Kakap beureum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kakap Beureum
Laukkakap beureum Lumajang, Jawa Timur
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Lutjanus sp

Kakap beureum (Lutjanus sp.) kaasup golongan lauk nu hirupna di dasar cai, nu bisa hirup di daérah nu caina déét nepi ka laut jero.[1] Lauk kakap beureum loba dipanggihan ampir di sakuliah basisir wewengkon Indonésia jeung miboga ajén ékonomi anu luhur.[1] Kakap beureum bisa dijual dina kaayaan hirup atawa paéh.[1] Kakap beureum nu ukuranna gedé biasana mah ngawangun gorombolan nu teu pati gedé jeung biasana néangan wewengkon cai nu leuwih jero batan kakap beureum nu ukuranna leutik.[1] Lian ti éta, biasana lauk kakap beureum kaala dina jero cai nu jerona antara 40 nepi ka 50 méter, sarta tempat nu saeutik batu karangna tur salinitasna 30-33 ppt sarta suhuna antara 5 nepi ka 32˚ C.[1].

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Lauk kakap beureum mibanda ciri awak nu panjang sarta rubak, gépéng sarta lonjong, huluna nongnong.[2] Jinis kakap beureum umumna sungutna rubak jeung rada nonjol ka hareup, huntu konikel dina sihungna nyusun dina sabaris atawa dua baris jeung sadérétan huntu canin nu aya dibagéan hareup.[2] Sirip tonggong jeung sirip bujurna diwangun ku ramo-ramo nu heuras jeung nu leuleus.[2] Sirip tonggongna umumna sok aya nu nyambung dina bagian antara cucuk nu heuras jeung cucuk nu leuleus.[2] Wates bagéan buntutna rada melengkung jeung bagéan tungtungna rada mintul.[2] Wanda kakap beureum miboga sababaraha rupa, mimiti nu semu beureum, semu konéng, kulawu jeung coklat.[2] Ngabogaan garis-garis nu warnana poék, sakapeung mah sok kapanggih nu aya totol hideungan dina awakna belah luhur.[2] Umumna mah panjangna antara 25 – 50cm, sanajan aya ogé nu nepi ka 90 cm. [2]

Ngaran di unggal wewengkon[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]