Nila
Nila | |
---|---|
Lauk nila bikang ti Lumajang, Jawa Timur | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | Oreochromis niloticus
|
Ngaran binomial | |
Oreochromis niloticus |
Nila nyaéta lauk konsumsi nu ilaharna disebut lauk darat.[1] Lauk nila mangrupa hiji komoditi anu pohara populér di masarakat, salian hargana murah, rasana ngeunah ogé ajén protéinna rada luhur.[1] Lauk nila asalna ti banua Afrika sarta mimiti diwanohkeun ka Indonésia taun 1969.[1] Lauk nila sagala dihakan (omnivora) tapi leuwih condong minangka hérbivora ku sabab leuwih beukieun ngahakan fitoplankton sarta tutuwuhan cai séjénna, ku kituna lauk nila mindeng dimangpaatkeun pikeun ngadalikeun gulma cai.[1] Kalayan sababaraha kaunggulan tibatan jenis-jenis séjénna, lauk nila gampang ditarima ku masarakat sarta geus sumebar ka unggal wewengkon di Indonésia.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Mimitina lauk nila diimpor ka Indonésia sacara resmi ku Balai Penelitian Perikanan Air Tawar (kiwari jadi Balai Riset Perikanan Air Tawar) di Bogor, taun 1969 ti Taiwan.[2] Tujuan ngasupkeun lauk ieu nyaéta pikeun ngeuyeuban jenis lauk di Indonésia pikeun dibudidayakeun.[2] Lauk nila mibanda sababaraha kaunggulan nyaéta gancang tumuwuh, éfisién dina ngagunakeun parab, bisa ngamangpaatkeun sagala jenis hakaneun nu aya dina cai (balong) lantaran sipatna sagala dihakan.[2] Lauk nila masih sakulawarga jeung lauk mujaér (Tilapia mossambica) nu gampang pisan baranahan dina sagala jenis parairan.[2] Direktorat Jendral Perikanan méré ngaran Nila taun 1975 dumasar kana ngaran latinna nyaéta Oreochromis niloticus nu asalna ti Walungan Nil.[2]
Paripolah jeung baranahan
[édit | édit sumber]Nila katelah lauk nu pohara kuat kalayan parobahan lingkungan sabudeureunna.[3] Lauk nila bisa hirup di cai tawar, cai payau sarta cai asin, kadar uyah nu dipikaresep antara 0-35 per mil.[3] Lauk nila anu hirup di cai tawar bisa dipindahkeun kana cai nu asin kalayan adaptasi ku cara naékeun saeutik-saeutik kadar uyah.[3] Mun lauk nila dipindahkeun tina cai tawar kana cai nu kadar asinna pohara béda bisa ngabalukarkeun lauk setrés atawa paéh.[3]
Lauk nila nu leutik kénéh leuwih kuat kalayan parobahan lingkunagan tibatan lauk nu geus gedé.[3] Niléy pH cai pikeun lauk nila antara 6-8,5, tapi tumuwuh lauk nila nu optimal di antara pH 7-8 sarta kadar oksigén kalarut 4-7 ppm.[3] Suhu optimal 25-33 C.[3]
Ciri-ciri lauk nila jalu nyaéta:
- Kelir awak leuwih poék tibatan bikang, mun geus siap mijah bagéan tungtung cécépét kelirna beureum caang sarta jadi leuwih agrésip utamana ka lauk jalu nu séjénna.[3]
- Alat kalaminna mangrupa tonjolan (papila) ditukangeun liang bool, dina tonjolan éta aya liang pikeun ngaluarkeun mani.[3]
- Tulang rahang ngalegaan ka tukang nu méré kesan gagah.[3]
- Lamun geus siap mijah, mani nu kelir bodas bisa dikaluarkeun ku cara ngurut bagéan beuteung lauk ka arah buntut.[3]
Ciri-ciri lauk nila bikang nyaéta:
- Alat kalaminna mangrupa tonjolan ditukangeun bool, tapi dina tonjolan éta aya dua liang, liang nu di hareup pikeun ngaluarkeun endog sedengkeun nu tukang pikeun ngaluarkeun urin.[3]
- Kelir awak leuwih caang sarta usikna lalaunan.[3]
- Lamun geus siap mijah, beuteungna ngagedéan nu eusina nyaéta endog.[3]
Jenis-jenisna
