudius Ptolemaeus kapanggih katerangan ngeunaan ayana 3 pulo Sabadeibei nu mungkin aya pakaitna jeung Sriwijaya.[6]

Dina taun 1993, Pierre-Yves Manguin ngalakukeun observasi jeung méré sawangan yén puseur Sriwijaya ayana di Sungai Musi antara Bukit Seguntang jeung Sabokingking (nu ayana di provinsi Sumatera Kidul kiwari).[2] Namung sateuacanna Soekmono nyawang yén puseur Sriwijaya ayana di wewengkon sehiliran Batang Hari, antara Muara Sabak nepi ka Muara Tembesi (di provinsi Jambi kiwari),[6] kalawan catetan Karajaan Melayu teu di kawasan eta, lamun Malayu di kawasan éta, condong ka pamadegan Moens,[10] anu sateuacanna oé geus boga sawangan yén puseur karajaan Sriwijaya aya di kawasan Candi Muara Takus (provinsi Riau kiwari), kalawan asumsi nunjuk ka lalampahan dina catetan I Tsing,[11] sarta hal ieu bisa ogé dikaitkeun jeung warta ngeunaan diadegkeunna candi nu disembahkeun ku raja Sriwijaya (Se li chu la wu ni fu ma tian hwa atawa Sri Cudamaniwarmadewa) taun 1003 ka kaisar Cina anu dingaranan cheng tien wan shou (Candi Bungsu, salah sahiji bagéan candi nu ayana di Muara Takus).[12] Namung nu pasti dina mangsa kakawasaan Rajendra Chola I, dumasar prasasti Tanjore, Sriwijaya puseur dayeuhna di Kadaram (Kedah kiwari).[6]

Pangwangunan jeung Kamekaran[édit | sunting sumber]

Teu acan aya bukti fisik ngeunaan Sriwijaya anu kapanggih.[8] Karajaan ieu jadi puseur niaga jeung mangrupa nagara maritim, namung karajaan ieu teu ngagedean kakawasaana si luar wilayah kapuloan Asia Tenggara, kalawan iwal konstribusi keur populasi Madagaskar sajauh 3.300 mil di kulon. Sababaraha ahli masih madungdengkeun kawasan nu jadi puseur pamaréntahan Sriwijaya, salian éta mungkin karajaan ieu biasa mindahkeun puseur pamaréntahanna, namung kawasan nu jadi puseur dayeuh angger diparéntah langsung ku pangawasa, sedengkeun wewengkon pangrojongna diparentah ku dātu.

Candi Gumpung, candi Buddha di Muaro Jambi, Karajaan Melayu anu ditaklukeun ku Sriwijaya.
Puing Wat (Candi) Kaew anu asalna ti zaman Sriwijaya di Chaiya, Thailand Selatan.
Candi Borobudur, pangwangunanna diréngsékeun di masa Samaratungga

Kakaisaran Sriwijaya geus aya ti 671 saluyu jeung catetan I Tsing, di prasasti Kedukan Bukit di taun 682 dipikanyaho imperium ieu di handap kapamingpinan Dapunta Hyang. Di abad ka-7 ieu, urang Tionghoa nyatet yén aya dua karajaan nya éta Malayu jeung Kedah jadi bagéan kamaharajaan Sriwijaya.[2] Dumasar prasasti Kota Kapur anu angkana taun 686 kapanggih di pulo Bangka, kamaharajaan ieu geus ngawasa bagéan kidul Sumatera, pulo Bangka jeung Belitung, nepi ka Lampung. Prasasti ieu ogé nyabutkeun yén Sri Jayanasa geus nyieun ekspedisi militer keur ngahukum Bhumi Jawa anu teu babakti ka Sriwijaya, kajadian ieu babarengan jeung runtagna Tarumanagara di Jawa Kulon jeung Holing (Kalingga) di Jawa Tengah nu kamungkinan sabab serangan Sriwijaya. Sriwijaya mekar jeung bisa ngandalikeun jalur paniagaan mariti di Selat Malaka, Selat Sunda, Laut China Kidul, Laut Jawa, jeung Selat Karimata.

Ekspansi karajaan ieu ka Jawa jeung Semenanjung Malaya, ngajadikeun Sriwijaya ngontrol dua puseur paniagaan utama di Asia Tenggara. Dumasar observasi, kapanggih sésa candi-candi Sriwijaya di Thailand jeung Kamboja. Di abad ka-7, palabuan Cham di beulah wetan Indochina mulai ngalihkeun loba padagang ti Sriwijaya. Keur nyegah hal éta, Maharaja Dharmasetu nyieun serangan ka dayeuh-dayeuh basisir Indochina. Dayeuh Indrapura di sisi sungai Mekong, di mimiti abad ka-8 aya di handap kakawasaan Sriwijaya. Sriwijaya neruskeun dominasi ka Kamboja, nepi raja Khmer Jayawarman II, nu ngadegkeun imperium Khmer, megatkeun hubungan jeung Sriwijaya di abad nu sarua.[2] Di ahir abad ka-8 karajaan di Jawa Holing aya di handap kakawasaan Sriwijaya. Nurutkeun catetan, dina mangsa éta ogé wangsa Sailendra migrasi ka Jawa Tengah jeung boga kawasa didinya. Di abad ieu oge, Langkasuka di semenanjung Melayu jadi bagéan karajaan.[2] Di masa salajengna, Pan Pan jeung Trambralinga, nu ayana di beulah kalér Langkasuka, ogé aya di handap pangaruh Sriwijaya.

