Sawala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sawala panel.

Sawala nyaéta badami atawa tukeur pikiran keur nyangking pamahaman ngeunaan sabab hiji masalah nepi ka meunang bongbolonganana. Kecap sawala atawa diskusi asalna tina basa Latin discutio atanapi discusum anu hartina silih tukeur pikiran jeung dina basa Inggris (discussion) anu hartina badami. Sawala bisa dilaksanakeun ku dua jalma atawa leuwih dina waktu anu sarua. Tujuan tina diskusi nyaéta pikeun nyangking pamahaman anu jangkep jeung jéntré ngeunaan hiji informasi, opini, jeung rupa-rupa pangalaman anu geus dibagi-bagi. Diskusi ogé dipaké pikeun meunangkeun hiji kacindekkan, ungkara, atawa kaputusan akhir. Sawala umumna dibarengan ku debat antara pamilon diskusi.[1]

Tujuan[édit | édit sumber]

Panumbu catur keur nyarita dina sawala.
  • Ngabéréskeun atanapi ngajawab masalah anu aya.
  • Nambahan wawasan, élmu, sareng pamahaman hiji kanyataan anu tangtu.
  • Prakték nyarita di hareupeun balaréa jeung diajar jadi pangrungu anu hadé.
  • Ngalatih individu pikeun silih hormat kana sawangan séwang-séwangan.
  • Hiji cara keur ngaronjatkeun tradisi intelektual.
  • Ngaronjatkeun kasadaran jeung sénsitipitas kana masalah dina lingkungan sosial .
  • Nyaruakeun visi jeung misi kalawan ngagedékeun kawani dina nangtukeun kaputusan.[2]

Wanda[édit | édit sumber]

Sawala panel[édit | édit sumber]

  • Panel dipimpin ku moderator .
  • Masalah anu dibahas keur jadi sabiwir hiji di masarakat.
  • Bisa nepikeun inpormasi atawa pangaweruh keur pamirsa.
  • Bédana kamandang panelis bakal ngaronjtkeun panitén pamilon dina sawala.
  • Pamilon bakal diarahkeun kana pamikiran kritis jeung ngalatih kaparigelan nyarita.
  • Nganalisis masalah.
  • Kasuksésan sawala panel gumantung kana kamampuh ngatur panumbu catur. [3]

Simposium[édit | édit sumber]

  • Formal.
  • Masalah anu dipidangkeun patali jeung puseur implengan kaahlian masing-masing.
  • Pamilon langkung aktip ilubiung.
  • Masalah anu dibahas leuwih lega ambahanana.
  • Henteu nangtukeun kaputusan.
  • Bakal meunangkeun babandingan ngeunaan masalah.[3]

Lokakarya[édit | édit sumber]

  • Masalah dibahas kalawan nyosok jero.
  • Sawala ngaliwatan infrastruktur, réspon, démontrasi (ngalakukeun).
  • Pamilonna nyaéta miboga pagawéan atawa profési anu sarua.
  • Lokakarya diayakeun pikeun evaluasi proyék anu geus dilaksanakeun, manggihan hal anyar jeung ngabagi pangalaman.[3]

Brainstroming[édit | édit sumber]

  • Brainstorming mangrupa kagiatan sakumpulan jalma anu ngahasilkeun atawa nyiptakeun ideu anyar.
  • Bakal netepkeun informasi.
  • Bakal nangtukeun kriteria anu bener.
  • Nangtukeun ideu anu mernah.
  • Néangan bonglongan kumaha nangtukeun kaputusan anu tepat.[3]

Seminar[édit | édit sumber]

  • Pasualan anu dibahas aya dina wengkuan husus.
  • Tujuanana nyaéta pikeun matotoskeun hiji masalah.
  • Sawala ilmiah .
  • Dipungkas ku kacindekkan atawa kaputusan dina bentuk usulan, saran, resolusi atawa rekomendasi.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Nurdjan, dkk. (2016). Bahasa Indonesia untuk Perguruan Tinggi. Makassar: Aksara Timur. p. 138. ISBN 978-602-73433-6-8. 
  2. Nugraha, Jevi. "7 Tujuan Diskusi dalam Kehidupan Sehari-hari, Kenali Jenis dan Manfaatnya Semua Halaman". merdeka.com. Diakses tanggal 2021-06-26. 
  3. a b c d e Sujinah (2017-03-23). Menjadi Pembicara Terampil (dalam Indonesian). Sleman: Deepublish. p. 107. ISBN 978-602-453-245-1.