Pamarican, Ciamis
Pamarican | |
|---|---|
![]() Peta lokasi Kacamatan Pamarican | |
| Nagara | |
| Propinsi | Jawa Barat |
| Kabupatén | Ciamis |
| Kapadetan | - jiwa/km² |
| Kode Kemendagri | 32.07.19 |
| Ramatloka | kecamatan-pamarican |
Pamarican nyaéta hiji kacamatan di Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Puseur pamaréntahan kacamatan ieu aya di Désa Pamarican.
Sajarah
[édit | édit sumber]Kacamatan Pamarican diadegkeun saprak taun 1945. Mimitina ngan ukur ngawengku 8 désa, ayeuna geus ngembang jadi 14 désa.
Géografi
[édit | édit sumber]Kacamatan Pamarican ayana di bagian tenggara Kabupatén Ciamis kalawan luas wilayah 107,76 km² dumasar data BPS taun 2023. Ketinggian wilayahna rupa-rupa ti 26 nepi ka 600 méter di luhur beungeut laut.
Iklim
[édit | édit sumber]Kacamatan Pamarican mibanda iklim tropis baseuh kalawan dua usum, nyaéta usum hujan jeung usum halodo. Suhu rata-rata sapopoé antara 22–31 °C kalawan kalembaban hawa anu cukup luhur, nyaéta 66–98%. Data iklim pangénggalna tiasa ditingali dina situs resmi BMKG.[1]
Démografi
[édit | édit sumber]Dumasar data BPS taun 2023, jumlah pangeusi Kacamatan Pamarican nyaéta 69.929 jiwa, kalawan kapadetan 648,9 jiwa/km² jeung rasio jenis kelamin 100,3. Rincian per désa:
| Désa | Laki-laki | Perempuan | Jumlah | Persentase | Kapadetan (/km²) | Rasio JK |
|---|---|---|---|---|---|---|
| Sidamulih | 1.735 | 1.780 | 3.515 | 5,03% | 299,7 | 97,5 |
| Margajaya | 2.043 | 1.980 | 4.023 | 5,75% | 282,9 | 103,2 |
| Neglasari | 3.367 | 3.496 | 6.863 | 9,81% | 613,7 | 96,3 |
| Pamarican | 2.788 | 2.876 | 5.664 | 8,11% | 841,9 | 96,9 |
| Sukahurip | 2.587 | 2.532 | 5.119 | 7,32% | 549,5 | 102,2 |
| Kertahayu | 4.175 | 4.099 | 8.274 | 11,83% | 1.030,7 | 101,9 |
| Sukajadi | 3.158 | 3.026 | 6.184 | 8,86% | 1.657,6 | 104,4 |
| Sukamukti | 2.476 | 2.471 | 4.947 | 7,08% | 2.140,3 | 100,2 |
| Sidaharja | 2.010 | 1.885 | 3.895 | 5,57% | 972,1 | 106,6 |
| Bangunsari | 3.831 | 3.855 | 7.686 | 10,99% | 894,5 | 99,4 |
| Sukajaya | 2.146 | 2.238 | 4.384 | 6,27% | 736,6 | 95,9 |
| Bantarsari | 1.223 | 1.268 | 2.491 | 3,56% | 481,8 | 96,5 |
| Pasirnagara | 1.749 | 1.721 | 3.470 | 4,97% | 585,0 | 101,6 |
| Mekarmulya | 1.721 | 1.693 | 3.414 | 4,88% | 314,5 | 101,7 |
| Jumlah | 35.009 | 34.920 | 69.929 | 100,00% | 648,9 | 100,3 |
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]Babagian administratif
[édit | édit sumber]Kacamatan Pamarican diwangun ku 14 désa. Daptar désa sareng luas wilayah dumasar data taun 2023:
| Désa | Luas (km²) | Persentase |
|---|---|---|
| Sidamulih | 11,73 | 10,89% |
| Margajaya | 14,22 | 13,20% |
| Neglasari | 11,20 | 10,39% |
| Pamarican | 6,73 | 6,25% |
| Sukahurip | 9,32 | 8,65% |
| Kertahayu | 8,02 | 7,44% |
| Sukajadi | 3,73 | 3,46% |
| Sukamukti | 2,31 | 2,14% |
| Sidaharja | 4,01 | 3,72% |
| Bangunsari | 8,59 | 7,97% |
| Sukajaya | 5,95 | 5,52% |
| Bantarsari | 5,17 | 4,80% |
| Pasirnagara | 5,93 | 5,50% |
| Mekarmulya | 10,85 | 10,07% |
| Jumlah | 107,76 | 100,00% |
Pertanian jeung Panggunaan Lahan
[édit | édit sumber]Dumasar data BPS taun 2020, luas panggunaan lahan di Kacamatan Pamarican nyaéta 13.346,32 ha, kalawan 2.916 ha sawah, 10.361,32 ha tanah kering, jeung 69 ha perairan umum.[2]
Budaya jeung Cagar Budaya
[édit | édit sumber]Di wilayah Kacamatan Pamarican aya reruntuhan candi Hindu di Kampung Kedungbangkong, Désa Sukajaya, caket walungan Ciseel. Candi ieu dipikawanoh ku masarakat satempat salaku Candi Ronggeng.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Prakiraan Cuaca Kacamatan Pamarican". BMKG. Diaksés tanggal 24 Méi 2026.[tumbu nonaktif]
- ↑ "Kecamatan Pamarican Dalam Angka 2024". Badan Pusat Statistik Kabupatén Ciamis. Diaksés tanggal 24 Méi 2026.[tumbu nonaktif]
Tumbu luar
[édit | édit sumber]Lua error in Modul:Navbar at line 58: Invalid title , {{{kota}}}.
| Artikel ngeunaan kacamatan di Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