Sanggeus Dharmasetu, Samaratungga jadi panerus karajaan. Anjeunna ngawasa dina periode 792 nepi 835. Teu jiga Dharmasetu nu ekspansionis, Samaratungga teu ngalakukeun ekspansi militer, namung leuwih milih keur nguatkeun pangawasaan Sriwijaya di Jawa. Salila masa kapamingpinanna, anjeunna ngawangun Candi Borobudur di Jawa Tengah nu réngsé di taun 825.[2]

Agama[édit | sunting sumber]

Candi Muara Takus, salah sahiji kawasan anu dianggep salaku puseur dayeuh Sriwijaya.

Salaku puseur pangajaran Buddha Vajrayana, Sriwijaya ngirut loba paziarah jeung sarjana ti nagara-nagara Asia. Antarana nya éta pandita ti Tiongkok I Tsing, anu ngalakukeun kunjungan ka Sumatera dina lalampahan studina di Universitas Nalanda, India, di taun 671 jeung 695, I Tsing ngalaporkeun yén Sriwijaya jadi imah keur sarjana Buddha nepi ka jadi puseur pangajaran agama Buddha. Sémah anu datang ka pulo ieu nyebatkeun yén koin emas geus digunakeun di basisir karajaan. Salian ti ajaran Buddha aliran, Buddha Hinayana jeung Buddha Mahayana ogé ngilu mekar di Sriwijaya. Nepi ka ahir abad ka-10, Atiśa, saurang sarjana Buddha asal Benggala anu boga peran dina ngamekarkeun Buddha Vajrayana di Tibet dina kertas gawéna Durbodhāloka nyebutkeun ditulis dina mangsa pamarétahan Sri Cudamani Warmadewa pangawasa Sriwijayanagara di Malayagiri di Suvarnadvipa.[13]

Karajaan Sriwijaya loba dipangaruhan ku budaya India, mimitina ku budaya Hindu salajengna diturut ku agama Buddha. Raja-raja Sriwijaya ngawasaan kapuloan Melayu ngaliwatan niaga jeung naklukeun ti abad ka-7 nepi abad ka-9, sacara langsung ngilu ngembangkeun basa Melayu sarta kabudayaanna di Nusantara.

".... loba raja jeung pamingpin anu aya di pulo-pulo di Laut Kidul percaya jeung ngajén Buddha, dihaté aranjeunna geus kapelak kahadéan. Di jero benteng dayeuh Sriwijaya dipinuhan leuwih ti 1000 biksu Buddha, anu diajar kalawan tekun jeung ngamalkeunna kalawan hadé...Lamun biarawan China hayang ka India keur diajar “Sabda”, leuwih hadé aranjeunna dumuk heula di dieu salila sataun atawa dua taun keur neuleuman élmuna sateuacan dilanjutkeun di India".

— Gambaran Sriwijaya nurutkeun I Tsing.[4]

Mungkin ogé yén Sriwijaya nu kamahsyur salaku bandar puseur paniagaan di Asia Tenggara, tangtu waé ngirut minat padagang jeung ulama muslim ti Timur Tengah, nepi ka sababaraha karajaan nu mimitina mangrupa bagéan Sriwijaya, salajengna tumuwuh jadi cikal-bakal karajaan-karajaan Islam di Sumatera, nalika lemahna pangaruh Sriwijaya.[2]

Aya sumber nu nyebutkeun, kusabab pangaruh muslim Arab anu loba datang jeung niaga di Sriwijaya, ku kituna saurang raja Sriwijaya anu ngaranna Sri Indrawarman di taun 718 disebutkeun yén anjeunna asup Islam [14] atawa sahenteuna kairut keur diajar Islam jeung kabudayaan Arab, nepi ka mungkin kahirupan sosial Sriwijaya nya éta masarakat sosial anu dijerona aya masarakat Buddha jeung Muslim sakaligus. Kacatet sababaraha kali raja Sriwijaya ngirim surat ka khalifah Islam di Damaskus, Suriah. Dina salah sahiji naskah surat anu ditujukeun ka khalifah Umar bin Abdul Aziz (717-720) eusina paménta ka khalifah ambéh ngirimkeun da’i ka istana Sriwijaya.[15]

Budaya[édit | sunting sumber]