[édit | édit sumber]Sarérétan lauk nila ampir sarua jeung lauk mujaér, tapi lauk nila mibanda ciri nu has nu ngabédakeun jeung nu séjénna.[3] Dumasar klasifikasi taun 1982 ngaran ilmiah lauk nila nyaéta Oreochromis niloticus, pikeun lauk nila dibagi jadi tliu genus dumasar kapadulian induk kalayan endog jeung anak-anakna.[3]
- Genus Oreochromis, induk bikang nyileungleuman endog dina sungut sarta ngasuh anak-anakna sorangan.[3]
- Genus Sarotherodon, induk jalu nu nyileungleuman endog sarta anak-anakna.[3]
- Genus Tilapia, mijah sarta nyimpen endogna di hiji tempat atawa benda sarta induk jalu jeung bikang babarengan ngajaga endog jeung anak-anakna.[3]
Lauk nila sakulawarga jeung lauk mujaér nu geus sumebar di Indonésia saprak perang dunya kadua, lauk mujaér kurang dipikaresep bididayana ku sabab gancang baranahan sahingga ngaganggu lauk lainna nu babarengan dipiara sabalong.[3] Sahingga muncul anggapan yén lauk mujaér mangrupa hama.[3] Ciri lauk nila nyaéta mibanda gurat vertikal kelirna poék dina cécépét buntut lobana genep (aya nu 7-12) gurat.[3] Gurat ieu ogé aya dina cécépét tonggong jeung cécépét bool.[3]
Kiwari di Indonésia geus aya jenis lauk nila beureum nu loba dipikaresep ku masarakat ku sabab dagingna leuwih bodas siga lauk kakap beureum.[3] Di balai Benih Ikan Janti Klatén geus ngahasilkeun jenis lauk nila campuran nu unggul kalayan dingaranan Nila Larasati.[3] Kiwari lauk nila nu hideung ogé dipikaresep masarakat (Nila Gift, Gesit, Best, Satria sarta Nirwana) lantaran rasa dagingna sarua sarta gancang tumuwuhna sahingga leuwih produktip.[3]
Kiwari geus loba jenis lauk nila di Indonésia nu asalna tina kawin silang saperti lauk nila GET (Geneticaly Enhancement of Tilapia) ti Lembaga Penelitian Perikanan.[3] Lauk Nila Jica ti Balai Budidaya Air Tawar Jambi, Nila Satria ti Purwokerto, Nila Nirwana ti Purwakarta, Nila Paiton ti Jawa Timur, Nila Larasati ti Klatén, Nila Gesit ti Balai Budidaya Air Tawar Sukabumi sarta nu anyar Nila Best ti Balai Budidaya Air Tawar Sukamandi.[3]
Kandungan nutrisi jeung mangpaat
[édit | édit sumber]Nila nyaéta lauk anu euyeub ku kandungan gizi nu diperelukeun ku awak urang, lian ti éta ogé mangpaat pikeun ngajaga kaséhatan awak urang.[4] Kalayan sababaraha cara lauk nila diolah pikeun konsumsi sapopoé, di Jepang dipikawanoh sushi kalayan bahan lauk salmon sarta tuna seger, tapi sushi nu kawentar di Indonésia nyaéta lauk nila.[4]
Kandungan Nutrisi lauk nila
- Kalori (128 kcal)[4]
- Total lemak (3 mg)[4]
- Lemak jenuh (1 mg)[4]
- Lemak teu jenuh (2 mg)[4]
- Vitamin B12 (1.86 mcg)[4]
- Kolésterol (57 mg)[4]
- Fosfor (204.00 mg)[4]
- Sélénium (54.40 mcg)[4]
- Protéin (26 mg)[4]
- Niacin (4.74 mg)[4]
- Kalium (380 mg)[4]
Mangpaaat lauk nila
- Lauk nila mibanda kandungan lemak nu handap, sahingga teu ngaronjatkeun kadar kolésterol.[4]
- Lauk nila ogé katelah mibanda kalori sarta karbohidrat handap jadi pas pikeun program diét séhat.[4]
- Kandungan oméga 6 nu aya dina lauk nila mangpaat pikeun nyingkahan dermatitis.[4]
- Kandungan fosfor nu aya dina lauk nila pohara mangpaat pikeun ngawangun tulang jeung huntu.[4]
- Sélénium nu aya dina daging lauk nila mangpaat pikeun nyingkahan kanker, kasakit jantung sarta katarak[4]
- Kandungan vitamin b 12, mangpaat pikeun ngabentuk sél getih beureum.[4]
- Ngandung potassium nu mangpaat pikeun nyingkahan ngabentukna batu ginjal sarta ngalancarkeun aliran oksigén kana otak.[4]
