Prasasti Telaga Batu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Prasasti Telaga Batu

Prasasti Telaga Batu kapanggih di daerah Sabokingking, Kel. 3 Ilir, Kec. Ilir Timur II, Kota Palembang, Sumatra Selatan, di taun 1950-an. Prasasti ieu kiwari disimpen di muséum Nasional kalawan No. D.155. Di wewengkon prasasti éta di taun-taun sateuacanna kapanggih leuwih ti 30 siki Prasasti Siddhayatra. Babarengan jeung Prasasti Telaga Batu, prasasti-prasasti éta kiwari aya di muséum Nasional, Jakarta.

Prasasti Telaga Batu dipahat dina hiji watu andesit anu geus dibentuk sakumaha hiji prasasti anu ukuran luhurna 118 cm sarta lebarna 148 cm. di bagéan luhurna aya hiasan tujuh hulu naga, jeung di bagéan tengahna aya jiga pancuran tempat ngalirkeun cai. Prasasti ieu ditulis dina aksara Pallawa kalawan ngagunakeun basa Melayu Kuno.

Transliterasi Prasasti[édit | édit sumber]

Tulisan anu dipahat di prasasti rada panjang, namung sacara gurat badag eusina ngeunaan kutukan saha waé anu ngalakukeun kajahatan di kadatuan Sriwijaya sarta teu taat ka paréntah dātu. Casparis nyawang yén jalma-jalma anu disebatkeun dina prasasti ieu mangrupa jalma anu kategorina bahaya sarta boga potensi keur ngalawan ka kadatuan Sriwijaya nepi ka perlu disumpah.[1]

Disebutkeun jalmana nyaéta mimiti putra raja (rājaputra), menteri (kumārāmātya), bupati (bhūpati), panglima (senāpati), Tokoh lokal(nāyaka), bangsawan (pratyaya), raja bawahan (hāji pratyaya), hakim (dandanayaka), Pupuhu buruh (tuhā an vatak = vuruh), Pangawas pagawé rendah (addhyāksi nījavarna), ahli sanjata (vāsīkarana), tangtara (cātabhata), pajabat pengelola (adhikarana), karyawan toko (kāyastha), pangrajin (sthāpaka), kaptén kapal (puhāvam), padagang (vaniyāga), palayan raja (marsī hāji), jeung budak raja (hulun hāji).

Prasasti ieu salah sahiji prasasti kutukan anu panglengkepna dina nyantumkeun ngaran-ngaran pajabat pamaréntahan. sababaraha sajarahwan nganggep ayana prasasti ieu, diyakinan puseur Sriwijaya éta aya di Palembang sarta pajabat-pajabat anu disumpah éta tangtuna aya di puseur dayeuh karajaan.[2] Soekmono nyawang dumasar prasasti ieu teu mungkin Sriwijaya aya di palembang ku sabab ayana katerangan anceman kutukan ka saha waé anu doraka ka kadatuan,[3] jeung ngajukeun usulan Minanga saperti dina Prasasti Kedukan Bukit anu diasumsikeun aya di Candi Muara Takus salaku puseur dayeuh Sriwijaya.[4]

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Casparis, J.G., (1956), Prasasti Indonesia II: Selected Inscriptions from the 7th to the 9th Century A.D., Dinas Purbakala Republik Indonesia, Bandung: Masa Baru.
  2. Irfan, N.K.S., (1983), Kerajaan Sriwijaya: pusat pemerintahan dan perkembangannya, Girimukti Pasaka
  3. Madjelis Ilmu Pengetahuan Indonesia, (1958), Laporan Kongres Ilmu Pengetahuan Nasional Pertama, Volume 5.
  4. Soekmono, R., (2002), Pengantar sejarah kebudayaan Indonesia 2, Kanisius, ISBN 979-413-290-X.