Dumasar sababaraha sumber sajarah, hiji masarakat anu kompleks jeung kosmopolitan anu dipangaruhan ku alam pikir Buddha Wajrayana digambarkeun mekar di puseur dayeuh Sriwijaya. Sababaraha prasasti Siddhayatra abad ka-7 saperti Prasasti Talang Tuwo ngagambarkeun ritual Buddha anu ngaberkatan kajadian pinuh berkah nya éta peresmian Taman Sriketra, anugerah Maharaja Sriwijaya keur rahayatna. Prasasti Telaga Batu ngagambarkeun karumitan jeung tingkatan jabatan pajabat karajaan, iwal ti éta Prasasti Kota Kapur nyebutkeun kagagahan balatentara Sriwijaya diluhur Jawa. Sakabéh prasasti éta ngagunakeun Basa Melayu Kuno, basa anu digunakeun ku Sriwijaya nya éta leluhur Basa Melayu jeung Basa Indonesia modern. Ti abad ka-7, basa Melayu Kuno geus digunakeun di Nusantara ditandaan kalawan kapanggihna sababaraha prasasti Sriwijaya jeung sababaraha prasasti basa Melayu Kuno di tempat séjén, saperti anu kapanggih di pulo Jawa. Hubungan dagang anu dilakukeun salaku bangsa Nusantara jadi wahana nyebarkeun basa Melayu, ku sabab basa ieu jadi alat komunikasi keur kaom padagang. Ti dinya, basa Melayu jadi lingua franca sarta digunakeun sacara luas ku loba panutur di kapuloan Nusantara.[16]

Sanajan disebut ngabogaan kakuatan ekonomi jeung kaperkasaan militer, Sriwijaya ngan ninggalkeun saeutik patilasan purbakala di jajantung nagarana di Sumatera, beda jeung episode Sriwijaya di Jawa Tengah nalika kapamingpinan wangsa Syailendra anu loba ngawangun monumen badag; saperti Candi Kalasan, Candi Sewu, jeung Borobudur. Candi-candi Buddha anu asalna ti masa Sriwijaya di Sumatera diantarana Candi Muaro Jambi, Candi Muara Takus, jeung Biaro Bahal, tatapi teu saperti candi periode Jawa Tengah anu dijieun ti batu andesit, candi di Sumatera dijieun ti bata beureum.

Sababaraha arca sipatna Buddhisme, saperti sababaraha arca Buddha jeung Bodhisatva Awalokiteswara kapanggih di Bukit Seguntang, Palembang[17], Jambi[18], Bidor, Perak,[19] jeung Chaiya[20]. Sakabéh arca-arca ieu nampilkeun kaagrengan jeung langgam nu sarua saperti "Seni Sriwijaya" atawa "Langgam/Gaya Sriwijaya" anu nembongkeun kamiripan ku langgam Amarawati India jeung langgam Syailendra Jawa (di abad ka-8 nepi abad ka-9).[21]

Paniagaan[édit | sunting sumber]

Di dunya paniagaan, Sriwijaya jadi pangatur padagangan ti India jeung Tiondkok, nya éta ngawasaan selat Malaka jeung selat Sunda. Urang Arab nyatet yén Sriwijaya ngabogaan komoditas nu loba nya éta kapur barus, kayu gaharu, cengkeh, pala, kapulaga, gading, emas sarta timah anu nyieun raja Sriwijaya sabeunghar raja-raja di India..[11] Kabeunghatan anu loba geus ngamungkinkeun Sriwijaya meuli kasetiaan vassal-vassalnya di sakabéh Asia Tenggara.

Salian ngajalin hubungan dagang jeung India sarta Tiongkok, Sriwijaya ogé ngajalin paniagaan jeung taneuh Arab, ngamungkinkeun utusan Maharaja Sri Indrawarman anu nganteurkeun surat ka khalifah Umar bin Abdul-Aziz ti Bani Umayyah taun 718 balik deui ka Sriwijaya kalawan mawa hadian 'Zanji (budak wanita berkulit hitam), sarta ti kronik Tiongkok disebutkeun Shih-li-fo-shih kalawan rajana Shih-li-t-'o-pa-mo (Sri Indrawarman) di taun 724 ngirimkeun hadiah keur kaisar China, mangrupa ts'engchi (maksudna sarua jeung Zanji dina basa Arab).[22]

Dina mimiti abad ka-10, di antara runtagna dinasti Tang jeung naékna dinasti Song, padagangan jeung luar nagara cukup ramé, utamana Fujian, Karajaan Min jeung Karajaan Nan Han kalawan nagara beungharna Guangdong. Sriwijaya meunang kauntungan ti padagangan ieu.[22]

Relasi jeung Kakuatan Regional[édit | sunting sumber]

Pagoda Borom That gaya Sriwijaya di Chaiya, Thailand.

Keur nguatkeun posisina di luhun pangawasaan di kawasan di Asia Tenggara, Sriwijaya ngajalin hubungan diplomasi kalawan Kaisar Cina, jeung sacara kaatus nganteurkeun utusan jeung upeti.[23]

Dina mangsa awal Karajaan Khmer mangrupa daerah jajahan Sriwijaya. Loba ahli sajarah ngaklaim yén Chaiya, di provinsi Surat Thani, Thailand Kidul, salaku puseur dayeuh karajaan éta, pangaruh Sriwijaya katempo dina wangunan pagoda Borom That anu gayana Sriwijaya. Nepi ka runtagna Sriwijaya, Chaiya kabagi jadi tilu dayeuh nya éta (Mueang) Chaiya, Thatong (Kanchanadit), jeung Khirirat Nikhom.