- Kandungan kolagén nu jumlahnna leuwih handap tibatan daging ternak, sahingga tékstur daging lauk jadi leuwih hipu sarta gampang dicerna.[4]
Nyingkahan Kanker Prostat
Lauk nila mibanda kandungan sélénium nu pohara luhur. Panalungtikan nunjukkeunn yén asupan sélénium patali jeung turunna résiko kanker prostat.[4] Sélénium katelah lantaran kamampuhna pikeun ngurangan aktivitas radikal bébas di jero awak, sahingga nurunkeun kamungkinan strés oksidatif dina sakabéh sistim organ, sarta mutasi sél-sél séhat jadi kanker.[4]
Ngajaga Kaséhatan Jantung
Asam lemak Oméga 3 bisa ngabantu ngurangan kajadian aterosklerosis, serangan jantung, sarta stroke.[4] Kalium nu aya dina lauk nila mibanda sipat ngurangan tekanan getih.[4]
Ngabantu Kaséhatan Otak
Kandungan kalium jeung oméga 3 nu aya dina lauk nila ngabantu ngaronjatkeun kakuatan otak sarta fungsi neurologis.[4] Kalium baris ngaronjatkeun oksigénasi ka otak, sarta kacida pentingna pikeun kasaimbangan cairan awak.[4]
Awét ngora
Asupan leuwih ti 20 % Sélénium unggal poé nu aya dina lauk nila, pohara hadéna pikeun ngajaga kaséhatan kulit, sarta ngeureunkeun karuksakan sél lantaran radikal bébas.[4] Hal ieu baris ngurangan karijut kulit, titik-titik hideung kokoloteun.[4]
Nambah Sistem Kakebalan Awak
Sélénium ogé boga peran penting dina régulasi kalenjar tiroid, nu tugasna ngontrol fungsi hormon.[4] fungsi kalenjar tiroid baris ngajaga kasaimbangan métabolisme, pungsi organ nu tepat, sarta réaksi kimia di sakabéh awak.[4]
Budidaya
[édit | édit sumber]Di alam bébas, lauk nila loba kapanggih di parairan cai tawar saperti walungan, situ, bendungan sarta rawa.[5] Suhu optimal pikeun tumuwuhna lauk nila antara 25-30 °C kalayan pH cai 7-8.[5]
Pikeun ngamimitian budidaya lauk nila aya sababaraha faktor penting nukudu ditengetkeun, nyaéta milih binih, nyadiakeun balong, maraban nepi ka nungkulan panyakit.[5]
Milih binih
Milih binih nyaéta faktor penting nu nangtukeun tingkat kahasilan budidaya lauk nila.[5] Pikeun hasil sangkan maksimal alusna ngagunakeun binih lauk jalu.[5] Sabab tumuwuhna lauk nila jalu 40% leuwih gancang tibatan lauk nila bikang.[5] Budidaya lauk nila sacara monosex leuwih produktip dibanding campuran.[5] Sabab lauk nila mibanda sipat gampang mijah.[5] Sahingga mun budidaya dilakukeun sacara campuran, énérgi lauk baris béak pikeun mijah sarta tumuwuh beurat awakna rada lambat.[5] Kiwari loba nu nyadiakeun bibit lauk nila monosex.[5]
Nyiapkeun balong
Budidaya lauk nila bisa ngagunakeun sababraha jenis balong, mimiti ti balong taneuh, balong semén, balong terpal, jaring ngambang nepi ka tambak cai payau.[5] Tina sababaraha jenis balong kasebut, balong taneuh paling loba digunakeun sabab cara nyieunna gampil sarta waragad konstruksina murah.[5]
Kaunggulan balong taneuh nyaéta bisa jadi tempat tumuwuh rupa-rupa tutuwuhan sarta sato nu mangpaat minangka parab alami lauk.[5] Sahingga bisa ngurangan waragad pikeun parab buatan atawa pélét.[5]
Pikeun ngamimitian budidaya lauk nila di balong taneuh, perelu léngkah-léngkah ngolah taneuh.[5] Ti mimiti moé, macul taneuh, ngapur, mupuk nepi ka nyaian.[5] Ieu léngkah-léngkahna:
- Léngkah kahiji nyata ngagaringkeun dasar balong.[5] Balong digaringkeun ku cara dipoé, ilaharna lilana 3 nepi ka 7 poé, gumantung kaayaan cuaca.[5] Minangka patokan, ngagaringkeun geus cukup mun beungeut taneuh katempo bareulah, tapi henteu nepikeun ka ngabatu.[5]
