Karémbong
Karémbong nyaéta lawon panjang anu dipaké pikeun ngais/ngagandong budak.[1][2] Ilahar ogé dipaké piken kalengkepan tur pamantes dina kasenian ibing/tari.[3]
Pedaran
[édit | édit sumber]Karémbong téh lawon anu loba pisan guna jeung mangpaatna, bisa dipaké sapopoé saperti keur ngais budak, barang, jeung sajabana.[1] Kitu deui dina gempungan resmi jeung pintonan budaya karémbong geus jadi perlambang dina upacara nikahkeun, kakandungan, ogé upacara kalahiran jeung budaya ibing tradisional.[2]
Karémbong merenah pisan pikeun ngais budak mah panjang atawa pondokna aisan bisa disaluyukeun kalawan gampil.[4] Carana karémbong disampaykeun dina taktak, panjang kurang leuwih sabeuteung anu ngais, tuluy papanjangna dibulenkeun kana awak budak anu diais.[4] Sésana dibeulitkeun deui kana taktak anu ngais tuluy dicangreudkeun sangkan pageuh.[4] Karémbong polos atawa dina wanda batik ogé dipaké ku jalan disoléndangkeun atawa disampaykeun dina taktak pikeun maturan pakéan kabaya.[5]
Kagunaan séjén
[édit | édit sumber]Urang baduy ngagunakeun lawon karémbong anu dibeulitkeun dina cangkéngna mangrupa papaés pikeun pangantén adat.[6] Di Bali karémbong dipaké pikeun perlambang rasa hormat sarta meungkeut niat goréng dina jero diri, saméméh asup ka jero pura ku jalan dibeulitkeun dina cangkéng.[7] Karémbong dipaké ogé pikeun pamantes/papaés awéwé anu maké jilbab/tudung, diuntun diréka-réka tur maké kombinasi kelir sangkan nambah éndah.[8] Di Madura karémbong téh wajib dipaké dina gempungan resmi, upacara jeung pintonan seni sindén ogé seni ibing/tari, karémbng anu dipaké dipapaésan heula saméméhna.[9]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Kemdikbud (Pusat Bahasa) (Citakan:Citation/showdateError). "Kamus Besar Bahasa Indonesia". KBBI Online. http://kbbi.web.id/karembong. Diakses pada 2017-05-14
- ↑ a b Jonathan Rigg (1862). Buku di Google Play A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 202.
- ↑ Misno Bambang Prawiro, Abdurrahman (2016). Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. Yogyakarta: deepublish. p. 161. ISBN 978-602-401-277-9.
- ↑ a b c Wilson, D. "Pouches and Slings". Thebabywearer.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal February 4, 2009. Diakses tanggal May 9, 2009. Archived Pébruari 4, 2009, di Wayback Machine
- ↑ Hidayat, Rachmat Taufiq (2005). Peperenian urang Sunda. Yogyakarta: Kiblat Buku Utama. p. 63. ISBN 979-3631-57-0.
- ↑ Santoso, Tien (2010), Tata rias & busana pengantin seluruh Indonesia, PT Gramedia Pustaka Utama, p. 103, ISBN 978-979-22-6530-9
- ↑ "Etika Memakai Sarung dan Selendang Serta Tatakrama Masuk Pura Uluwatu di Bali". tribunnews.com. 2008-01-31. Diakses tanggal 2017-05-15.
- ↑ Ji, Zahra (2007). Tata Rias Wajah & Kreasi Ji. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. ISBN 978-979-22-7058-7.
- ↑ Bouvier, Héléne (2002). Lébur: seni musik dan pertunjukan dalam masyarakat Madura. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. ISBN 979-461-420-3.