Lompat ke isi

Amoeba

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi mikroorganisme amoeba.

Amoeba nyaéta salah sahiji wanda Protozoa anu kaasup kana golongan Rhizopoda atawa Sarkodina . Suku samar anu dipiboga ku amoeba bisa dipaké keur nyokot kadaharan.[1] Amoeba mimiti kapanggih ku August Johann Rösel von Rosenhof dina taun 1757. Mimitina para ilmuwan ngajadikeun amoeba salaku Proteus animalcule saperti dewa Yunani Proteus anu bisa ngarobah bentukna. Ngaran amibe téh meunang Bory de Saint-Vincent tina Basa Yunani amoibé (αμοιβή), anu hartina bisa robah bentuk. [2]

Wujud amoeba ditempo dina mikroskop.
  • Sél amoeba ngan aya hiji jeung biasa hirup dina lingkungan anu becék, aya unsur caian jeung dina kadaharan.
  • Eusi sél geus disalindungan ku mémbran sél jeung mémbran plasma. Gunana nyaéta keur ngatur kaluar asupna zat jeung gas, koordinasi alat gerak jeung meunangkeun rangsangan anu asalna ti lingkungan saluareun sél.
  • Amoeba bisa nganak ku cara meulah dirina kalawan teu kudu ngaliwatan tahap-tahap mitosis. Proses meulah dirina dimimitian tina beulahna inti sél jadi dua tuluy dituturkeun ku beulahna sitoplasma. Beulahna initi sél anu jero téh lila-lila bakal pegat jeung jadi dua sél anak amoeba.
  • Amoeba bisa hirup bébas jeung jadi parasit dina awak manusa atawa sasatoan. Biasana anu jadi parasit mah sok ngabalukarkeun rupa-rupa panyait anu ngabahayakeun.
  • Dina kaayaan anu nguntungkeun, amoeba bisa ngarobah dirina jadi kista. Lamun kaayaan di lingkunganana geus balik deui, kista amoeba rusak jeung bakal kaluar amoeba anu anyar keur ngamimitian deui hirupna.[1]

Panyakit

[édit | édit sumber]

Diséntri amoeba

[édit | édit sumber]

Ieu panyakit mangrupa inféksi usus anu disababkeun ku amoeba anu ngaranna Entamoeba histolityca. Ieu amoeba kacida bahayana sabab bisa nembus pinding usus jeung bisa sumebar ngaliwatan getih anu ngabalukarkeun organ awak anu séjén (jajantung, bayah, haté jeung uteuk) gé milu katépaan kasakitna. Ieu amoeba bisa kapanggih dina kadaharan atawa inuman anu geus kakontaminasi. Gejalana nyaéta mindeng kabeuratan jeung karasa nyeri malah kadang-kadang nepi ngaluarkeun getih, nyeri beuteung, kram dina palebah beuteung, kacapéan, diaré, panas tiris jeung sebel nepi ka utah-utahan.[3]

PAM téh wancahan tina Primary Amebic Meningoencephalitis nyaéta panyakit radang jeung karusakan jaringan uteuk anu disababkeun ku amoeba Naegleria fowleri. Ieu amoeba mindeng kapanggih dina cai walungan, cinyusu, cai sagara jeung taneuh. Ukuranana ukur 8-15 mikrométér. gumantung kana lingkungan jeung tahap kahirupanana. Naegleria fowleri bisa kapanggih ogé dina pangojayan anu teu kaurus jeung alat keur manaskeun cai pribadi di imah. Suhu panghadéna keur ieu amoeba hirup téh sarta bakal paéh lamun suhu lingkunganana beuki panas. Cara asup kana awak manusana ieu amoeba téh bisa ngaliwatan irung waktu keur ngasupkeun mastaka kana cai jeung nyingreup cai keur meresihan irung. Sanggeus asup terus mapay kana babagian awak anu tujulna kana otak manusa[4]

Gejala ieu panyakit bakal terus ngaronjat ti awal nepi ka ahir, malah diagnosa ogé kadang muncul sanggeus [[pasié] tilar dunya. Gejala mimiti nyaéta nyeri mastaka anu kaliwat saking, sebel, suhu awak undak jeung utah-utahan. Ieu kaayaan bakal lumangsung sanggeus lima poé kakeunaan ieu panyakit. Sanggeus kitu, lamun beuki parah pasién bakal nyeri beuheung, pikun, ngejejeng jeung sasar poho kana sagala rupa anu ahirna beuki parna tuluy koma.[5]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Ratna, Dewi. "Mengenal Amoeba, si kecil yang bisa jadi sangat berbahaya". merdeka.com. 02 April 2016. Diakses tanggal 2021-04-05. 
  2. Leidy, Joseph (1878). "Amoeba proteus". The American Naturalist 12 (4): 235–238. doi:10.1086/272082. http://links.jstor.org/sici?sici=0003-0147%28187804%2912%3A4%3C235%3AAP%3E2.0.CO%3B2-7. Diakses pada 2021/04/15. 
  3. Rahmawati, Dina. "Disentri Amoeba Bukan Sakit Perut Biasa, Kenali Gejalanya". SehatQ (dalam Indonesian). 13 Juni 2020. Diakses tanggal 2021-04-05.  Archived 2021-04-20 di Wayback Machine
  4. Patrick, Jonathan. "Mengenal Amoeba Pemakan Otak Penyebab Bocah AS 6 Tahun Tewas". teknologi (dalam id-ID). 29 September 2020. Diakses tanggal 2021-04-05. 
  5. Indarini, Nurvita. "Begini Gejala Infeksi Amoeba Pemakan Otak". detikHealth (dalam Indonesian). 28 Agustus 2015. Diakses tanggal 2021-04-05.