Lompat ke isi

Nilem

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nilem
Nilem, Osteochilus vittatus,
ti Mandalamekar, Jatiwaras, Tasikmalaya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
O. vittatus
Ngaran binomial
Osteochilus vittatus
Sinonim

Rohita vittata Valenciennes, 1842[2]
Rohita hasseltii Valenciennes, 1842[3]
Rohita (Rohita) kuhli Bleeker, 1860

Nilem, nilem mangut, atawa melem (Osteochilus vittatus) nyaéta salah sahiji lauk cai anu kaasup kana kulawarga ''Cyprinidae''. Nilem téh lauk Hérbivora karesepna ngakan dangdaunna jeung lulukutan, lauk nilem kapireungeuh loba di Asia Tenggara: Tonkin, Siam (Thailand), Semenanjung Malaya, Kalimantan, Sumatra, jeung pulo Jawa[4].[5] Lauk nilem mangrupa lauk inguan anu ngahaja dipegarkeun pikeun dimangpaatkeun, utamana di daérah Jawa. Kiwari nilem téh loba dibudidayakeun ogé di Sulawesi. [5]

Pedaran

[édit | édit sumber]
Ciri mandiri lauk nilem nyaéta biwirna jeding

Nilem téh lauk anu mibanda ukuran sedeng kurang leuwih panggedéna tilu ramo atawa 260 mm. tina palebah pundukna 3-3,7 . Panjang tina huluna 4,1-4,5. Palebah sungutna melengkung, biwirna jeding jeung bisa manyangan umpama dibetot. Sisit anu aya dina huluna kurang leuwih 10-12 siki.[6]

Cécépét/susuri palebah pundukna dorsal mibanda III ramo-ramo heuras mibanda susuk kalawan 10-13 ramo-ramo anu laleuleus; Jumlah jeung wangun cécépét/susuri dina palebah dada I.13-16; palebah beuteung I.8; palebah bujurna III.5. Gurat sisi 33-34.[6]

Melak jeung mijahkeun

[édit | édit sumber]

Melak lauk nilem

[édit | édit sumber]

Lauk nilem leuwih hadé umpama dipelak di wewengkon anu mibanda kaayaan 150 nepika 1.000 méter di luhureun beungeut cai laut tur mibanda 18 nepika 28 darajat suhuna. Nilem mikaresep cai anu maju tapi henteu pati nyéot, upama ngingu dibalong bisa diakalan maké pancuran. Saméméh dipelakeun balongna kudu disaatan jeung digaringkeun kurang leuwih tilu poé tuluy diawuran apu saperluna, maksudna pikeun maéhan hama anu aya di jerobalong[7].

Mijahkeun

[édit | édit sumber]

Mijahkeun atawa ngawinkeun lauk nilem bisa di balong taneuh atawa balong/bak semén[7], dimimitian ku milih lauk pijahkeunen, indung lauk nilem anu alus keur pijahkeuneun (gonad) umurna kurang leuwih sataun nepika sataun satengah tur mibanda beurat 180 nepika 200 gram ilaharna laukna katembong gendut jeung ngojayna rada lémpoy (lalauna), kelir sisitna anu biasa pérak rada semu konéng, palebah bujurna katembong rada bareuh[7]. Lauk nilem jaluna anu geus siap dikawinkeun katempo lamu ditewak tuluy palebah beuteungna di urut lalaunan, palebah siritna bakan kaluar mamanis nyaéta kaluar cai bodas kawas susu, dedegana lingas jeung ngojayna gancang [7].

Manfaat

[édit | édit sumber]

Deungeun sangu

[édit | édit sumber]
Sisit lauk nilem

Lauk nilem téh kiwari geus ngurangan jumlahna anu aya ogé ngan saukur diingu dibarengkeun jeung ngukut lauk séjén saperti lauk : emas, nila, guramé, jeung sajabana dina sabalong, nilem ilaharna dikukut/dibudidayakan di pulo Jawa, utamana Jawa Kulon. Endog lauk nilem pang dipikaresepna ku lantaran mibanda rasa anu ngeunah.[8]

Meresihan situ

[édit | édit sumber]

Kungsi diayakeun panalungtikan ngeunaan lauk nilem anu dilaksanakeun di situ/Danau Maninjau,Sumatera , antukna meunang hiji kacindekan umpama lauk nilem anu dipelakeun bari jeung henteu diparaban, éta lauk nilem baris ngahakanan rupa-rupa ''fitoplankton'' anu aya sajeroeun cai situ, tah ku alatan éta pisan ieu lauk nilem bisa waé dipelakeun pikeun ngabantu meresihan kokotor cai situ.[9]

Lauk nilem ngahakan rupa-rupa fitoplankton anu mangrupa kulawarga tina ''Bacillariophyceae'', ''Chlorophyceae'', ''Cyanophyceae'', jeung ''Desmidiaceae''.[10]

Tatamba/terapi

[édit | édit sumber]

ti saprak dipiwanoh jeung lobana "terapi suku jeung dampalna" anu maké Garra rufa, lauk nilem mangrupa lauk anu jadi pilihan séjén ku lantaran mibanda sipat jeung paripolah kawas lauk melem, nyaéta resep ngaronyok tur ngakan kulit paeh anu aya dina suku anu ngahaja dianclomkeun ka cai i[11].

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. FishBase: Osteochilus vittatus (Valenciennes, 1842)
  2. Cuvier, G. & A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, to. XVI: 267. Paris (Levrault).
  3. Cuvier, G. & A. Valenciennes. op. cit.: 274.
  4. Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III:131-133 (sebagai Osteochilus vittatus) dan 135-136 (Osteochilus hasseltii). E.J. Brill. Leiden.
  5. a b Amri, Khairul (2018). Mengenal & Mengend. Predator Ikan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. 
  6. a b Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. op. cit. p. 131-133.
  7. a b c d Melakeun lauk nilem anu hadé Archived 2016-07-04 di Wayback Machine
  8. Subagja, J., R. Gustiano, & L. Winarlin. 2007. Pelestarian Ikan Nilem (Osteochilus hasselti C.V.) Melalui Teknologi Pembenihannya[tumbu nonaktif]. Makalah Lokakarya Nasional Pengelolaan dan Perlindungan Sumberdaya Genetik di Indonesia.
  9. Syandri, H. 2004. Penggunaan Ikan Nilem (Osteochilus haselti CV) dan Ikan Tawes (Puntius javanicus CV) Sebagai Agen Hayati Pembersih Perairan Danau Maninjau, Sumatera Barat Archived 2009-11-04 di Wayback Machine. Jurnal Natur Indonesia 6 (2): 87-90.
  10. Taofiqurohman, A., I. Nurruhwati, Z. Hasan. 2007. Studi Kebiasaan Makanan Ikan (Food Habit) Ikan Nilem (Osteochilus hasselti) di Tarogong, Kabupaten Garut. Archived 2012-02-02 di Wayback Machine Lembaga Penelitian Universitas Pajajaran.
  11. Agus H. Tjakrawidjaja. 2010. SEHAT & AMAN: “Jenis-Jenis Ikan Terapi” (pilihlah jenis ikan terbaik dan aman) Archived 2012-06-20 di Wayback Machine.
  12. {{Cite web | url =https://books.google.co.id/books?id=GnDlUJAgtsIC&pg=PA3&dq=ikan+adalah&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwi8nOz-stfhAhXPTX0KHfCiCykQ6AEIKTAA#v=onepage&q=ikan%20adalah&f=false%7Ctitle =Mengenal & Mengend. Predator Ikan|date =43572,9356500033|accessdate =43572,9356500029|work =Gramedia