Tawés

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Tawés
Tawés, (Barbonymus gonionotus),
ti Mandalamekar, Jatiwaras, Tasikmalaya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Cypriniformes
Kulawarga: Cyprinidae
Génus: Barbonymus
Spésiés: B. gonionotus
Ngaran binomial
Barbonymus gonionotus
(Bleeker, 1850)
Sinonim

Barbus gonionotus Bleeker, 1850[1]
Barbus javanicus Bleeker, 1855
Barbus koilometopon Bleeker, 1857
Puntius jolamarki Smith, 1934
Puntius viehoeveri Fowler, 1943

Tawés atawa turub hawu, basa latin (Barbonymus gonionotus Bleeker, 1850) nyaéta lauk tina anggota kulawarga Cyprinidae. Tawés loba diingu/dipiara pikeun dimangpaatkeun akuakultur. Anu kasohor tina olahan lauk tawés téh asin lauk tawés. Di alam bébas tawés kapanggih méh di sakuliah Indonésia utamana di pulo-pulo Sunda [2]. Kiwari geus di pijahkeun tur di piara dina jumlah anu loba sahenteuna geus lumangsung ti mimiti abad ka-19, tawés di rekahkeun introduksi ka pulo-pulo séjéna; saperti ka Sulawesi[2]. numutkeun kana cutatan ti FAO, ieu lauk di rekahkeun ogé ka luar nagara saperti ka:Filipina (1956) ka India (1972)[3].

Disababaraha tempat ngaran pikeun nyebut kana lauk tawés béda-béda saperti: lawak, lalawak dina basa malaysia; dina basa sunda katelah ogé turub hawu ; jeung tawés", badir sebutan urang Jawa[2]. Aya ogé anu nyebut lampam jawa. Dina basa Inggris, ieu lauk dingaranan Java Barb, Silver Barb, atawa Tawes.

Pedaran[édit | édit sumber]

Sisit lauk tawes bodas herang

Lauk tawés sisitna bodas ngagurilap, gedé awakna kasup sedeng, panjang tina hulu nepi ka buntut kurang leuwih 330 mm. Sisit palebah luhureun beuteung jeung pundukna aya Gurat sisi lobana 29-31 siki.[2], Kungsi katéwak tawés anu panjangna nepika 45 cm dina hiji bendungan di Thailand[4].

Sirip pundukna, tina tungtung sirip pundukna kurang leuwih 2,4-2,6 dibandingkeun jeung panjang awakna (teu kaasup buntut). Panjang huluna 4-4,3 dibandingkeun jeung panjang awakna (teu kaasup buntut). Sirip dina pundukna dimimitian sajajar jeung sisit kurang leuwih ka-10, tina tungtu sisit beuteungna, dina embun-embuna aya 11 sisit. Cucuk sirip dina pundukna mibanda IV (ramo-ramo heuras tur cucukan) sesana 8 siki (ramo-ramo leuleus); sirip palebah bujurna III.6; sirip dadana I.14-15; jeung sirip palebah beuteung I.8 (hartina 1 anu heuras 8 ramo-ramo leuleus). Cucuk teuas tur seuket aya dina palebah pundukna kalawan rérégéan dina palebah tukangna. Buntutna dikurilingan ku 16 sisik.[2]

Tawés, huluna monyong

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Di alam bébas, tawés ilaharna kapanggih di susukan ogé solokan leutik, rawa-rawa, nepika bendungan anu gedé. Tawés mikaresep cai anu tenang atawa ngalirna lalaunan. Sanajan henteu jauh lauk tawés ogé katiténan migrasi atawa pindah tempat, ilaharna tina susukan gedé pindah ka susukan leutik, kamalir, atawa kana cai naneum, utamana mangsa datang usum hujan. Tawés dina panitenan loba hirup liar di susukan Mekong, Chao Phraya, Semenanjung Malaya, Sumatera jeung Jawa.[4] Dina cara barang hakan tawés mah kagolongkeunherbivora tayalian mikaresep dangdaunan saperti Hydrilla, jeung tatangkalan liar séjéna, kitu ogé dangdaunnan anu murag ka susukan. Dalah ti kitu tawés ogé resep ngahakan invertebrata. Suhu cai anu loyog pikeun hirup tawés nyaéta 22-28 °C.[4]