- Saterusna, beungeut taneuh dipacul jerona kurang-leuwih 10 cm. Runtah, batu leutik sarta kotoran séjénna diberesihan.[5] Beresihan ogé leutak hideung nu bau buruk, biasana sésa parab nu teu béak dihakan.[5]
- Balong nu geus dipaké biasana mibanda tingkat kaasaman luhur (pH handap), kurang ti 6.[5] Padahal kondisi pH optimal pikeun budidaya lauk nila antara 7-8.[5] Pikeun ngantralkeunna pigawé pangapuran kalayan maké dolomit atawa kapur tatanén.[5] Dosis pangapuran disaluyukeun jeung kaasaman taneuh.[5] Pikeun pH taneuh 6 lobana 500 kg/ha, pikeun pH taneuh 5-6 lobana 500–1500 kg/ha, pikeun pH taneuh 4-5 lobana 1-3 ton/ha.[5] Kapur diaduk nepi ka rata.[5] Usahakeun supaya kapur bisa asup kana beungeut taneuh jerona 10 cm.[5] Terus antepkeun lilana 2-3 poé.[5]
- Sanggeus éta pigawé mupuk.[5] Gunakeun pupuk organik minangka pupuk dasar.[5] Jenisna bisa pupuk kompos atawa pupuk kandang.[5] Mupuk organik gunana pikeun malikeun deui kasuburan taneuh.[5] Dosisna 1-2 ton per héktar.[5] Pupuk diawurkeun sing rata di dasar balong.[5] Antepkeun lilanna 1-2 minggu.[5] Sanggeus éta, mun perelu bisa ditambahan pupuk kimia mangrupa uréa 50–70 kg/ha jeung TSP 25–30 kg/ha, antepkeun 1-2 poé. Tujuan mupuk pikeun méré nutrisi pikeun sato sarta tutuwuhan renik nu aya di lingkungan balong.[5] Sahingga sato atawa tutuwuhan kasebut bisa dimangpaatkeun minangka parab alami lauk.[5]
- Léngkah saterusna, balong dikeueum ku cai.[5] Nyaian balong dipigawé sacara tatahap.[5] Mimiti, alirkeun cai ka balong jerona 10–20 cm.[5] Antepkeun lilana 3-5 poé.[5] Antepkeun sinar panon poé nembus ka dasar balong kalayan sampurna, pikeun méré kasempetan ka gaang atwa organisme cai séjénna tumuwuh.[5] Sanggeus éta eusian balong nepikeun ka ngahontal 60–75 cm.[5]
Nebarkeun binih
Balong nu geus dieusian cai jerona 60–75 cm siap pikeun dipelakan binih lauk lobana 15-30 siki/m2.[5] Kalayan asumsi, ukuran binih sagedé 10-20 gram/siki sarta baris dipanén kalayan ukuran 300 gram/siki.[5] Saancan binih dipelak, kudu ngaliwatan tahap adaptasi heula.[5] Gunana suapaya binih lauk ngarasa betah jeung kayaan balong, sahingga résiko binih paéh bisa disingkahan.[5] Carana, binih lauk diwadahan diasupkeun kana balong terus antepkeun sababara jam.[5] Terus wadahna dimiringkeun atawa buka wadah kasebut supaya bibit lauk kalaluar sorangan.[5]
Ngaropéa budidaya lauk nila
Sanggeus kabéh bérés dipigawé sarta binih geus dipelakeun kana balong, léngkah saterusna nyaéta ngaropéa lauk nepikeun ka umur panén.[5] Tilu hal nu pohara penting dina ngaropéa budidaya lauk nila nyaéta ngaropéa cai, maraban sarta nyingkahan hama panyakit.[5]
a. Ngaropéa cai
Supaya tumuwuh budidaya lauk nila maksimal, talingakeun kualitas cai balong.[5] Paraméter nu nangtukeun kualitas cai nyaéta kandungan oksigén sarta pH cai.[5] Bisa ogé nalingakeun kadar CO2, NH3 sarta H2S mun kaduga.[5] Lamu kandungan oksigén dina balong turun, tarikan sirkulasi cai kalayan ngagedéan ngocorna debit cai.[5] Lamun balaong geus loba ngandung NH3 sarta H2S nu ditaandaan kalayan bau buruk, buru-buru ganticai balong.[5] Carana kalayan miceun cai kotor ⅓ na, terus tambahan cai anyar.[5] Dina kaayaan normal, di balong nu legana 100 m² atur debit cai gedéna 1 leter/detik.
