Lompat ke isi

Kancra

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kancra
Labeobarbus capensis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Labeobarbus

Rüppell, 1835
Kaanékaragaman
43, tingali teks.

Lauk kancra (Labeobarbus sp.) mangrupa lauk darat ti kelompok carp anggota famili Cyprinidae.[1] Kancra hirupna di susukan gedé kalawan caina beresih, bareng hirup jeung lauk séjén kayaning tawés, nilem, lauk emas, jeung sajabana.[2] Anak lauk kancra disebutna badar.[3]

Klasifikasi

[édit | édit sumber]

Kancra kaasup kana kulawarga Cyprinidae. Dina basa Indonésia sok disebut Ikan Batak atanapi Mahseer.

Budaya Sunda

[édit | édit sumber]

Di daérah Kabupatén Kuningan, kancra dianggap lauk karamat. Masarakat satempat percaya yén lauk ieu miboga silsilah jeung sajarah ti jaman Karajaan Pajajaran.


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Robert, Rachmatika (2015). A First Look at the Fish Species of the Middle Malinau: Taxonomy, Ecology, Vulnerablity and Importance. Jakarta: CIFOR.
  2. S. Yeni, Mulyani (2008). Si KabayanSeri bacaan sastra anak. Jakarta: Universitas Michigan.
  3. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. hlm. 23. ISBN 9786026475275. Disungsi25 Désémber 2024