Buntut lauk tawés

Manfaat[édit | édit sumber]

Lauk piaraan[édit | édit sumber]

Lauk tawés mangrupakeun lauk anu loba dipiara pikeun dimangpaatkeun, din nagara Thailand komo deui, lauk tawés téh jadi lauk anu penting pikeun dipiara sagigireun opat lauk anu séjéna.[5]. Kawas lauk nila, tawés henteu hésémiarana, tur teu perlu waragad anu gedé, kualatan ieu pisan di Bangladesh mah loba dipelak di balong-balong [6]. Taksiran mah 50.000 ton lauk tawés beunang miara geus di hasilkeun di wilayah Asia Tenggara jeung Bangladesh sajering taun 1994 [2].

Di balong pamiaraan lauk tawés arang langka gedena nepika 40 cm tur beurat ngaleuwihan 1,5 kg. Sanajan tikitu kungsi aya lauk tawés beunang nguseup anu beuratna 2,8 kg ti situ Teak Tree di Thailand, kalawan beuratna 13 kg (panjang 90 cm) di Malaysia[7].

Konsumsi[édit | édit sumber]

Tawés mangrupakeun lauk anu loba dipiara utamana pikeun dikonsumsi dina kaayaan seger atawa geus diolah ilaharna dijieun lauk asin utamana didaérah Asia Tenggara. Mangsana diolah paling dipikaresep nyaéta lauk beunang ngagoreng kusabab seungitna anu mandiri, aya ogé anu resep ngolah lauk tawés kujalan dibeuleum, dipais, jeung sajabana.

Komo di nagara Thailand mah lauk tawés mangrupakeun lauk konsumsi anu geus jadi kabiasaan/tradisi masak di Thailand, Laos, dan Kamboja. Di Laos, tawés biasa diasakan anu katelah Lap Pa[8]. Sementara di Thailand, daging tawes dimasak sebagai Pla som (ปลาส้ม, ikan asam)[9] atawa campuran olahan anu katelah Tom yam.

Ngabasmi gulma[édit | édit sumber]

Kulantaran lauk tawés sipatnya mangrupakeun hérbivora bisa waé dipelakeun pikeun ngabasmi atawa ngurangan gulma dijero cai[4]. Ieu dikuatkeun ku ayana hasil tina panalungtikan anu pernahna di situ/Danau Maninjau, Sumatera beulah kulon, yén lauk tawésjeung nilem anu ngahaja dipelakeun di dinya bari jeung henteu di awur/diparaban, ieu lauk-lauk téh ngahakan rupa-rupa fitoplankton anu aya di éta situ, tah ku alatan ieu pisan ieu lauk-lauk bisa ngahaja dipelak pikeun ngabantu méré sihan cai situ.[10]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Bleeker, P. (1849) 1850. Bijdrage tot de kennis der ichthyologische fauna van Midden- en Oost-Java, mit beschrijving van eenige nieuwe species. Verh. Bat. Gen. Kunst. Wetens. 23: 1-23.
  2. a b c d e f Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 44.
  3. Welcomme, RL. 1988. FAO Fisheries Technical Paper No 294, 318 pp.
  4. a b c d FishBase: Barbonymus gonionotus (Bleeker, 1849)
  5. "National Aquaculture Sector Overview - Thailand". Food and Agriculture Organization of the United Nations. 
  6. Women integrate fish and farming
  7. Fishing world records: Barbonymus gonionotus
  8. Lap Pa Keng (Minced Raw Fish)
  9. Pla som, or sour fish
  10. Syandri, H. 2004. Penggunaan Ikan Nilem (Osteochilus haselti CV) dan Ikan Tawes (Puntius javanicus CV) Sebagai Agen Hayati Pembersih Perairan Danau Maninjau, Sumatera Barat. Jurnal Natur Indonésia 6 (2): 87-90.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Nulis.jpg