Lompat ke isi

Mujaér

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Mujaér
Lauk mujaér (O. mossambicus)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
O. mossambicus
Ngaran binomial
Oreochromis mossambicus
(Peters, 1852)[1]
Sinonim
  • Chromis mossambicus Peters, 1852
  • Tilapia mossambica (Peters, 1852)

Mujaér (Oreochromis mossambicus) nyaéta spésiés lauk cai tawar ti kulawarga Cichlidae anu asalna tina parairan Afrika bagian kidul.[2] [3]

Di Tatar Sunda, ieu lauk téh kacida populerna margi gampang dipiara sarta miboga daya tahan anu kuat dina rupa-rupa kaayaan cai.[4]

Sajarah Nami Mujaér

[édit | édit sumber]

Nami Mujaér dicandak tina nami saurang lalaki anu namina Mbah Moedjair (lahir taun 1890 di Blitar, Jawa Wétan). Dina kaping 25 Maret 1939, anjeunna mendakan ieu lauk di basisir kidul Blitar sarta hasil ngalilindukeunana (aklimatisasi) sangkan tiasa hirup dina cai boasa di balong imahna.[5] Alatan jasana, ieu lauk diaranan mujaér ku pamaréntah dina mangsa harita. [3] Lauk mujaér gancang badagna.[3] ²

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Wangun awakna gepéng, warnana hawuk, coklat atawa hideung.[3] Panjang total awak panggedéna nyaéta 40 cm, Mujaer kaasup sato omnivor, di alamna muajer biasa ngadahar tutuwuhan cai, diatom, chlorophycéae, dinophycéae jeung crustaséa, sedengkeun anakna dahar fitoplankton jeung zooplankton.[6]

Ciri-ciri mujaér bikangna nyaéta aya 3 liang dina urogenetial nyaéta bool, liang kaluarna endog sarta liang kaluarna urin.[7] Tungtung cécépét boga warna beureum sepa, warna beuteung leuwih bodas, warna gado ogé bodas, sarta lamun beuteungna distriping henteu ngaluarkeun cairan.[7] Sedengkeun ciri-ciri mujaér jaluna nyaéta dina pakakas urogenetial ngan aya dua liang nyaéta; bool, sarta liang kaluarna spérma sakaligus liang kaluarna urin.[7] Tungtung cécépét boga warna beureum caang, warna beuteung jeung gado leuwih poék, sarta lamun beuteung distriping baris ngaluarkeun cairan.[7]

Riwayat Taksonomi

[édit | édit sumber]

Secara ilmiah, lauk ieu munggaran didéskripsikeun ku ahli biologi Jérman, **Wilhelm Peters**, dina taun 1852 dumasar kana spésimén ti Mozambik.[1] Peters munggaran méré nami Chromis mossambicus. Sateuacan asup kana genus Oreochromis, lauk ieu lila pisan dipikawanoh ku nami ilmiah Tilapia mossambica.[8]

Paripolah Unik

[édit | édit sumber]

Mujaér miboga kabiasaan unik dina ngajaga anakna, nyaéta ku cara nyileungleumkeun endog atawa anakna anu nembé meubeut kana jero sungutna (mouthbrooding).[8] Ieu paripolah dilakukeun pikeun nyalametkeun anakna tina serangan sato pamangsa anu leuwij gedé di parairan anu kabuka.

Kandungan Gizi

[édit | édit sumber]

Lauk mujaér mangrupa sumber protéin sato anu hadé tur murah. Dina unggal 100 gram dagingna, miboga kandungan gizi saperti:[9]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Peters, W.C.H. (1852). "Diagnosen von neuen Flussfischen aus Mossambique". Monatsberichte der Königlichen Preussische Akademie des Wissenschaften zu Berlin. 1852: 681. Link Web.
  2. Kottelat, M. (2013). "The fishes of the inland waters of Southeast Asia: a catalogue and core bibliography". Raffles Bulletin of Zoology. Supplement No. 27: 546. Link Web.
  3. 1 2 3 4 Mujair Archived 2011-12-15 di Wayback Machine(id)(Diakses ping 17 Oktober 2011)
  4. Whitten, T., et al. (1996). The Ecology of Java and Bali. Hong Kong: Periplus Editions. Kaca 273. ISBN 962-593-072-8.
  5. Pemerintah Kabupaten Blitar. (2026). "Sejarah Ikan Mujair". Link Web.
  6. Kordi, Ghufran. 2010. Panduan Lengkap Memelihara Ikan Air Tawar di Kolam Terpal. Yogyakarta:Lili Publisher.Hal. 17
  7. 1 2 3 4 Mujair Archived 2012-05-23 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 1 November 2011)
  8. 1 2 Froese, R. & Pauly, D. (Eds). (2026). "Oreochromis mossambicus". FishBase. Link Web.
  9. Kemenkes RI. (2026). "Data Komposisi Pangan Indonesia". Link Web.