b. Maraban
Ngaropéa parab pohara sangat pentingna dina budidaya lauk nila.[5] Waragad parab nyaéta komponen waragad pangbadagna dina budidaya lauk nila.[5] Paraban lauk nila ku pelet kalayan kadar protein 20-30%.[5] Lauk nila ngabutuhkeun parab lobana 3% tina beurat awakna saban poe.[5] Maraban bisa dipigawe isuk-isuk jeung sore.[5] Satiap dua minggu sakali, cokot sampel lauk nila sacara acak terus timbang beuratna.[5] Terus saluyukeun jumlah parab nu kudu diparabkeun.[5]
Itungan dosis parab budidaya lauk nila:
- Dina hiji balong aya 1500 siki lauk nila ukuran 10-20 gram/siki.[5]
- Rata-rata beurat lauk → (10+20)/2 = 15 gram/siki.[5]
- Itungan parabna → 15 x 1500 x 3% = 675 gram = 6,75 kg per poe.[5]
- Pariksa beurat lauk satiap dua minggu pikeun nyaluyukeun jumlah parab.[5]
c. Nyingkahan hama jeung panyakit
Geus disebutkeun saancanna, lauk nila mangrupa lauk nu tahan banting.[5] Dina situasi normal, panyakit lauk nila teu pati ngahariwangkeun.[5] Tapi lamun budidaya lauk nila dilakukeun sacara inténsif sarta massal, résiko serangan panyakit kudu ditalingakeun.[5] Panyebaran panyakit lauk pohara gancang, hususna pikeun jenis panyakit inféksi nu tépa. Média tatalépa ilaharna ngaliwatan cai.[5]
Panén
Lilana mangsa nu diperelukeun pikeun budidaya lauk nila mimiti ti melak benih nepi ka panén nujul kana kabutuhan pasar.[5] Ukuran lauk nila pikeun pasar doméstik antara 300-500 gram/siki.[5] Pikeun miara lauk nila ti ukuran 10-20 gram nepi ka jadi 300-500 gram diperelukeun waktu sakitar 4-6 bulan.[5]
Mijahkeun lauk nila
Geus dicaritekeun saacanna, lauk nila poha gampang mijah sacara alami.[6] Dasar balong pamijahan lauk nila hadéna dijieun déngdék sakitar 2-5%.[6] Terus jieun buat kamalir atawa kubangan di dasar balong kasebut jerona 20-30 cm minangka lokasi-lokasi lauk mijah. Saacan lauk diasupkeun ka balong pamijahan, pigawé heula bébérés dasar balong.[6]
Mijahkeun lauk nila dilakukeun sacara massal. Indukan jalu jeung bikang diasupkeun ka balong pamijahan babarengan.[6] Kapadetan lauk dina balong pamijahan nyaéta 1 siki/m², kalayan babandingan jalu jeung bikang 1:3.[6] Mangsa prosés mijahkeun, paraban saperti di balong pamiaraan induk.[6] Mijahkeun lauk nila ilaharna baris lumangsung dina poé ka-7 saprak indukan dileupaskeun.[6] Mijah lumangsung di dasar balong, ilaharna dina kubangan atawa logak.[6] Endog nu dikaluarkeun ku induk bikang baris dibuahi ku lauk jalu.[6] Terus endog kasebut disileungleuman dina sungut induk bikang.[6]
Mangsa prosés nyileungleuman endog, induk lauk bikang biasana puasa.[6] Mangka, maraban hadéna dikurangan satengahna.[6] Hal ieu penting pikeun ngurangan waragad produksi sarta nyingkahan sésa parab buruk di dasar balong.[6] Proses nyileungleum ilaharna sakitar saminggu.[6] Endog baris megar jadi burayak.[6] Lamun induk bikang nyahoeun di balong aya parab alami, manéhna baris ngaluarkeun burayak tina sungutna.[6] Ku sabab éta, dina mangsa prosés nyiapkeun balong pohara penting pikeun mupuk dasar balong supaya pakan alami lauk tumuwuh.[6] Burayak nu anyar megar baris ngojay ka sisi balong.[6] Buru-buru sair ku ayakan lemes sarta pindahkeun ka tempat miara burayak.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e "Mengenal Ikan Nila". seputarikan.com. Diakses tanggal 2017-05-15. Archived 2017-05-09 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e "Mengenal Ikan Nila Lebih Lanjut". indoaqua.net. Diakses tanggal 2017-05-15. Archived 2017-05-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab "Mengenal Ikan Nila Lebih Lanjut". indoaqua.net. Diakses tanggal 2017-05-15. Archived 2017-05-26 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae "Segudang Manfaat Dan Kandungan Gizi Ikan Nila Bagi Kesehatan". seputarikan.com. Diakses tanggal 2017-05-15. Archived 2017-05-09 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw bx "Budidaya Ikan Nila". alamtani.com. Diakses tanggal 2017-05-15.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s "Pembenihan Ikan Nila". alamtani.com. Diakses tanggal 2017-05-16.
Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Oreochromis niloticus. |