Beluk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
pintonan beluk di Bandung

Beluk nyaéta tembang Sunda wangun pupuh maké lagu buhun sorana ditarikeun sarta dikelewengkeun patembalan biasana lalaki.[1] Urang Sunda geus kasohor karukunanna lamun tatanggana aya nu orokan lilana noron 40 peuting waktuna ti bada Isa. Seni beluk dipidangkeun ku sababaraha jalma opat nepi ka salapan jalma anu dipingpin ku juru ilo minangka dalang anu macakeun sair, pada, anu aya dina naskah anu wangunna wawacan (carita anu ditulis dina wangun sajak dangding, biasana Pégon Arab Sunda sarta temana Islam.[2]

Nada anu dipaké dina seni beluk biasana nada jangkung, ku sabab kitu merlukeun kaparigelan anu tangtu.[2] Hal ieu anu nyababkeun seni beluk jarang katembong sabab euweuh penerusna.[2] Aya ogé tembang anu dihaleuangkeun nyaéta saluyu jeung anu aya dina naskah saperti asmarandana, sinom,dangdanggula, jeung kinanti.[2] Tiap pupuh miboga karakter anu husus.[2] Kasenian beluk dipagelarkeun waktu peuting dina aya acara babar, parasan, atawa sundatan atawa kawin nu tempatna di ruang hareup, atawa tepas anu ku damar jeung teplok. Maké kaén sarung sarta sila pikeun reureuh. Ari nu bogaeun hajat nyuguhna kadaharan minangka miceun hanaang.[2]

Upama nu ngadéngékeun geus mimiti tunduh, nu ngabeluk sok ngahaja méngparkeun padalisan anu ditembangkeunna sangkan salah[3]. Misalna juru ilo macakeun padalisan "aya raja ngalalana", ditembangkeun jadi "aya raja teu dicalana"[3]. Tujuanna sangkan nu ngadéngekeun téh leungit tunduhna[3].

Sumber[édit | édit sumber]

  1. R.A Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata. Bandung. Kiblat. Halaman83.
  2. a b c d e f Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman91
  3. a b c Ajip Rosidi spk.. 2000. Énsiklopédi Budaya Sunda. Bandung:PT Dunia Pustaka Jaya, The Toyota Foundation Tokyo, Yayasan Kebudayaan Rancagé
Nulis.jpg