Sriwijaya ogé deukeut jeung karajaan Pala di Benggala, dina prasasti Nalanda angkana 860 nyatet yén raja Balaputradewa ngadedikasikeun hiji biara ka Nalanda. Relasi jeung dinasti Chola ti kidul India ogé deukeut pisan, ti Prasasti Leiden disebatkeun yén raja Sriwijaya di Kataha Sri Mara-Vijayottunggawarman geus ngawangun hiji vihara anu dingaranan ku Vihara Culamanivarmma, namung jadi goréng sanggeus Rajendra Chola I naék tahta anu ngalakukeun serangan di abad ka-11. Tuluy hubungan ieu balik deui ka mangsa Kulothunga Chola I, didinya raja Sriwijaya di Kadaram ngirimkeun utusan nu ménta dikaluarkeunna bagéan ti dinasti Chola, ti kronik Tiongkok nyebutkeun yén Kulothunga Chola I (Ti-hua-ka-lo) salaku raja San-fo-ts'i ngabantuan renovasi candi deukeut Kanton di taun 1079, dina mangsa dinasti Song candi ieu disebut ku ngaran Tien Ching Kuan jeung di mangsa dinasti Yuan disebut ku ngaran Yuan Miau Kwan.[6]

Mangsa Kaemasan[édit | sunting sumber]

Arca emas Avalokiteçvara gaya Malayu-Sriwijaya, kapanggih di Rantaukapastuo, Muarabulian, Jambi, Indonesia.

Kamaharajaan Sriwijaya nyirikeun karajaan maritim, ngandelkeun hegemoni dina tanaga armada lautna dina ngawasaan alur palayaran, jalur padagangan, ngawasaan jeung ngawangun sababaraha kawasan strategis salaku pangkalan armadana dina ngawas, ngalindungi kapal dagang, nagih cukai sarta keur ngajaga wilayah kadaulatan jeung kakawasaanna..[24]

Model kapal taun 800-an Masehi anu aya dina candi Borobudur

Dina catetan sajarah jeung bukti arkeologi, dina abad ka-9 Sriwijaya geus ngalakukeun kolonisasi di sakabeh karajaan-karajaan Asia Tenggara, antarana: Sumatera, Jawa, Semenanjung Malaya, Thailand, Kamboja, Vietnam,[2] jeung Filipina.[25] Dominasi di Selat Malaka jeung Selat Sunda, ngajadikeun Sriwijaya salaku pangawas rute padagangan rempah jeung padagangan lokal anu meunang bayaran ti unggal kapal anu ngaliwat. Sriwijaya ngaakumulasikeun kabeungharanna salaku palabuan jeung gudang padagangan anu ngalayanan pasar Tiongkok jeung India.

Sriwijaya ogé disebut boga peran ngaruntagkeun karajaan Medang di Jawa, dina prasasti Pucangan disebutkeunn salaku kajadian Mahapralaya nya éta kajadian runtagna istana Medang di Jawa Timur, Haji Wurawari ti Lwaram anu kamungkinan mangrupa raja handapeun Sriwijaya, dina taun 1006 atawa 1016 nyerang jeung nyababkeun kabunuhna raja Medang pamungkas. Dharmawangsa Teguh.[6]

Ambang Wates Sriwijaya[édit | sunting sumber]

Taun 1017 jeung 1025, Rajendra Chola I, raja ti dinasti Chola di Pantai Koromandel, India kidul, ngirim ekspedisi laut keur nyerang Sriwijaya, dumasar prasasti Tanjore taun 1030, karajaan Chola geus naklukkeun wewengkon – wewengkon koloni Sriwijaya, sakaligus meunang ngalawan raja Sriwijaya nu boga kawasa dina mangsa éta Sangrama-Vijayottunggawarman. Salila sababaraha dekade saterusna, sakabeh imperium Sriwijaya geus aya dina pangaruh dina Chola. Sanajan kitu Rajendra Chola I geus méré lolongkrang ka raja-raja anu ditaklukeunna keur tetep boga kawasa salila tetep taluk ka anjeunna. [26] Hal ieu bisa dipatalikeun jeung ayana warta utusanna San-fo-ts'i ka Cina taun 1028.[27]

Kawasan Sriwijaya dina prasasti Tanjore
Ngaran kawasan Katerangan
Pannai Kerajaan Pannai
Malaiyur Kerajaan Melayu
Mayirudingam
Ilangasogam Langkasuka
Mappappalam
Mevilimbangam
Valaippanduru
Takkolam
Madamalingam Tambralingga
Ilamuri-Desam Lamuri
Nakkavaram Nikobar
Kadaram Kedah

