Cau kepok
Cau kepok (Musa acuminata balbisiana cultivars (BBBc)) nyaéta cau anu asalna tina spésiés: Musa balbisiana, Genom Triploid BBB (cooking).[1] Cau kepok kaasup kana Musa paradisiaca forma typica (plantain) taya lian cau anu bisa didahar anu saméméhna kudu diasakan heula, bisa digoréng, diseupan, dikulub, dibubuy, jeung sajabana.[2]
Di sababaraha nagara cau kepok disebut ogé : Saba (Philipina) ; Pisang nipah (Malaysia) ; Kluain Hin (Thailand) ; saba (Vietnam).[1] Cau kepok aya sababaraha rupa: Kepok bodas, kepok konéng, kepok siem, jeung kepok saba.[3]
Cau kepok anu ilahar dijual di pasar aya dua rupa: cau kepok bodas jeung cau kepok konéng.[4] Cau kepok bodas cauna rada heuras jeung henteu pati seungit, kulitna leuwih kandel tibadan cau kepok konéng.[4] Saturuy cau kepok beuratna kurang leuwih 14–22 kg, dina saturuy aya 10 nepi ka 16 sikat, unggal sikatna mibanda kurang leuwih 20 cau.[4]
Hama cau kepok
[édit | édit sumber]Sababaraha panyakit anu remen nyerang kana tangkal cau kepok anu ngabalukakeun karugian ku lantaran cau henteu buahan malahan nepi ka teu hirup:
- Fusarium oxysporum (layu darah), ieu panyakit mimiti nyerang kana daun beulah luar, tuluy mapay ka jerona anu ngabalukarkeun daun jadi sumpung.[5]Ieu baktéri tuluy nerekab kana palapah daun, balukar tina ieu panyakit buah cau anu dihasilkeun di jerona harideung kawas cau buruk.[5]
- Hileud (Erionata thrax L) nyerang kana daun ngabalukarkeun daun cau kepok pating péréntél nepi ka béak tingal palapahna.[6]
- Bangbung cau (Cosmopolies sordidus Germar) nyerang kana tangkal cau, balukarna tangkal cau katémbong layu, tuluy koropok tengahna, tungtungna runtuh katebak angin.[6]
- Virus bunchy top, tangkal cau katémbong leuwih buntet, palapah daun leuwih pondok tur jegjreg, lila kaliaan daunna konéng, teu kungnsi lila tiharita tangkalna runtuh.[6]
- Bakteri Mycosphaerella musicola, nyerang kana daun ngabalukarkeun daun borontok, lila kalilaan semu hideung, antukna daun layu tur garing saacan waktuna.[6]
Mangpaat jeung kagunaan
[édit | édit sumber]Cau kepok geus ilahar dijieun rupa-rupa olahan : seupan cau, kiripik, kolek, goréng, jeung sajabana.[7] Sagigireun ti éta aya kagunaan séjén tina cau kepok :
- Cau kepok anu kolot tapi acan asak dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun tipung cau.[8]
- Cai peresan tina beuti tangkal cau kepok bisa dimangpaatkeun pikeun ubar diséntri, dipaké kekemu pikeun ngubaran amandel ogé ngubaran gangguan dina peujit (radang usus),[3]
- daunna geus pada mikawanoh dipaké pikeun nandéan, mungkus jeung mapaés rupa-rupa olahan, saperti: Bugis, pais, leupeut, congclot, jeung sajabana.[9]
- Panalungtikan anu dilakukeun cau kepok ogé bisa dimangpaatkeun pikeun nyieun inuman probiotik.[10]
-
Anak tangkal cau kepok
-
Jantung cau kepok
-
Saturuy cau kepok
-
Cau kepok asak
-
Daérah anu loba kapanggih hirup tangkal cau kepok (héjo)
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Daptar pustaka
[édit | édit sumber]- Andareto, Obi (January 2015). Apotik Herbal di Sekitar Anda: buku yang memuat jenis-jenis daun herbal. Pustaka Ilmu Semesta.
- Erwin, Lilly T. (2004). Dekorasi Lipat Daun utk Jamuan Pesta. PT Gramedia Pustaka Utama. ISBN 978-979-22-3733-7.
- Soenardi, Tuti (2002). Hidangan nikmat bergizi dari bumi Indonesia: aneka sajian mi dan olahan lain. PT Gramedia pustaka utama. ISBN 978-979-22-4932-3.
- Sunarjono, Drs. H. Hendro. (January 1990). Membuat buah tanpa biji. Niaga Swadaya.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Valmayor, R.V; S.H. Jamaluddin, B.Silayoi, S. Kusumo, L.D. Danh, O.C. Pascua, R.R.C. Espino (1994). Banana cultivar names and synonyms in Southeast Asia. Philipina: Inibap-Aspnet. ISBN 971-91751-2-5.
- ↑ Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 3. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 979-3235-73-x Check
|isbn=
value (bantuan). - ↑ a b Rukmana, MBA.,M.Sc, Ir. H. Rahmat (2001). TTG.AnekaOlahanLimbah,Tnm.Pisang. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 978-979-672-617-2.
- ↑ a b c Redaksi AgroMedia, Eric (2009). Buku Pintar: Budi Daya Tanaman Buah Unggul Indonesia. Jakarta: Agro media pustaka. ISBN 979-006-220-6.
- ↑ a b "Pisang Kepok D-15 Atasi Penyakit Layu "Darah"". [Bapeda Kota baru]. 2006-7-6. Diakses tanggal 2017-7-6. Archived 2017-07-08 di Wayback Machine
- ↑ a b c d "Pengendalian Hama dan Penyakit Terpadu Pada Pisang Kepok". SAMARINDA. 2013-1-1. Diakses tanggal 2017-6-7. Archived 2017-05-21 di Wayback Machine
- ↑ Soetono, Edy (1998). Teknologi Tepat Guna MEMBUAT KERIPIK PISANG. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 979-672-269-0.
- ↑ Santoso, Hieronymus Budi (1995). Teknologi Tepat Guna TEPUNG PISANG. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 979-497-425-0.
- ↑ Erwin, Lilly T.; - (2004), Dekorasi Lipat Daun utk Jamuan Pesta, PT Gramedia Pustaka Utama, ISBN 978-979-22-3733-7
- ↑ M. Faizul Umam, Rohula Utami, Asti Widowati (2012). "Kajian karakteristik minuman sinbiotik pisang kepok". Teknosains Pangan 1: 4-10.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |