Lompat ke isi

Diséntri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Disentri nyaéta panyakit inféksi usus anu nyababkeun diaré kalawan aya lendir jeung getih anu kaluar. Diaré téh bisa ngabalukarkeun terus-terusan ngaluarkeun kokotor anu éncér. Dumasar faktor anu ngabalukarkeunana, gangguan pencernaan dibagi dua nyaéta diséntri basilér jeung diséntri amoeba. Diséntri basilér (Shigellosis) mah disababkeun ku inféksi baktéri Shigella. Ari, diséntri amoeba mah disababkeun ku inféksi Entamoeba histolytica.[1]

Gejala[édit | édit sumber]

Gejala panyakit diséntri mah gumantung kana tingkat sumebarna baktéri. Jadi karandapanana bisa parna bisa ogé henteu. Biasana, gejala diséntri leuwih hampang karandapanana di nagara maju atawa subtropis. Lamun di nagara mekar jeung tropis mah biasana gejala anu karandapanana leuwih beurat. Gejala umumna bisa muriang, sebel jeung utah-utahan, kram beuteung, beuteung kembung, suhu awak luhur jeung diaré parna. Gejala anu disebutkeun téh bisa karandapan 1-2 poé sanggeus ayana inféksi. Sanggeus kitu, puncer panyakitna bisa nepi ka 5-7 poé. Keur barudak jeung lansia, diaré téh bisa jadi gangguan nu parna jeung butuh dirawat anu inténsif di rumah sakit. Keur jalma anu sawawa mah moal pati parna teuing karasana, ngan bisa jadi népakeun baktéri anu aya dina awakna ka batur ngaliwatan kontak langsung atawa tépa tina kokotor.[1]

Wanda[édit | édit sumber]

  • Diséntri basilér disababkeun ku baktéri Shigella, Campylobacter, E. Coli jeung Salmonella. Opat baktéri anu jadi faktor diséntri téh bisa tumerap alatan kurang beresihna ngawasuh leungeun sanggeus kabeuratan, konsumsi kadaharan jeung inuman anu geus kakontaminasi, nyekel barang atawa babagian awak anu kainféksi ku baktéri, jeung ngojay di kolam renang anu kakontaminasi baktéri jeung jarang diberesihan. Tempat anu jadi favorit lobana baktéri nyaéta di sakola, tempat nitipkeun budak, jeung tempat anu loba diliwatan jalma kalayan miboga sanitasi anu goréng.[1]
  • Diséntri amoeba, disababkeun ku Entamoeba histolytica anu kapanggih di nagara-nagara tropis. Sabada amoeba anu aya dina jero usus geus siap kaluar tina awak, tuluy ngabentuk cangkang keur nyalindungan amoeba. Ieu cangkang disebut kista. Amoeba asup kana awak manusa bisa ngaliwatan kadaharan jeung inuman anu kakontaminasi, kotoran manusa anu dipiceuk di mana waé, jeung aktifitas seksual lamun biwir jeung bujur ngalaman kontak sacara langsung.[1] Amoeba anu nyababkeun diséntri bisa kaluar tina pinding usus tuluy asup kana pembuluh getih. Lamun ieu hal kajadian, amoeba bisa ngainféksi sababaraha organ awak anu antukna bakal jadi tatu anu nyababkeun datangna panyakit anu leuwih parna. Sanggeus diséntri amoeba dianggap cageur ogé, parasitna mah masih tetep aya dina awak. Lamun imun jalmana keur turun, diséntri amoeba bisa ngainféksi iraha waé. Sanajan diagnosa ahir geus dianggap cageur.[2]

Obat[édit | édit sumber]

  • Diséntri baktéri sabenerna bisa cageur ku sorangan dina waktu saminggu sanajan teu dirumat sacara inténsif. Shigellosis anu parna bisa diubaran ku antibiotik, tapi baktéri anu nyababkeunana mindeng pisan résistan. Lamun euweuh bédana salila sababaraha sanggeus ngadahar antibiotik, biasana dokter langsung ngarobah sistem ngubaran sangkan geura cageur. Tapi sangkan leuwih éféktif bisa nginum cai hérang anu cukup keur ngungkulan leungitna cacai awak nu disababkeun ku diaré, nginum obat anu ngandung bismuth subsalisilat keur ngungkulan kram beuteung jeung diaré, keur ngurangan rasa nyeri dina sakuliah awak bisa ngagunakeun obat anu ngandung paracetamol, jeung anu penting dipahing pisan ngadahar obat anu ngandung loperamide jeung atropine-diphenoxylate (Lomotil) bisi diaré anu karandapanana leuwih parna.[2]
  • Diséntri amoeba, ngubaran ieu panyakit bakal fokus kana ngaleungitkeun amoeba anu aya dina usus, getih jeung haté. Nu kakeunaan ieu panyakit sahenteuna kudu ngadahar obat salila 10 poé sacara tuluy tumuluy. Obat anu diaké biasana metronidazole atawa tinidazole. Lamun keur diséntri amoeba tanpa gejala bisana ngagunakeun wanda obat iodoquinol atawa diloxanide furoate. Lamun teu daék cageur, pasti bakal disarankeun rawat inap di rumah sakit ku cara diinfus.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Swari, Risky Candra. "Disentri: Obat, Penyebab, Gejala, dll. • Hello Sehat". Hello Sehat (dalam id-ID). 31-01-2021. Diakses tanggal 2021-04-26. 
  2. a b c Putri, Nina Hertiwi. "Info Lengkap Penyakit Disentri, dari Gejala hingga Obat". SehatQ (dalam Indonesian). 20-07-2020. Diakses tanggal 2021-04-26.  Archived 2021-04-26 di Wayback Machine