Namung dina mangsa ieu Sriwijaya dianggep geus jadi bagéan ti dinasti Chola, ti kronik Tiongkok nyebutkeun yén dina taun 1079 Kulothunga Chola I (Ti-hua-ka-lo) raja dinasti Chola disebut ogé salaku raja San-fo-ts'i, anu salajengna ngirimkeun utusan keur ngabantuan renovasi candi deukeut Kanton. Salajengna dina warta Cina anu judulna Sung Hui Yao disebutkeun yén karajaan San-fo-tsi dina taun 1082 masih ngirimkeun utusan dina mangsa Cina di handap pamaréntahan Kaisar Yuan Fong. Duta besar éta ogé nepikeun surat ti raja Kien-pi handapeun San-fo-tsi, anu mangrupa surat ti putri raja anu dipasrahkeun urusan nagara san-fo-tsi, sarta nyerahkeun 227 tahil perhiasan, rumbia, sarta 13 baju. Salajengna ogé ngirimkeun utusan di taun 1088.[2] Pangaruh invasi Rajendra Chola I, ka hegemoni Sriwijaya kalawan raja-raja handapeunna ngaheureutan, sababaraha daerah handapan ngaleupaskeun maneh, nepin ka muncul Dharmasraya salaku kakuatan anyar anu salajengna ngawasaan deui wilayah jajahan Sriwijaya mimiti ti kawasan Semenajung Malaya, Sumatera, sampai Jawa bagian barat.

Dumasar sumber Tiongkok dina buku Chu-fan-chi[28] anu ditulis di taun 1178, Chou-Ju-Kua ngajelaskeun yén di kapuloan Asia Tenggara aya dua karajaan anu kacida kuat sarta beunghar, nya éta San-fo-ts'i jeung Cho-po (Jawa). Di Jawa anjeunna manggihan yén rahayatna ngagem agama Buddha jeung Hindu, sedengkeun rahayat San-fo-ts'i ngagem Buddha, jeung boga 15 daerah handapan nya éta; Si-lan (Kamboja), Tan-ma-ling (Tambralingga, Ligor, kidul Thailand), Kia-lo-hi (Grahi, Chaiya kiwari, kidul Thailand), Ling-ya-si-kia (Langkasuka), Kilantan (Kelantan), Pong-fong (Pahang), Tong-ya-nong (Terengganu), Fo-lo-an (muara sungai Dungun daerah Terengganu kiwari), Ji-lo-t'ing (Cherating, pantai timur semenanjung malaya), Ts'ien-mai (Semawe, pantai timur semenanjung malaya), Pa-t'a (Sungai Paka, pantai timur Semenanjung Malaya), Lan-wu-li (Lamuri di Aceh), Pa-lin-fong (Palembang), Kien-pi (Jambi), jeung sabagéan Sin-t'o (Sunda).[6][10]

Namung, istilah San-fo-tsi utamana dina taun 1178 teu identik jeung Sriwijaya, tatapi geus identik jeung jeung Dharmasraya, ti 15 nagara handapan San-fo-tsi éta mangrupa daptar jajahan karajaan Dharmasraya, sanajan sumber Tiongkok geus nyebatkeun San-fo-tsi salaku karajaan anu aya di kawasan laut Cina Selatan. Hal ieu kusabab dina Pararaton geus nyebutkeun Malayu, disebutkeun Kertanagara Raja Singhasari ngirim hiji ekspedisi Pamalayu atawa Pamalayu, jeung saterusna mere Arca Amoghapasa ka raja Melayu, Srimat Tribhuwanaraja Mauli Warmadewa di kabupaten Dharmasraya sakumaha anu katulis dina prasasti Padang Roco. Kajadian ieu salajengna dihubungkeun jeung manuskrip anu aya di prasasti Grahi. Kitu ogé dina Nagarakertagama, anu ngadadarkeun ngeunaan daérah jajahan Majapahit anu geus teu nyebutkeun deui ngaran Sriwijaya keur kawasan anu sateuacanna mangrupa kawasan Sriwijaya.

Struktur Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Wangun hiji nagara dina dimensi struktur otoritas politik Sriwijaya bisa dilacak ti sababaraha prasasti anu nyangkem informasi penting ngeunaan kadātuan, vanua, samaryyāda, mandala jeung bhūmi.[29]

Kadātuan bisa ngabogaan makna kawasan datuk, (tanah rumah) padumukan bini hāji, geus disimpen emas jeung hasil cukai (drawy) salaku kawasan anu kudu dijaga. Kadātuan ieu dilingkung ku vanua, anu bisa dianggep salaku kawasan kota ti Sriwijaya anu dijerona aya vihara keur tempat ibadah masarakatna. Kadātuan jeung vanua ieu mangrupa hiji kawasan inti keur Sriwijaya éta sorangan. Nurutkeun Johannes Gijsbertus de Casparis, samaryyāda mangrupa kawasan anu pagigir-gigir jeung vanua, anu kahubung jeung jalan husus (samaryyāda-patha) anu bisa boga maksud kawasan jero. Sedengkeun mandala mangrupa hiji kawasan otonom ti bhūmi anu aya dina pangaruh kakawasaan kadātuan Sriwijaya.[29]

Pangawasa Sriwijaya disebut Dapunta Hyang atawa Maharaja, jeung dina wilayah raja aya dina wilayah raja anu ngentep seureuh yuvarāja (putra mahkota), pratiyuvarāja (putra mahkota kadua) jeung rājakumāra (pewaris salajengna).[30] Prasasti Telaga Batu loba nyebutkeun jabatan dina struktur pamaréntahan karajaan dina mangsa Sriwijaya.

Hubungan jeung dinasti Sailendra[édit | sunting sumber]

Munculna hubungan antara Sriwijaya jeung Wangsa Sailendra dimimitian kusabab ngaran Śailendravamśa dina sababaraha prasasti di antarana dina prasasti Kalasan di pulo Jawa, prasasti Ligor di kidul Thailand, jeung prasasti Nalanda di India. Iwal ti éta dina prasasti Sojomerto kapendak ngaran Dapunta Selendra. Najan asal-usulna dinasti ieu masih jadi padungdengan nepi ka kiwari.[11]

Majumdar boga pamadegan dinasti Sailendra ieu aya di Sriwijaya (Swarnadwipa) jeung Medang (Jawa), kaduanana asalna ti Kalinga di kidul India.[31] Salajengna Moens nambahkeun kadatangan Dapunta Hyang ka Palembang, nyababkeun salasahiji kulawarga dina dinasti ieu pindah ka Jawa.[32] Iwal ti éta Poerbatjaraka nyawang yén ieu dinasti asalna ti Nusantara, dumasar Carita Parahiyangan[33] salajengna dikaitkeun jeung sababaraha prasasti di Jawa anu basana Malayu Kuna diantarana Prasasti Sojomerto.[34]

Raja anu Maréntah[édit | sunting sumber]

Para Maharaja Sriwijaya[2][6]

Taun Ngaran Raja Ibukota Prasasti, catetan ngirim utusan ka Tiongkok sarta kajadian
671 Dapunta Hyang atawa
Sri Jayanasa
Srivijaya

Shih-li-fo-shih

Catetan lalampahan I Tsing di taun 671-685, naklukeun Malayu, naklukeun Jawa

Prasasti Kedukan Bukit (683), Prasasti Talang Tuo (684), Prasasti Kota Kapur (686), Prasasti Karang Brahi jeung Prasasti Palas Pasemah

702 Sri Indrawarman

Shih-li-t-'o-pa-mo

Sriwijaya

Shih-li-fo-shih

Utusan ka Tiongkok 702-716, 724

Utusan ka Khalifah Muawiyah I jeung Khalifah Umar bin Abdul Aziz

728 Rudra Vikraman

Lieou-t'eng-wei-kong

Sriwijaya

Shih-li-fo-shih

Utusan ka Tiongkok 728-742
743-774 Teu acan aya warta dina mangsa ieu
775 Sri Maharaja Sriwijaya Prasasti Ligor B taun 775 di Nakhon Si Thammarat, kidul Thailand jeung naklukeun Kamboja
Pindah ka Jawa (Jawa Tengah atawa Yogyakarta) Wangsa Syailendra ngagantikeun Wangsa Sanjaya
778 Dharanindra atawa
Rakai Panangkaran
Jawa Prasasti Kelurak 782 di gigireun kalér kompleks Candi Prambanan

Prasasti Kalasan taun 778 di Candi Kalasan

782 Samaragrawira atawa
Rakai Warak
Jawa Prasasti Nalanda jeung prasasti Mantyasih taun 907
792 Samaratungga atawa
Rakai Garung
Jawa Prasasti Karang Tengah taun 824,

825 ngaréngsékeun pangwangunan candi Borobudur

840 Kabinangkitan Wangsa Sanjaya, Rakai Pikatan
856 Balaputradewa Suwarnadwipa Leungitna kakawasaan di Jawa, sarta balik deui ka Suwarnadwipa

Prasasti Nalanda taun 860, India

861-959 Teu acan aya warta di periode ieu
960 Sri Udayaditya Warmadewa

Se-li-hou-ta-hia-li-tan

Sriwijaya

San-fo-ts'i

Utusan ka Tiongkok 960, & 962
980 Utusan ka Tiongkok 980 & 983: kalawan raja, Hie-tche (Haji)
988 Sri Cudamani Warmadewa

Se-li-chu-la-wu-ni-fu-ma-tian-hwa

Sriwijaya

Malayagiri (Suwarnadwipa) San-fo-ts'i

990 Jawa yerang Sriwijaya, Catetan Atiśa,

Utusan ka Tiongkok 988-992-1003,
pangwangunan candi keur kaisar Cina anu dibéré ngaran
cheng tien wan shou

1008 Sri Mara-Vijayottunggawarman

Se-li-ma-la-pi

San-fo-ts'i

Kataha

Prasasti Leiden & utusan ka Tiongkok 1008
1017 Utusan San-fo-ts'i ke Tiongkok 1017: kalawan raja, Ha-ch'i-su-wa-ch'a-p'u
(Haji Sumatrabhumi (?)); gelar haji biasana keur raja bawahan
1025 Sangrama-Vijayottunggawarman Sriwijaya

Kadaram

Diserang ku Rajendra Chola I jeung jadi tawanan

Prasasti Tanjore tarikh 1030 dina candi Rajaraja, Tanjore, India

1030 Dihandap Dinasti Chola ti Koromandel
1079 Utusan San-fo-ts'i kalawan raja Kulothunga Chola I (Ti-hua-ka-lo) ka Tiongkok 1079 mantuan renovasi candi Tien Ching di Kuang Cho (deukeut Kanton)
1082 Utusan San-fo-ts'i ti Kien-pi (Jambi) ka Tiongkok 1082 jeung 1088
1089-1177 Teu acan aya warta
1178 Laporan Chou-Ju-Kua dina buku Chu-fan-chi eusina daptar koloni San-fo-ts'i
1183 Srimat Trailokyaraja Maulibhusana Warmadewa Dharmasraya Dihandap Dinasti Mauli, Karajaan Melayu, Prasasti Grahi taun 1183 di kidul Thailand

Warisan Sajarah[édit | sunting sumber]

Sanajan Srwijaya ngan nyésakeun saeutik titinggal arkeologi sarta dipohokeun ti émutan masarakat pangrojongna, papanggihan deui kamaharajaan bahari ieu ku Coedès di taun 1920-an geus ngabangkitkeun kasadaran yén hiji wangung persatuan politik raya, mangrupa kamaharajaan anu eusina gabungan karajaan-karajaan bahari, kungsi ngadep, tumuwuh, sarta jaya di mangsa bihari. [35]

Warisan penting Sriwijaya nya éta basana. Salila mangabad-abad kamekaran kakuatan ekonomi sarta kaperkasaan militérna, Sriwijaya boga peran badag ti nyebarna pamaké Basa Malayu Kuna di Nusantara. Sahenteuna di kawasan basisir. Basa ieu jadi basa gawé atawa basa anu fungsina salaku panghubung (lingua franca) digunakeun di sababaraha bandar jeung pasar kawasan Nusantara.[36] Sumebarna basa Melayu Kuna ieu mungkin geus muka sarta mere jalan keur Basa Melayu salaku basa nasional Malaysia, jeung Basa Indonesia salaku basa “pemersatu” Indonesia kiwari.[37]

Di sagigireun Majapahit, kaum nasionalis Indonesia ogé ngagungkeun Sriwijaya salaku sumber kabagjaan jeung bukti kajayaan mangsa bihari Indonesia.[38] Kajayaan Sriwijaya geus jadi sumber kabagjaan nasinal sarta identitas daérah, hususna keur masarakat kota Palembang, provinsi Sumatera Selatan, kaagungan Sriwijaya geus jadi inspirasi seni budaya, saperti lagu jeung tarian tradisional Gending Sriwijaya. Hal anu sarua ogé lumaku ka masarakat kidul Thailand anu nyiptakeun tarian Sevichai dumasar kana kaanggunan seni budaya Sriwijaya.

Di Indonesia, ngaran Sriwijaya geus digunakeun sarta diabadikeun salaku ngaran jalan di sababaraha kota, sarta ngaran ieu digunakeun ku Universitas Sriwijaya anu diadegkeun taun 1960 di Palembang. Kitu oge Komando Daerah Militer II/Sriwijaya (unit komando militer), PT Pupuk Sriwijaya (Perusahaan Pupuk di Sumatera Selatan), Sriwijaya Post (Surat kabar harian di Palembang), Sriwijaya TV, Sriwijaya Air (maskapai penerbangan), Stadion Gelora Sriwijaya, jeung Sriwijaya Football Club (Klab sepak bola Palembang), sakabeh dingaranan kitu keur ngahormatan, ngamuliakeun, sarta ngarayakeun kamaharajaan Sriwijaya anu agung.

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. Cœdès, George (1930). "Les inscriptions malaises de Çrivijaya". Bulletin de l'Ecole français d'Extrême-Orient (BEFEO) 30: 29-80.
  2. a b c d e f g h i j k l m Munoz, Paul Michel (2006). Early Kingdoms of the Indonesian Archipelago and the Malay Peninsula, Singapore: Editions Didier Millet. ISBN 981-4155-67-5.
  3. Gabriel Ferrand, (1922), L’Empire Sumatranais de Crivijaya, Imprimerie Nationale, Paris, “Textes Chinois”
  4. a b Junjiro Takakusu, (1896), A record of the Buddhist Religion as Practised in India and the Malay Archipelago AD 671-695, by I-tsing, Oxford, London.
  5. Casparis, J.G. (1975). Indonesian palaeography: a history of writing in Indonesia from the beginnings to C. A, Part 1500, E. J. Brill. ISBN 90-04-04172-9.
  6. a b c d e f g h Muljana, Slamet (2006). F.W. Stapel Sriwijaya, PT. LKiS Pelangi Aksara. ISBN 978-979-8451-62-1.
  7. Cœdès, George (1918). "Le Royaume de Çriwijaya". Bulletin de l'Ecole français d'Extrême-Orient 18 (6): 1-36.
  8. a b c Taylor, Jean Gelman (2003). Indonesia: Peoples and Histories, New Haven and London: Yale University Press. ISBN 0-300-10518-5.
  9. Krom, N.J. (1938). "Het Hindoe-tijdperk" F.W. Stapel Geschiedenis van Nederlandsch Indië, vol. I p. 149, Amsterdam: N.V. U.M. Joost van den Vondel.
  10. a b Soekmono, R. (2002). Pengantar sejarah kebudayaan Indonesia 2, Kanisius. ISBN 979-413-290-X.
  11. a b c Marwati Djoened Poesponegoro, Nugroho Notosusanto, (1992), Sejarah nasional Indonesia: Jaman kuna, PT Balai Pustaka, ISBN 979-407-408-X
  12. Forgotten Kingdoms in Sumatra, Brill Archive
  13. Cœdès, George (1996). The Indianized States of Southeast Asia, University of Hawaii Press. ISBN 0-8248-0368-X.
  14. Ahmad, H. Zainal Abidin (1979). Ilmu politik Islam V, Sejarah Islam dan Umatnya sampai sekarang, Bulan Bintang.
  15. Prof. Dr. Azyumardi Azra, MA., (1994). Jaringan Ulama Timur Tengah dan Kepulauan Nusantara Abad XVII & XVIII, Jakarta: Mizan.
  16. Melayu Online: Bambang Budi Utomo
  17. Bukit Siguntang
  18. Titik Temu, Jejak Peradaban di Tepi Batanghari, Photograph and artifact exhibition of Muara Jambi Archaeological site, Bentara Budaya Jakarta, 9-11 November 2006
  19. KaalaChaKra, Early Indian Influences in Southeast Asia
  20. Bridgeman: Avalokitesvara figure from the Srivijaya Period, found in Chaiya, Thailand, 9th-10th century (bronze)
  21. Srivijaya Art In Thailand
  22. a b Azra, Azyumardi (2006). Islam in the Indonesian world: an account of institutional formation, Mizan Pustaka. ISBN 979-433-430-8.
  23. Oliver W. Wolters, (1967), Early Indonesian Commerce: a study of the origins of Śrīvijaya, Cornell University Press, Ithaca.
  24. Pramono, Djoko (2005). Budaya bahari, Gramedia Pustaka Utama. ISBN 979-22-1351-1.
  25. Rasul, Jainal D. (2003). Agonies and Dreams: The Filipino Muslims and Other Minorities", pages 77, Quezon City: CARE Minorities.
  26. Sastri K. A. N., (1935). The Cholas. University of Madras.
  27. Kulke, H., Kesavapany, K.; Sakhuja, V. (2009). Nagapattinam to Suvarnadwipa: reflections on Chola naval expeditions to Southeast Asia, Institute of Southeast Asian. ISBN 981-230-936-5.
  28. Hirth, F., Rockhill, W.W. (1911). Chao Ju-kua, His Work on the Chinese and Arab Trade in the Twelfth and Thirteen centuries, entitled Chu-fan-chi, St Petersburg..
  29. a b Kulke, H. (1993). "Kadātuan Śrīvijaya’—Empire or Kraton of Śrīvijaya? A Reassessment of the Epigraphic Data". Bulletin de l’École Française d’Extreme Orient 80 (1): 159-180.
  30. Casparis, J.C., (1956), Prasasti Indonesia II: Selected Inscriptions from the 7th to the 9th century A.D., Vol. II. Bandung: Masa Baru.
  31. Majumdar, R.C., (1933). "Le rois Çriwijaya de Suvarnadvipa". Bulletin de l'Ecole français d'Extrême-Orient XXXIII: 121-144.
  32. Moensr, J.L., (1937). "Çriwijaya, Yāva en Katāha". TBG LXXVII: 317-487.
  33. Poerbatjaraka, R.N., (1956). "Çriwijaya, de Çailendra-en de Sanjāyavança". BKI 114: 254-264.
  34. Boechari (1966). "Preliminary report on the discovery of an Old malay inscription at Sojomerto". MISI III: 241-251.
  35. Smith, A.L. (2000). Centrality: Indonesia's changing role in ASEAN Strategic Centrality: Indonesia's changing role in ASEAN, Singapore: Institute of Southeast Asian Studies.
  36. Southeast Asia Digital Library: About Malay
  37. Southeast Asia Digital Library: About Malay
  38. Smith, A.L. (2000). Centrality: Indonesia's changing role in ASEAN Strategic Centrality: Indonesia's changing role in ASEAN, Singapore: Institute of Southeast Asian Studies.

Tumbu luar[édit | sunting sumber]